Tata
Udin Jeung emed katampa lulus neruskeun Ka SMU favorit. Sakumaha anu dipikahayang di impleng laksana kacumponan.
Kari milih jurusan naon salian ti program fisika kimia bahasa asing, sosial, tata boga Jeung tata busana.
Udin geus panceg yakin mending milih jurusan bahasa asing. Kari emed bingung lieur apal kieu mah uing rek milih jurusan tata_lu tata_beuhan nakolan bangku kabisa ngan eta mungkul sakitu.
Jual tahu
Saurang panyiar radio keur ngecebrek ngocoblak kuram kirim salam tuluy muter lagu. Teuing pedah lapar can dahar kurang konsentrasi malaweung pikiran Jeung ucapan teu nyambung. Muter lagu malaikat juga tahu dibawakeun ku penyanyi Dewi lestari kalahka balelol pokna kieu " baiklah kita putarkan lagu berjudul malaikat jual tahu yang dinyanyikan oleh Dewi lestari".
Aswaja vs aswaga
Para wali, sufi Jeung Solihin anu luhung elmu pangaweruh beresih hate seukeut dipaparin kawijaksanaan. Dibukakeun hijab kacerdasan ku Gusti Alloh anu maha suci antukna tiasa ngadamel aliran program ahlussunah waljama'ah disingget Aswaja nu sumberna tina Alquran Jeung hadits.
Beda Jeung bangsa urang anu masih resep migawe dosa kasalahan kalawan ibadah dipaju dikeureuyeuh nyieun aliran, nyaeta ahli salah wa gagabah nyaeta aswaga.
Ceck out
Sapasang suami istri katut anakna kacaritakeun mondok di hotel mewah bintang lima. Sanggeus sababara peuting nginep, antukna sapuk mending balik deui Ka Imahna.
Salakina ngadius indit Ka patugas hotel maksud rek ceck out babayar. Paroman salakina bangun baketut haseum semu Aya kakeuheul. Ditanya ku pamajikana "Aya naon cenah papah"? Bakating ku jengkel atuh salakina asa diberean jalan mobok manggih gorowong lain kalahka nembalan ditanya ku pamajikana. Anu asalna ceck out robah jadi cekcok maklum duit ngurangan saeutik deui balas meuting di hotel.
Heula mana
Lamun Aya jalma tikerelep di wahangan sakitu Jerona. tuluy koceak ngajerit menta Tulung katempoeun ku wartawan Naha mending gancang rikat ngajait ngojay nyampeurkeun nulungan eta jalma meungpeung masih keneh hirup Atawa keun heula antep moment Alus pihadeeun kajadian alami. Rek dipoto heula samemeh tiwas titeuleum.
Sarua ditungtungan ku on
Teu kahaja tilu jalma geus papada loma Panggih paamprok di jalan.
Jalma anu Kahiji maksud rek nyaleg anggota DPRD.
Jalma anu kadua rek ka stadion lalajo mengbal kameumeutna.
Anu hiji deui niat creambath Ka salon.
Puguh Weh di sanggeus nepi ka tempat sewang sewangan anu sarua tungtungna on.
Kieu jadina anu nyalon ngawur ngawur duit Sangkan hayang kapilih.
Anu di Jero lalajo Ka stadion belaan ngagorowok paheuras heuras genggerong.
Ari nu dijero salon cicing diuk ucang ucangan ngarasa geunah ngadadak tunduh diuma ome buuk ku tukang cukur.
Motif
Saurang awewe tiwas korban perkosaan kasampak keur ngulahek. Baloboran getih beureum nyaclakan. Kulit beuheung ngagaralang hejo geuneuk tapak di cekek. Dumadakan rob jalma ngagimbung hayang nempo.
Polisi datang mariksa bari nyarita "kumaha ieu korban kira kira si pelaku motifna naon"?
"Euh motifna kembang" salah saurang jalma nembalan.
Singhoreng meureun korban make calana Jero motif kembang - kembang. Padahal anu dimaksud ku aparat mah tujuan Atawa motivasi naon pangna pelaku tega rajapati tur ngagadabah.
Liga
Liga anu paling populer rame resep ditongton ku anu mikaresep mengbal nyaeta laliga spanyol, liga ingris, liga Italia, liga super Indonesia. Tapi ketang pikeun bangsa urang mah Aya hiji deui liga anu pangsexyna gutak gitek gual geol loba anu micinta, nyaeta liga dangdut.
Sandera
Kiwari keur sabiwir hiji geunjleung kasus korupsi triliunan tambang timah ilegal. Ngalibatkeun artis rancunit nungarana Sandra Dewi.
Keur kaayan Kitu mah bener - bener disandera Dewi ku salakina wirang ongkoh jabaning.
Jambu
Asep = "Naon bedana jambu rea Jeung rea
Jambu" ?
Udin = "teuing Taluk"
Asep = "jambu rea nyaeta Ngaran kampung
Di daerah situ bagendit Garut.
Lamun rea jambu dimamana tangtu
Loba Ari keur usum leubeut jambu.
Ampir sarua disada
Guru = " coba jieun tilu kecap anu ampir akur
Disadana tapi beda makna. Contona
Kieu Setar tina start setir setor."
Asep = " luas Luis leos"
Udin = " liar lieur leuir"
Jaja = "tangkal tangkil tungkul"
Muin = "dagang daging rugi sepi"
Guru = "sibeungeut kaituh Muin"
Mobil
Hayang apal kumaha cara ngabedakeun ciri mobil weuteuh kontan Jeung mana mobil anu meunang nyicil kiridit?.
Gampil pisan ku cara ngadengekeun palebah mobil di rem. Ari mobil Alus anyar meulina kontan lamun ngerem mulus ngeunaheun sorana lemes.
Tapi lamun mobil kiridit mah cekiiiiit karasa linu Kana ceulina.
Macet
Sajajalan lalu lintas macet mobil motor angkutan sejen ngaliud. Puguh Ka pengguna jalan Matak panasaran Aya naon pangna Kitu.
Biasana lamun keur kaayaan hujan badag pasti caah geus tangtu macet.
Atawa loba nu dagang minuhan jalan beurang geus tangtu macet, lalu lintas mendet ngeteyep.
Bisi aya nungayakeun hajatan panggung hiburan sarua Matak macet.
Ari ieu beurang nuhajat euweuh, anu daragang kosong, Komo deui teu hujan - hujan Acan bet kalahka macet Naha ?
Singhoreng Aya nu gelo Megat jalan ngamang ngamang pakarang ngaganggu pengendara motor mobil ngalantarankeun sieun reuwas antukna macet.
Angin
Guru = " jieun kalimah make kecap angin
Adang = " Alamat Kuring di jalan pasir angin"
Asep = "panyakit angin duduk tumiba Ka
Pun bapa".
Mamat = " Persib maena angin - anginan
Sakapeung Alus sakapeung butut"
Angkatan
Santri keur uplek dibarengan sempal guyon hareureuy.
- Santri 1 = "lamun sare di asrama
Ngeunah tibra diserang ku
Angkatan udara nyaeta reungit.
- Santri 2 = "Komo Kuring ngagoler karekge reup geus gegetret gagaro
Diserang angkatan tumbila.
- Santri 3 embung eleh pokna nyarita kieu" Teu sabaraha etamah lamun
Kuring Ka cai rek mandi beberesih
Panyiuk ngoer cai dibanjurkeun
Kana sakujur awak jol pating
Arutey jaram kuman cai sakompi
Angkatan Laut.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar