Tampilkan postingan dengan label Carita lucu. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label Carita lucu. Tampilkan semua postingan

Si Beureum kuleuheu





Kuring boga motor Honda vario warna beureum hurik belel, kaluaran taun 2014 pamere mitoha. 

Sabenerna ieu motor kungsi dipake ku Adi beuteung. Mangsa keur Diklat polwan di Sumedang. Sigana Kajongjonan teuing sibuk ngiluan loba kagiatan urusan kapolisian samemeh di istrenan anggota ASN polri.

Ku adi beuteung pangawakan awewe tea atuh, Meureun teu boga waktu atawa poho ganti oli kaliwat garing koredas.

Antukna motor Honda Vario ngadat mogok di Parakan Muncang.

Turun mesin over haul dirawat dibengkel lila.

Satutas diservis dihadean motor jagjag deui normal. Satuluyna dipasrahkeun ku mitoha karunyaeun dibikeun Ka Kuring. 

Apaleun moal kabedag meuli jeung teu boga tutumpakan paranti indit inditan lamun aya perlu.

Diwariskeun caritanamah ngarah manjang mangpaat. Ngirit ongkos jang antar jemput anak ka sakola, les ngojay atawa kerja kelompok.

Moal di engkekeun ku kuring saupamana  pamajikan menta dibaturan balanja boh acara arisan sakalian ulin kukurilingan.

Motor lir ibarat suku jabaning gancang tepi ongkoh ka tempat anu dituju teu ngahesekeun teu ngalilakeun.

Pikeun Kuring atoh nu aya. Keun bae motor urut teu jadi pasualan, asal surat suratna lengkep.

Apanan genah ngageuleuyeung maju bisa udar ider nuturkeun indung suku sakahayang sorangan. 

Starter cek gur mesin hurung disada. 

Bisi rek diselah oge lancar taya halangan.

gas langsam logor kalan kalan ngaberung ngaberetek ngajak lumpat tarik lamun teu direm tahan ku leungeun. Si beureum kuleuheu ngamuk, karek dihirupan etateh padahal ngamimitian dipake manasan ngahaneutan mesin.

Kaca spion teu jejeg ngan nu dipasang katuhu ngeluk ngulahek hungkul, spion kencana kosong polos. 

Dina pingping motor Vario Aya tulisan ngajeblag warna hideung

 "Wani berik teu wani balik" tanagana lumayan keneh wani diajak balap ngebut Jeung motor liana. 

Kotak spedo meter geus teu pati herang, plastikna ngagurat rengat. 

Stang motor heuras beurat ka gigir

Karasa tapak neunggar. 

Lampu body hareup peupeus ka tojos paantel ngabadug kana tembok. Baut baut pamageuh body ngacleng caroplokan sawareh, ngan masih napel rapet.

Panutup knalpot diudar dilaan, lantaran beulah ruksak. Jok pangdiukan saroeh urut dicakar ku ucing. Katempo tiluar nolol busa koneng pucunghul. Standar nangtung ge ampir - ampiran teu ajeg sababaraha kali diomean.

Lampu sen katut lampu utama lampu bujur nyebrot caang nyokot tina struman aki masih kuat keneh kawilang lumayan alus. 

Velg motor ngahaja setelan racing. Dipasangna hareup tukang warna hideung Meles. Puteran roda ban depan kereng kurang ngagilinding mulus, ku sabab garpu segitiga kudu dibenerkeun deui. 

Ban luar anu hareup reujeung tukang bolenang ipis herang dugul, balukar na lamun make motor karasa rarampeolan siga gutak gitek napak aspal.

Tampolana ngaganti ban Jero hambur mindeng pisan, kocapkeun kempes kurang angin geus matuh.

Babarian bitu matak palaur lamun ngajalankeun keur hujan di jalan leueur dina tanjakan Atawa pudunan.

Kudu ati ati bisi tisoledat selip labuh.





                             *******


Kasang tukang sakitu panjang lebarna. 

Pinuh ku rupa- rupa kajadian anu karandapan kana kondisi fisikna dibejer beaskeun.

Kaayan motor Keur mah heubeul warna belel beureum semu kuleuheu, ku kabeneran  Kuring embung mumul ngumbah ngaberesihan deuih. 

mingkin luntur ngadagleg kotor, mingkin Sugema nyaliara.

Sakur sakur nu nempo ngareret kana motor kuring ukur ngabalieur, tara daek nempo lila.

Acuh hoream teu purun Kuring ge teuing meni kedul kacida lamun diomongan ku pamajikan Komo mitoha gegelendeng pokna " A heg Mandian atuh ngarah herang caang apan ngeunah hegar sumanget ditumpakana motor teh". 

Kuring mah sugan aya rasa era gengsi pedah mamawa motor kasebut kotor ge, biasa acuh keun bae teu milu rungsing. 

Hiji mangsa keur macet di satengahing lalampahan ngarandeg motor eureun sakeudeung laun pasarandog di jalan umum Jeung motor sejen anu aralus serab kinclong Oge, Kuring mah teu weleh percaya diri teu ngarasa minder tonggoy numpakkan si beureum kuleuheu.

Tara ieuh didenge omongan batur, pating cikikik papelong pelong ngabanding bandingkeun motor manehna Jeung motor kuring. 

Ngeusi bengsin di SPBU ngadodorong si beureum kuleuheu, tegep yakin panon ngawaskeun nungtun ngantay sanajan Honda Vario Kuring geus lawas.

Ceuli lempeng api api jongjon teu kadenge sora nanaon. Sabenerna bisa kaitung ramo motor dikumbah diberesihan, arang taun kali cohagna. Disimbeuh disemprot ku cai sabun dikosokkan make canebo, karasa wegah kitu peta kalakuanteh asa pangmahalna.

Hoream euweuh waktu, tempat pangumbahana heurin becek, cape balik gawe, sagala dijajadikeun alesan tameng saupamana motor dikumbah ge angger belok kakotoran keneh keneh.

Narajang bareng pamajikan dibonceng Kana motor, 

Ngaharewos mah puguh hoream numpakana cenah ngerakeun motor meni poek. 

Daripada Kuring Mugen ngagugu males. "keunbae dipangmayarkeun cuci steam sok atuh geura bawa kaituh"  tempas pamajikan keuheul.

Barina lebar duit atuh jang kuring mah orokaya kalahka seuri koneng kandel kulit beungeut, motor teu dikumbah lain perkara pidana pon kitu deui lain kajahatan anu teu ngarugikeun sasaha. 

Satungtung mangprung tarik bebas ngajalankeun taya halangan harungan. 

Teu ditewak razia lantaran mawa motor rujit ceuk paibasana, kanikmatan nu taya papadana.

Anggapan yen motor lamun tara diurus kunu bogana, eunteung cermin kaasup jalma teu apik jabrah jorok teu ngajaga kaendahan seni. moal mawa rudet pusing Kana pikiran Kuring barinage.

Daek dikumbah soteh ngke teuing iraha bulan sapar? Saparengna ngandelkeun purun lila teu cageur.

kalakuan tuman adat kakurung ku iga hese liat disingkahan, keuna ku panyakit kronis ngedul embung hoream dikumahakeun. 

Karesep ngantep motor kotor lodro 

kakebulan tara dielap.

Eunteup napel pageuh di diri kuring sabodo teuing.

Cuek teu paduli numpak motor si beureum kuleuheu hurik katelah si kukut kamamana, sanajan loba nungaromong jorok geuleuh euweuh kadaek ngumbah ngarah ngagenclang, saestuna

Ukur lamunan disawang ngalangkang. 

Motor motor kuring ditumpakan ku Kuring biur tarik ngagerung. dikumbah kumbah ku batur hehe sugan pangumbahkeun asal haratis, rido panuju nyiar nyiar piatoheun.





Warung nasi hudang beurang sahayuna



Kajadiana bareto jaman kuliah di Jogjakarta. Sakumaha biasa Kuring saparakanca lamun lapar ngeusian beuteung Atawa jajan nginum kopi, sok wagiru Ka warung nasi nu geus maneuh. 

Ngan nyakitu jadwal praktek warung nasi teh hese ditebak, kalan kalan beurang. 

Lamun kawenehan Papan papan ngalumbuk geus ngentep ngaberes ngajalajar juru tembok. Tuluy bijil pangeusi anu dijero warung. Cirining wenang Langsung arasup paboro boro ngalengkah rek tuluy mareuli sangu ngadon dahar didinya.

Keur purun langsung muka isuk keneh kaayaan moncorong Panon poe.

Atuh misalna keur mumul hoream muka maju Ka sore, keun Bae kajeun nurek kadinya ngadaragoan Lila.

Kaceluk kakapeungan muka tutupna teu bisa ditangtukeun selang seling. Teu weleh Jul jol daratang ngadon dahar anu Ka warung nasi teh. Sabab kajojo ngeunah tur murah.

Sanajan Ngampleng belang betong buka tutup piligenti. Kungsi hiji mangsa sabulan campleng muka. Satuluyna tutup Lila pere sabulan. Siganateh kumaha karep nubogana Weh.

Jarak antara kost-an Ka warung nasi, teu Pati jauh Ngan kahalangan ku wangunan dalapan suhunan.

Laleumpang ngabring opatan. 

Kuring , Wawan , Rusman Jeung Udin.

Sakadang kadut karasa kukurubukan. 

Awak ngeleper meh salatri, leuleus ngeleper.

Maksakeun laju neang balangsiar pikejoeun.

Wawan, nuturkeun ti tukang.

Semu ngagedig rusuh ampir rek nyiap nyusul miheulaan.

"Rek kamana kang?" Meni gancang siga rek lumpat wae, apan heureut jabaning jalan gang pungkal Pengkol. Kuring nanya.

"Eh nyaeta ulah Lila teuing leumpang teh ngajugjug Ka warung nasi ngarah tereh nepi kanyahoan muka henteuna". 

Tembal manehna.

Heueuh memang sabenerna Kuring ge hayang wagiru dahar teu kuat lapar. Leungeun ngusapan ngarampa beuteung.

"ke dagoan atuh wan, ulah hariwang teu manggih sangu saboboko pinuh, moal beakeun tenang loba ieuh. Rusman nanya ngaheroan Wawan Sangkan kalem.

"Eh uingmah ngabejaan kudu gancang entong hararese ngarah kanyahoan, Naha panto warung teh geus melenge? ". Wawan keukeuh.

warung nasi anu dijugjug sangkaan Kuring, Rusman Jeung Udin 

Wayah kieu caang isuk keneh mula geus pasti muka.

Ngan Wawan hungkul anu angger cangcaya.

Warung nasi  anu nyadiakeun sangu Jeung deungeuna teh meujeuhna kumplit. 

Lalawuh rasa cocok Jeung selera. Keurmah murah, ngalas nyokot ku sorangan sapiring mentung Jeung deungeun naon wae ge harga sakitu tetep diitung Rp. 15.000. 

Pas pisan nurutkeun pesak mahasiswa pantaran kuring sabaturmah.

Sabangsaning sayur kangkung, ati, lauk gurame, daging hayam, semur Endog, semur jengkol, pais impun, sayur tahu, Peuteuy sambel asin kurupuk tenggiri. Ditambah Mustopa, genjer, eceng gondok.

Eta pisan nukabayang kacipta disawang keur dilamun ku Kuring Jeung Cs anu opatan. 

Lir ibarat piring gelas sendok ngagupay ngahiap ngageroan gorowok sajeroning sajajalan leumpang teh.

Ngeunah pedo ngalimed. Huntu Nyapek ngegel ngasaan menu masakan.

Satuluyna gusi letah luhur Jeung handap paadu pabalap balap babarengan silih ngabageakeun hakaneun asup Kana Jero biwir. Diolah dilelemu diheungheum belaan peupeureudeuyan ngararasakeun kanikmat dahar. Eureuleu teurab seubeuh. Bakating ku ngeunah teu kawadahan irung bijil caian ngucur, sambel dipurulukan peuteuy.

Barang datang katempat anu dituju warung nasi tea. Kaayaan Jempling rehe euweuh katempo saurang urang Acan nujaga na ge, suwung teuing keur kamarana. 

Warna bodas nyacas katempo ebreh anyar meunang ngacet. 

Diluar lase paranti lalawuh deungeuna molongpong dituruban keneh kulambu hejo. 

Nu Aya mah Kuring katut opatan Malik keuheul. Huntu kekerot nahan amarah. Neureuy ciduh awahing jengkel. 

Hanas belaan diteang kalahka nutup keneh.

Nyamos teu dibahanan. Ngan saukur disampakkkeun Imah kosong , warung nasi teuing kunaon embung nembongan ngabageakeun. Diuget uget disurungkeun pageuh gening dikonci keneh.

Celengkeung Wawan seuri cakakak bari nyarita " geus Weh urang ngaranan dilandih warung nasi hudang beurang".

buka sahayuna sadaekna sakasampeurna ".

Pokonamah daek lamun purun muka, lamun henteumah dagoan teuing iraha." 

Kaburu ngalenggerek kapiuhan teu paduli pingsan antep beuteung mah teu kararaban Oge.

Si Udin anu titadi keneh jempe rehe ngadadak mairan " ceuk aing Oge naon, hahaha kadongdora nyaho kieu mending langsung Ka warung sejen, daharteh. Semu mupuas mapanas Kuring, Wawan, Jeung Rusman.



urang sunda kudu teuneung ludeung

Haliwar wedal sunda