Ojalal Goer



Ojalal Goer
indung bapana ahmad kacida fanatikna kana agama. sieun kabawa ku sakaba kaba komo jaman kiwari inggis kapangaruhan anu teu paararuguh. antukna ahmad sina ngaji di pasantren anu jarakna teu jauh ti imahna.sanajan santri kalong ngaji saukur peuting mungkul teu cicing di asrama. kangarana budak, atuh ahmad kabeneran keur mumul ngaji masih resep ulin ngulampreng abring abringan jeung babaturana nyampeurkeun reog aya lalajoaneun.
ballik ka imah ditanya ku indung babana : "geus timana  ahmad"? euh anu pa parantos ojalal goer," walon ahmad,
saliwat kecap eta siga bahasa arab padahal lamun dibalikkeun maksudna lalajo reog. "oh enya atuh" tembal bapana teu ngartieun naon cenah ojalal goer nupenting aya araban.



Tawadu
herman katelah jalma tawadu diantara babaturan mah. kalem basajan tenang tara loba ngomong.
komo lamun jajan ka warung ku babaturana sok ditratir.  lain nanaon dijajanan teh sabab herman kaasup jalma tawadu, singgetan tina tara mawa duit.



Mamanjawa
aya nu nyaho kapanjangan tina naon mamanjawa? hartina ngaran maman asal ti jawa cenah.
pituin urang sunda maman teh naha bet ditungtungan embel embel jawaan. pangna kitu dilandih mamanjawa henteu ka maman mungkul tapi ka sakur sakur jelelma anu dangdana teu maratut teu pantes mahiwal dotcom.contona make calana cutbray kahandap, baju logor gombrang tangan pondok. topi golf kacamata renang. jadi mamanjawa singgetan tina mamantes maneh jaba ngewa.

Otw
hayu urang otw keur usum istilah eta sabenerna geus lila. anu jelas dimaksud pikeun urang sunda mah nyaeta "ok tungguan we"

Atm
ku kacanggihan teknologi sagala sarwa praktis gampil babari teu kudu mamawa duit gede dina loket. riba ku babawaan bisi murag loket beurat nyakuan matak hariwang kacopetan saupamana. kari nyampeurkeun atm alias artos tina mesin golosor nyorolok muka cokot weh duitna. kade poho kartu tinggaleun atawa kateureuy kajero.



Sospol
si ujang loba anu teu dipikaresep ku sasaha ge lantaran ngomongna sompral garihal pertentang jeung waeh ngajak debat embung eleh lamun diajak ngobrol teh. si etamah si sospol alias sosorongot bari popolotot.komo lamun kadituna heuras genggerong.  



Kagorengan
pacabakan dadang jadi tukang kagorengan sapopoe. teu aneh sing saha jalma anu ngadeukeutan manehna kabawa hawa panas ngaheab, letah hayang nyapluk barang dahar. singhoreng dadang dagang gurang goreng nyieun bala bala gehu cireng jeung sajabana.    




jarum super
"manehmah kacida pisan teu ngajenan ka semah anu datang ka imah, unggal keketrok panto uluk salam. hanteum suwung euweuh sasaha. geus ayeunamah urang sebut jarum super nyaera jarang di rumah suka pergi". ngulampreng aprak aprakan teuing kamana inditna.


Uniko
udin menta duit ka kolotna, bebejanamah jang mayar kaos training olahraga skola slta manehna. anu kuduna rp, 50.000 dileleuwihan jadi rp. 60.000 lumayan sesana jang meuli kuota. udin kawilang pinter geus ngabogaan jiwa bisnis mana pibatieun sakira nguntungkeun. hade pisan bisa usaha nipu kolot. 
alias uniko.  


Vegetarian
bedana jalma anu ngagem vegetarian antara nu beunghar jeung anu sangsara, aya nu nyaho naon cik?
jawaban anu kaharti ku akal mah nyaeta, nu beunghar milih vegeratian ku sabab bosen loba duit meulian wae daging gonta ganti rek daging sapi, hayam, entog, manuk lamun perlu meuli daging oray di dahar. tuluy sadar leuwih mentingkeun kasehatan diri. ku ngeureunan pindah kana dahareun sayuran. sedengkeun jalma sangsara mah rek dahar jeung daging kumaha euweuh duit jang meulina. keun bae asal asup sangu kajeun jeung asin tunjuk ge alias uyah. 


Ppg
treeeeet neung notifikasi wa group mere nyaho peuting peuting kepala sekolah ngabewarakeun wireh salah saurang guru, minangka anak buahna ngarana Sri nyumpon syarat pikeun nyangking ppg.
" wilujeng bu Sri ppg na semangat sing suhud", kitu tulisan teks wa.
ditembalan ngalonyeng ku salah saurang guru sejenna tukang banyol poknateh kieu dina tulisan group wa " wilujeng kanggo bu Sri ppg_na atuh kanu guru sanesnamah wilujeng wengi wilujeng leleson jalaran waktosna bobo hehe ditungtungan gambar emoticon boneka nyegrek kerek. 

Tegar
ngaran aslina ujang, ngan sok dipapanjangan ku babataruna ditambahan embel embel ujang tegar. 
teu salah dilandih tegar, lantaran ujang kasebut ludeung teuneung teu eraan tara asa - asa lamun geus aya kahayang sok punta penta kasasaha boh kanu wawuh atawa karek anyar pinanggih, pangpangna udud.
ujang tegar nyaeta papanjangna singgetan teu boga kaera.


Semah
lamun urang kadatangan semah boh dulur atawa batur datang ka imah. heug kaayan tuan rumah keur rungsing rieut sirah.  riweuh leneng kana uteukns alatan teu boga duit wah ninggang piambekeun sigana. teu rek kitu kumaha kudu nyadiakeun lalawuh teh manis, roko nyuguhan.  
memang bener babasan ngaheureuykeun anu ngahartikeun semah nyaeta ngahesekeun nu boga imah.  

Hp
lamun aya nu nanyakeun singgetan tina naon cenah hp ? jawaban anu bener mah nyaeta lain hulu peda, hayam pelung etamah geus teu usum. tapi harewos patebih.



Wisuda
pikeun sabagian lulusan paguron luhur atawa mahasiswa anu rengse nyuprih nungtut elmu tinangtu reueus bungah ngemplong geus namatkeun tugasna. giliran neangan gawe jadi tugas pokok anu gancang diteangan.meunang pacabakan ulah nepi ka randapan wisuda kalahka singgetan tina wilujeng sesah damel.