Tampilkan postingan dengan label hahaha. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label hahaha. Tampilkan semua postingan

Jatuh Tempo



Jatuh Tempo

Nasabah kapaksa dititah ngawin debt collector, alesana gara - gara teu bisa mayar hutang. lain jatuh cinta, tapi jatuh tempo. tuluy boga budak lahir minangka jaminan. 

 

Goreng patut

Belisa balita diasuh kubapana, ditanya

+ "saha panggeulisna" ?

-   Belisa

+ " Ari Bapa kumaha " ?

-   "Goleng patut".


Teh

+ "Aya sabaraha hiji cing sebutkeun rupa - rupa teh anu dijual di warung, jeung coba tataan

     teh aya unggal di imah"?

-  "Teh Kotak, Teh Botol, Teh Gelas, Teh Sariwangi, Teh Upet.

    Lamun Teh anu unggal aya di imah ngan beda - beda ngarana nyaeta ; Teh Rita, 

    Teh  Ani Teh Dewi, Teh Rini, Teh Imas, Teh  Mimin, waaaah loba pisan moal kaitung".    

 

Dibagi Raport

Orang tua siswa/i keur dariuk dina bangku di kelas ngadagoan disebut budakna saurang - saurang ka hareup dipanggil. teuing awahing ti tatadi ku lila kesel, atawa memang epesan. hiji budak bolon ngabangingik leweh denger tarik pisan, nyuuh dina lahunan indungna nyekelan cocooan.. ngadenge aya anu ceurik titah jempe tujuanamah, guru ngarti jol langsung ngageroan nanya saha ngaran lanceukna,  atuh pating kecewis ngagereyem kolot wali siswa/i sejenna nyarita " nyaho kieumah kuring mending mawa adina sina ceurik supaya gancang balik mekel raport moal nepi ka kesel cangkeul kieu".


Kabel

+ "Kabel naon anu moal bisa katahan teu kuat kudu gancang dikaluarkeun"?

-  "Kabel lieur meureun".

+ "His lain"

- " Kabel naon atuh"?

+ "Kebelet pipis hayang kahampangan".

 

Neng Lasmini

Neng lasmini saurang mojang montod tur geulis kawanti - wanti endah kabina - bina.lamun leumpang bareurat ngagegak genjlong taneuh eundeur, sakujur awakna ginding reunceum ku perhiasan. atuda neng lasmini didieu mah ngaran gajah bikang asal lampung anu bobot badan 10 ton KG.


Sapu

+ " Sapu naon anu kumplit kabawa beresih lenang"?

- " Sapu jagat"

+ " Lain ".

-  " Naon atuh "?

+ " Sapuratina".


Kurupuk Kiripik Koropak

+ " Kadaharan tina sampeu sok dijieun"?

- "  Kiripik ".

+ " Lauk tenggiri sok dijieun bahan "?

- "  Kurupuk Ikan".

+ " Lamu  ngainbox atawa ngirimkeun pesen surat disebut"?

- "  Koropak ".

 

Sea Food

saurang budak bolon keur meujeuhna capetang celembeng sagala ditanyakeun  ka bapana

+ " Sea food naon pak "?

- "  makanan laut saperti kerang, tiram, hurang jeung sajabana

+ " lamun  tutut ge lebet kana sea food nya pak "?

- " etamah makanan sawah ".

 

Cikurubuk

Baheula sasakala pangna pasar dingaranan cikurubuk, nyaeta harita anu balanja beuteungna kukurubukan lapar, ngerebek can kararaban sangu opieun.

 

Jorang

Di jawa Barat aya Desa jeung tempat objek wisata katelah cawokah lamun disebutkeun wirang kulamas kelemes. ku ngadengena ragap samar polah, api - api teu jentre naon anu dipimaksud.

Kahiji Pasir Heunceut di daerah cipeundeuy Ciamis

Kadua Sarkanjut di Leuwi goong Garut

Katilu Kandang Haur di Indramayu 


Mobil Kiridit

Cara ngabedakeun mana mobil meunang ngiridit jeung mobil meuli kontan gampang pisan. lain ditempo mulus herang ngagenclang, tapi dina palebah pengkolan atawa ngerem. lamun mobil ngiridit mah ngejelengeng cekiiiiit ngidiiiiit. sabalikna mobil kontan mah jempling.

 

Careuh

Anu sok resep nginum kopi merk careuh, dijamin bakal lihai ngajalankeun motor tarik lumpat lir ibarat pembalap nyiap kandaraan sejen kayaning motor komo mobilmah. lantaran bisa luwak leok panon rancingeus awas.

 

Cool

Robert asli pituin Amerika, rumaja pakulitan bule cool dedegan jangkung badag. robert sosobatan jeung Ajo jauh pisan tanah ka langit. sanajan Ajo awak hideung papanasan wae ancrub ka sawah meni kuleuheu.

 

Taun Baru

Udin dina nyanghareupan malem taun baru bingung, duit teu gableg, ku kabeneran euweuh babaturan nu ngajakan nawaran ulin. udin stress mending hees weh ceuk pikirna seunggah hayang wagiru manggih isuk - isuk. teu sakara - kara, cape barang gawe ti beurang keneh. pukul 21.00 WIB geus tunduh goledag nyegrek kerek. kagareuwahkeun gandeng pepetasan pating jelegur, udin kuniang hudang jarum jam nuduhkeun 23.55 WIB tungtungna udin kapaksa panon molotot.       


 

  




Kalimah basa sunda mirip arabic saeutik


 Yap lahun = ulah nangtung wae

Yap milu =  tong cicing wae

Wadahhulu = kopeah

Watahsabunna = nitah nyeuseuh ka uwa

Malikinnasi = ngakeul

Lakunna lama = teu payu - payu

Lamma ta muddun = nanjak wae

Wauda wa'uluna = tumpak kuda nahuluna

Saestuuna = kuda hees katembong huntuna

Watini = lanceuk indung





Watata = Ketua RW 05 Cijoged

Waruki = marbot masjid jami ciburahol

Alwasim = tukang hordeng urang rancanyiruan

Aladin = lampu

Albasiah = kai

Alpuket =  bungbuahan 

Almanak  = kalender

Mustahil = mengbal dina jero laut



 Paslun =
Kuda leupas di alun - alun

Ya ayyuhannas = aya iuh aya panas

Manna bahanna = imah can anggeus

Tarok kalapa ala cai patina =  ubar hanaang

Fulkanisir = lamun ban geus dugul bolenang

Kholidina fiha = omat ulah kiih didinya

Alketif = karpet masigit

Assa'atu = balong saat

Silalatu = reungit jarambah sawah keur sore

Mana sikana = ucing sumput




paus



Paus
- kamari kuring Panggih Jeung paus 
+ Wah maenya paus Johanes Paulus tea, vatikan roma? 
- lain ieumah pa-ustadz hilman
- Aya Aya wae suganteh Saha.

Tarasi
Aceng kaasup jalma sieunan borangan geumpeur Soak lamun Panggih Jeung anu teu wawuh.
Rahmat mere saran ngarah Aceng bijil kawani kudu dahar tarasi. Ngarah kadituna tarasi_eunan.

Sebelum pulang
Guru asup ka kelas tuluy nitah Arif, muridna nyiapkeun mere aba-aba nitah mingpin du'a.
Arif = sebelum pulang marilah kita berdo'a dulu
Guru = karekge dimimitian pelajaran bet kalahka ujug ujug mantog.



Bahasa inggris gaul
Kiss Hartina cium
Pray Hartina berdoa
Kisspray = pelembut pakaian.

Bahasa inggris gaul 2.
My = saya
Baby = bayi
My baby merk minyak telon

Bahasa inggris gaul 3.
Hot Hartina panas
Spot Hartina titik
Hotspot teu boga kuota hayang internet haratis



Bahasa inggris gaul 4.
On = nyala
Line = garis
On line boro - boro dibales wa diantep teu ditingali

Bahasa inggris gaul 5.
Bapak = father 
Ibu = mother
Anak = bapak sareng ibu udar ider milarian artos dugika lieur.

Bahasa inggris gaul 6

Air = udara
Land = tanah
Air land = springbed 



Adi lanceuk

Belisa umur budak bolon umur 3 taunan leuwih,Ngarana ge budak umur sakitu can bentes can bisa ngabedakeun mana kamari Jeung pamali.
Kasampak keur Ulin Jeung lanceukna, ngarana bening.
Belisa keuheul rumasa dilonyeng ku lanceukna pok nyarita kieu
" awas bening ulah Kitu etateh kamari"
Lanceukna nyerengeh seuri anu dimaksud sabener na pamali lain kamari. 

Kakas
- RT keur ngadata warga Saha Nami?
+ Kakas
- dupi Soca ?
+ masih bengras
- padamelan ?
+ pakakas
- kunaon buuk jabrig ?
+ Teu Acan diparas
- kumaha kinten2a pa kakas saupamina teu kenging bantosan
+ Awas abdi bakal heuras ngagorowok bedas

Ekonomi 
Kang Rukman puyeng pedah token listrik babari beak disada ngik ngik ngik kudu hantem dieusian.
Antukna awahing ku bingung satengah nekad kang Rukman meuli sabun merk ekonomi.
Laju diteundeun eta sabun Dina luhureun box meteran listrik, Sangkan teu babari beak.


Konci 
Sarkowi masang konci dilakban Dina tarangna. Sakur anu ngaliwat nempokeun nyangka yen manehna keur gelo.
Tapi gening nalika Ujang nanya ka Sarkowi kunaon maneh kalakuan siga jalma kurang saeundan make jenung napelkeun konci Dina taar ?
Sarkowi ngajawab kieu " ngarah salamet Dina ngalakonan hirup kudu sadia konci ngarah bisa gampil muka pasualan "
Ujang = gogodeg Garo Garo teu ateul


Gondongeun

Bulao warna biru Dina basa Sunda, tapi memang bener jaman baheula lamun katarajang panyakit gondongeun matih cageur make bulao. Dukun Jeung dokter Taluk pasrah sumerah lamun kadatangan pasen gondongeun lantaran Ngan boga warna biru, sedengkeun biru apan teu neurak nyinglarkeun gondongeun kalahka mintul.

Deukeut Jeung murid

Saurang guru ngarana Bu Rani tuluy nunutur ka muridna anu ngarana Desi.
Kamana wae Desi cengkat indit teu weleh ngingintil. Malahan Bu Rani meped nyered diuk ngageser Desi. Rek ka WC Oge Desi, Bu guru rani mimilu.
Desi = "kunaon Ari ibu Kitu ka abdi teh"?
Bu Rani = " apan ka murid kudu deuheus".
Desi       = "ampun alim Bu ah teu sanggem"



Ojalal Goer



Ojalal Goer
indung bapana ahmad kacida fanatikna kana agama. sieun kabawa ku sakaba kaba komo jaman kiwari inggis kapangaruhan anu teu paararuguh. antukna ahmad sina ngaji di pasantren anu jarakna teu jauh ti imahna.sanajan santri kalong ngaji saukur peuting mungkul teu cicing di asrama. kangarana budak, atuh ahmad kabeneran keur mumul ngaji masih resep ulin ngulampreng abring abringan jeung babaturana nyampeurkeun reog aya lalajoaneun.
ballik ka imah ditanya ku indung babana : "geus timana  ahmad"? euh anu pa parantos ojalal goer," walon ahmad,
saliwat kecap eta siga bahasa arab padahal lamun dibalikkeun maksudna lalajo reog. "oh enya atuh" tembal bapana teu ngartieun naon cenah ojalal goer nupenting aya araban.



Tawadu
herman katelah jalma tawadu diantara babaturan mah. kalem basajan tenang tara loba ngomong.
komo lamun jajan ka warung ku babaturana sok ditratir.  lain nanaon dijajanan teh sabab herman kaasup jalma tawadu, singgetan tina tara mawa duit.



Mamanjawa
aya nu nyaho kapanjangan tina naon mamanjawa? hartina ngaran maman asal ti jawa cenah.
pituin urang sunda maman teh naha bet ditungtungan embel embel jawaan. pangna kitu dilandih mamanjawa henteu ka maman mungkul tapi ka sakur sakur jelelma anu dangdana teu maratut teu pantes mahiwal dotcom.contona make calana cutbray kahandap, baju logor gombrang tangan pondok. topi golf kacamata renang. jadi mamanjawa singgetan tina mamantes maneh jaba ngewa.

Otw
hayu urang otw keur usum istilah eta sabenerna geus lila. anu jelas dimaksud pikeun urang sunda mah nyaeta "ok tungguan we"

Atm
ku kacanggihan teknologi sagala sarwa praktis gampil babari teu kudu mamawa duit gede dina loket. riba ku babawaan bisi murag loket beurat nyakuan matak hariwang kacopetan saupamana. kari nyampeurkeun atm alias artos tina mesin golosor nyorolok muka cokot weh duitna. kade poho kartu tinggaleun atawa kateureuy kajero.



Sospol
si ujang loba anu teu dipikaresep ku sasaha ge lantaran ngomongna sompral garihal pertentang jeung waeh ngajak debat embung eleh lamun diajak ngobrol teh. si etamah si sospol alias sosorongot bari popolotot.komo lamun kadituna heuras genggerong.  



Kagorengan
pacabakan dadang jadi tukang kagorengan sapopoe. teu aneh sing saha jalma anu ngadeukeutan manehna kabawa hawa panas ngaheab, letah hayang nyapluk barang dahar. singhoreng dadang dagang gurang goreng nyieun bala bala gehu cireng jeung sajabana.    




jarum super
"manehmah kacida pisan teu ngajenan ka semah anu datang ka imah, unggal keketrok panto uluk salam. hanteum suwung euweuh sasaha. geus ayeunamah urang sebut jarum super nyaera jarang di rumah suka pergi". ngulampreng aprak aprakan teuing kamana inditna.


Uniko
udin menta duit ka kolotna, bebejanamah jang mayar kaos training olahraga skola slta manehna. anu kuduna rp, 50.000 dileleuwihan jadi rp. 60.000 lumayan sesana jang meuli kuota. udin kawilang pinter geus ngabogaan jiwa bisnis mana pibatieun sakira nguntungkeun. hade pisan bisa usaha nipu kolot. 
alias uniko.  


Vegetarian
bedana jalma anu ngagem vegetarian antara nu beunghar jeung anu sangsara, aya nu nyaho naon cik?
jawaban anu kaharti ku akal mah nyaeta, nu beunghar milih vegeratian ku sabab bosen loba duit meulian wae daging gonta ganti rek daging sapi, hayam, entog, manuk lamun perlu meuli daging oray di dahar. tuluy sadar leuwih mentingkeun kasehatan diri. ku ngeureunan pindah kana dahareun sayuran. sedengkeun jalma sangsara mah rek dahar jeung daging kumaha euweuh duit jang meulina. keun bae asal asup sangu kajeun jeung asin tunjuk ge alias uyah. 


Ppg
treeeeet neung notifikasi wa group mere nyaho peuting peuting kepala sekolah ngabewarakeun wireh salah saurang guru, minangka anak buahna ngarana Sri nyumpon syarat pikeun nyangking ppg.
" wilujeng bu Sri ppg na semangat sing suhud", kitu tulisan teks wa.
ditembalan ngalonyeng ku salah saurang guru sejenna tukang banyol poknateh kieu dina tulisan group wa " wilujeng kanggo bu Sri ppg_na atuh kanu guru sanesnamah wilujeng wengi wilujeng leleson jalaran waktosna bobo hehe ditungtungan gambar emoticon boneka nyegrek kerek. 

Tegar
ngaran aslina ujang, ngan sok dipapanjangan ku babataruna ditambahan embel embel ujang tegar. 
teu salah dilandih tegar, lantaran ujang kasebut ludeung teuneung teu eraan tara asa - asa lamun geus aya kahayang sok punta penta kasasaha boh kanu wawuh atawa karek anyar pinanggih, pangpangna udud.
ujang tegar nyaeta papanjangna singgetan teu boga kaera.


Semah
lamun urang kadatangan semah boh dulur atawa batur datang ka imah. heug kaayan tuan rumah keur rungsing rieut sirah.  riweuh leneng kana uteukns alatan teu boga duit wah ninggang piambekeun sigana. teu rek kitu kumaha kudu nyadiakeun lalawuh teh manis, roko nyuguhan.  
memang bener babasan ngaheureuykeun anu ngahartikeun semah nyaeta ngahesekeun nu boga imah.  

Hp
lamun aya nu nanyakeun singgetan tina naon cenah hp ? jawaban anu bener mah nyaeta lain hulu peda, hayam pelung etamah geus teu usum. tapi harewos patebih.



Wisuda
pikeun sabagian lulusan paguron luhur atawa mahasiswa anu rengse nyuprih nungtut elmu tinangtu reueus bungah ngemplong geus namatkeun tugasna. giliran neangan gawe jadi tugas pokok anu gancang diteangan.meunang pacabakan ulah nepi ka randapan wisuda kalahka singgetan tina wilujeng sesah damel. 










Lieur milih ngan bisa tata_lu


Tata


Udin Jeung emed katampa lulus neruskeun Ka  SMU favorit. Sakumaha anu dipikahayang di impleng laksana kacumponan.

Kari milih jurusan naon salian ti program fisika kimia bahasa asing, sosial, tata boga Jeung tata busana.

Udin geus panceg yakin mending milih jurusan  bahasa asing. Kari emed bingung lieur apal kieu mah uing rek milih jurusan tata_lu tata_beuhan nakolan bangku kabisa ngan eta mungkul sakitu.


Jual tahu


Saurang panyiar radio keur ngecebrek ngocoblak kuram kirim salam tuluy  muter lagu. Teuing pedah lapar can dahar kurang konsentrasi malaweung pikiran Jeung ucapan teu nyambung. Muter lagu malaikat juga tahu dibawakeun ku penyanyi Dewi lestari kalahka balelol pokna kieu " baiklah kita putarkan lagu berjudul malaikat jual tahu yang dinyanyikan oleh Dewi lestari".


Aswaja vs aswaga


Para wali, sufi Jeung Solihin anu luhung elmu pangaweruh beresih hate seukeut dipaparin kawijaksanaan. Dibukakeun hijab kacerdasan ku Gusti Alloh anu maha suci antukna tiasa ngadamel aliran program ahlussunah waljama'ah disingget Aswaja nu sumberna tina Alquran Jeung hadits.

Beda Jeung bangsa urang anu masih resep migawe dosa kasalahan kalawan ibadah dipaju dikeureuyeuh nyieun aliran, nyaeta ahli salah wa gagabah nyaeta aswaga.


Ceck out


Sapasang suami istri katut anakna kacaritakeun mondok di hotel mewah bintang lima. Sanggeus sababara peuting nginep, antukna sapuk mending balik deui Ka Imahna.

Salakina ngadius indit Ka patugas hotel maksud rek ceck out babayar. Paroman salakina bangun baketut haseum semu Aya kakeuheul. Ditanya ku pamajikana "Aya naon cenah papah"? Bakating ku jengkel atuh salakina asa diberean jalan mobok manggih gorowong lain kalahka nembalan ditanya ku pamajikana. Anu asalna ceck out robah jadi cekcok maklum duit ngurangan saeutik deui balas meuting di hotel.


Heula mana



Lamun Aya jalma tikerelep di wahangan sakitu  Jerona. tuluy koceak ngajerit menta Tulung katempoeun ku wartawan Naha mending gancang rikat ngajait ngojay nyampeurkeun nulungan eta jalma meungpeung masih keneh hirup Atawa keun heula antep moment Alus pihadeeun kajadian alami. Rek dipoto heula samemeh tiwas titeuleum.


Sarua ditungtungan ku on


Teu kahaja tilu jalma geus papada loma Panggih paamprok di jalan.

Jalma anu Kahiji maksud rek nyaleg anggota DPRD.

Jalma anu kadua rek ka stadion lalajo mengbal kameumeutna.

Anu hiji deui niat creambath Ka salon.

Puguh Weh di sanggeus nepi ka tempat sewang sewangan anu sarua tungtungna on.

Kieu jadina anu nyalon ngawur ngawur duit Sangkan hayang kapilih.

Anu di Jero lalajo Ka stadion belaan ngagorowok paheuras heuras genggerong.

Ari nu dijero salon cicing diuk ucang ucangan ngarasa geunah  ngadadak tunduh diuma ome buuk ku tukang cukur.


Motif


Saurang awewe tiwas korban perkosaan kasampak keur ngulahek. Baloboran getih beureum nyaclakan. Kulit beuheung ngagaralang hejo geuneuk tapak di cekek. Dumadakan rob jalma ngagimbung hayang nempo.

Polisi datang mariksa bari nyarita "kumaha ieu korban kira kira si pelaku motifna naon"?

"Euh motifna kembang" salah saurang jalma nembalan.

Singhoreng meureun korban make calana Jero motif kembang - kembang. Padahal anu dimaksud ku aparat mah tujuan Atawa motivasi naon pangna pelaku tega rajapati tur ngagadabah.


Liga

 

Liga anu paling populer rame resep ditongton ku anu mikaresep mengbal nyaeta laliga spanyol, liga ingris, liga Italia, liga super Indonesia. Tapi ketang pikeun bangsa urang mah Aya hiji deui liga anu pangsexyna gutak gitek gual geol loba anu micinta, nyaeta liga dangdut.


Sandera


Kiwari keur sabiwir hiji geunjleung kasus korupsi triliunan tambang timah ilegal. Ngalibatkeun artis rancunit nungarana Sandra Dewi.

Keur kaayan Kitu mah bener - bener disandera Dewi  ku salakina wirang ongkoh jabaning.


Jambu


Asep = "Naon bedana jambu rea Jeung rea      

               Jambu" ?

Udin = "teuing Taluk"

Asep =  "jambu rea nyaeta Ngaran kampung 

              Di daerah situ bagendit Garut.

              Lamun rea jambu dimamana tangtu

              Loba Ari keur usum leubeut jambu.


Ampir sarua disada


Guru = " coba jieun tilu kecap anu ampir akur

                Disadana tapi beda makna. Contona

                Kieu Setar tina start setir setor."

Asep = " luas Luis leos"

Udin  = " liar lieur leuir"

Jaja   = "tangkal tangkil tungkul"

Muin  = "dagang daging rugi sepi"

Guru  = "sibeungeut kaituh Muin"


 Mobil 


Hayang apal kumaha cara ngabedakeun ciri mobil weuteuh kontan Jeung mana mobil anu meunang nyicil kiridit?.

Gampil pisan ku cara ngadengekeun palebah mobil di rem. Ari mobil Alus anyar meulina kontan lamun ngerem mulus ngeunaheun sorana lemes.

Tapi lamun mobil kiridit mah cekiiiiit karasa  linu Kana ceulina.


Macet


Sajajalan lalu lintas macet mobil motor angkutan sejen ngaliud. Puguh Ka pengguna jalan Matak panasaran Aya naon pangna Kitu.

Biasana lamun keur kaayaan hujan badag pasti caah geus tangtu macet.

Atawa loba nu dagang minuhan jalan beurang geus tangtu macet, lalu lintas mendet ngeteyep.

Bisi aya nungayakeun hajatan panggung hiburan sarua Matak macet.

Ari ieu beurang nuhajat euweuh, anu daragang kosong, Komo deui teu hujan - hujan Acan bet kalahka macet Naha ?

Singhoreng Aya nu gelo Megat jalan ngamang ngamang pakarang ngaganggu pengendara motor mobil ngalantarankeun sieun reuwas antukna macet.


Angin

 

Guru     = " jieun kalimah make kecap angin

Adang  = " Alamat Kuring di jalan pasir angin"

Asep     = "panyakit angin duduk tumiba Ka 

                    Pun bapa".

Mamat  = " Persib maena angin - anginan

                  Sakapeung Alus sakapeung butut"



Angkatan

 

Santri keur uplek dibarengan sempal guyon hareureuy. 

- Santri 1 =  "lamun sare di asrama

Ngeunah tibra diserang ku 

Angkatan udara nyaeta reungit.

- Santri 2 = "Komo Kuring ngagoler karekge reup geus gegetret gagaro 

Diserang angkatan tumbila.

- Santri 3 embung eleh pokna nyarita kieu" Teu sabaraha etamah lamun 

Kuring Ka cai rek mandi beberesih

Panyiuk ngoer cai dibanjurkeun  

Kana sakujur awak jol pating 

Arutey jaram kuman cai sakompi

Angkatan Laut.


                      

 





Urangmah basa bareto mangsa panganten anyar




Lini

Sakampung gujrud pedah tadi peuting Aya lini. Puguh atuh warga soak geumpeur sieun karandapan deui teu kanyahoan.
Kareungeu lini paroman si Udin kalahka nyerengeh. Adun sobatna panasaran nanyakeun kunaon bet gumbira, Udin?
"urang mah bareto Mangsa panganten anyar kawin mineng kajadian unggal usik gempa oyag eundeur dina ranjang Jeung pamajikan" Udin ngajentrekeun.
"Bedul teh" ceuk Udin ngarasa dibobodo suganteh heueuh hanas dibandungan.

Ngosok gigi

Saurang guru nerangkeun penting pisan ngajaga huntu ngarah sehat kuat ku cara ngosok gigi sapoe 2 kali.
Celengkeung murid ngacung pokna kieu
"Abdi ngosok waos tujuh kali rajin pisan dina sadinten" 
Guru olohok teu percaya meni rajin teuing.
Tuluy nanya Ka murid "wah piraku"?
Muhun pak, ngosok waos dinten Senen salasa rebo Kemis juma'ah saptu Ahad.
Tembal murid teu euleum euleum.




Kagorengan

Naon sababna jalma anu dititah pidato sok ngadegdeg ngeleper ngomong teu lancar?
Sabab lamun geus Ka hareup apan nyahoeun apal kagorengana terus di laledek dipoyokan.

Ngobrol Jeung balita

"Naon sababna lamun bapana Atawa indungna diajakan ngobrol ngasuh nembalan budak balita hawana hoream tunduh teu purun kurang gairah"?
Gampil jawaban anu kaharti asup akal. 
Nyaeta nalika nempo budak balita kabayang lamunan basa keur nyieuna ngeunah sare.

Ngaran tempat/nagara

Sebutkeun Ngaran tempat anu ampir sarua aya boh di tatar Sunda, Jawa Atawa Nagara deungeun.
Purwakarta - purwokerto
Banjarnegara - Bojonegoro
Maroko Garut - Nagara marocco

Baik baik saja

Saurang mahasiswa keur nyanghareupan ujian mid semester di kampusna.
Keur mikir bingung sual anu unggelna 
"Bagaimana hubungan cinta dengan psikologi"?
Jawabana asal ditulis hubungan cinta dengan psikologi baik baik saja, nggak ada masalah.

Hese sare

Udin peuting harita guling gasahan teu bisa peureum. Jengkel kuniang hudang nangtung  
Jetrek mencet remote ngahurungkeun tv. 
Dina layar bray keur iklan nyanyi hit obat nyamuk "Tidur dengan lelap" bakating ku keuheul hese molor ku Udin dilelewe "tidur hese sare" bari kukulutus.

Kurupuk 

+ "Ngaran kurupuk awewe Bangor, naon"?
- Kurupuk bondon
+ "Ngaran kurupuk anu moal bisa beunghar"?
- kurupuk malarat

Bosen

+ "Kecap naon anu moal Matak bosen"?
- Sapatemon Jeung pamajikan moal bosen
+ Angger Lila Lila mah hoream najan ngeunah
- oh apal numatak teu ngabosenkeun tuluy 
   Kadituna ngeunah nyaeta duit teu beak 
   Beak.
+ Pinter silaing

Sangu poe 

Guru di kelas keur nerangkeun Ka murid SD ngeunaan Sangu anu rendah kalori kandungan gulana saeutik tur sehat.
Lain sangu anu haneut Atawa panas meunang ngalas Tina mejikom, tapi sangu poe.
Kabeh Murid baringung ngahuleng jempling malikir oh sangu anu dina mejikom ngarah Alus Kana kasehatan kudu di poe dipoyankeun direrab ku matahari.

Gurunggusuh

Jajang Panggih pasangrok teu ngahaja papaliwat Jeung pa Dedi, guruna baheula basa keur sd.
Lawas tilawas pa Dedi nanya semu atoh nempo Jajang muridna tukang banyol Bangor cengos" kamana wae karek ngelol geus bujangan ayeunamah Jajang teh, Kana naon pakasaban"? 
Jajang nyerengeh "aeh geuning pa guru dedi hehe muhun Alhamdulillah tiasa tepang tos lami, numawi abdi ge janten guru".
Pa Dedi curinghak panasaran nanya deui Ka Jajang. "Geuningan ngajar ngaguruan naon"?
Guru_nggusuh rurusuhan ningali Pa Dedi , isin masih nganggur 

Rujak

Rupa rupa rujak rea lamun ditataan mah pabalatak.
Sarupaning rujak bebek, rujak cuka, rujak cingur, rujak bayam, rujak petis, rujak gobet, rujak soto, rujak buah pindang, rujak Bulung Bali.
Ngan hiji anu teu meunang dilakonan ku bujangan Atawa parawan lengoh ngadahar rujak teh? Nyaeta rujak rojok Ka lain muhrim.

Ngapung

+ "Mapatahan ngojay Ka"?
- Meri
+ Bener
- "mapatahan naek Ka"?
+ Monyet
- bener panuju
+ "Lamun mapatahan ngapung Ka saha"?
- Teuing manusa moal aya nu bisaeun hiber
    Matak euweuh Ari lain Superman & Gatot 
    Kaca mah.

Jalan

Bi eros katelah tukang tetelepek resep nanya hayang nyaho wae Kana urusan Batur, ngan hanjakal kadituna sok ngaledek, najan teu perlu Oge keun bae minangka basa basi cenah.
Kasampak Udin di buruan imahna keur ngajentul. Di sampeurkeun ku bi eros tuluy ditanya. "Ari padamelan kana naon Udin"?
"Oh abdi kurir ekspedisi, purah nganteurkeun
Paket", ceuk Udin.
Pok deui bi eros nambahan caritaan, "lamun kitu mah kolot di jalan atuh nya"?.
Udin keuheul diomongan kitu teh nyeri hate kaduhung ditembalan. 
Bari kucem ditempas "Ah sawios bi eros sakantenan abdimah ngukur jalan" hayang nyaho sabaraha puluh kilometer panjangna".
 


Ghea
 
Keur ceuyah Kiwari lagu jiwa yang bersedih, penyanyi Ghea. Ceuk Rina Ka Indri cs na ngajak ngobrol. 
"Oh tapi kamari tatangga Kuring nyetel Laguna kunaon rehe jempling teu ngaluarkeun Sora Sora Acan?, Kalahka cicing jempe tiis baal " hehe indri seuri ngahaja nyelok mancing ngarah panasaran. Rina kerung mikir sakeudeung tuluy mesem "nudimaksud etamah gea Ngaran merk freeze, lain ghea, atuh Indri suganteh, kapanggih babari kateguh tatarucingan teh". Rina cakakak ngabarakatak.







urang sunda kudu teuneung ludeung

Haliwar wedal sunda