Lini
Sakampung gujrud pedah tadi peuting Aya lini. Puguh atuh warga soak geumpeur sieun karandapan deui teu kanyahoan.
Kareungeu lini paroman si Udin kalahka nyerengeh. Adun sobatna panasaran nanyakeun kunaon bet gumbira, Udin?
"urang mah bareto Mangsa panganten anyar kawin mineng kajadian unggal usik gempa oyag eundeur dina ranjang Jeung pamajikan" Udin ngajentrekeun.
"Bedul teh" ceuk Udin ngarasa dibobodo suganteh heueuh hanas dibandungan.
Ngosok gigi
Saurang guru nerangkeun penting pisan ngajaga huntu ngarah sehat kuat ku cara ngosok gigi sapoe 2 kali.
Celengkeung murid ngacung pokna kieu
"Abdi ngosok waos tujuh kali rajin pisan dina sadinten"
Guru olohok teu percaya meni rajin teuing.
Tuluy nanya Ka murid "wah piraku"?
Muhun pak, ngosok waos dinten Senen salasa rebo Kemis juma'ah saptu Ahad.
Tembal murid teu euleum euleum.
Kagorengan
Naon sababna jalma anu dititah pidato sok ngadegdeg ngeleper ngomong teu lancar?
Sabab lamun geus Ka hareup apan nyahoeun apal kagorengana terus di laledek dipoyokan.
Ngobrol Jeung balita
"Naon sababna lamun bapana Atawa indungna diajakan ngobrol ngasuh nembalan budak balita hawana hoream tunduh teu purun kurang gairah"?
Gampil jawaban anu kaharti asup akal.
Nyaeta nalika nempo budak balita kabayang lamunan basa keur nyieuna ngeunah sare.
Ngaran tempat/nagara
Sebutkeun Ngaran tempat anu ampir sarua aya boh di tatar Sunda, Jawa Atawa Nagara deungeun.
Purwakarta - purwokerto
Banjarnegara - Bojonegoro
Maroko Garut - Nagara marocco
Baik baik saja
Saurang mahasiswa keur nyanghareupan ujian mid semester di kampusna.
Keur mikir bingung sual anu unggelna
"Bagaimana hubungan cinta dengan psikologi"?
Jawabana asal ditulis hubungan cinta dengan psikologi baik baik saja, nggak ada masalah.
Hese sare
Udin peuting harita guling gasahan teu bisa peureum. Jengkel kuniang hudang nangtung
Jetrek mencet remote ngahurungkeun tv.
Dina layar bray keur iklan nyanyi hit obat nyamuk "Tidur dengan lelap" bakating ku keuheul hese molor ku Udin dilelewe "tidur hese sare" bari kukulutus.
Kurupuk
+ "Ngaran kurupuk awewe Bangor, naon"?
- Kurupuk bondon
+ "Ngaran kurupuk anu moal bisa beunghar"?
- kurupuk malarat
Bosen
+ "Kecap naon anu moal Matak bosen"?
- Sapatemon Jeung pamajikan moal bosen
+ Angger Lila Lila mah hoream najan ngeunah
- oh apal numatak teu ngabosenkeun tuluy
Kadituna ngeunah nyaeta duit teu beak
Beak.
+ Pinter silaing
Sangu poe
Guru di kelas keur nerangkeun Ka murid SD ngeunaan Sangu anu rendah kalori kandungan gulana saeutik tur sehat.
Lain sangu anu haneut Atawa panas meunang ngalas Tina mejikom, tapi sangu poe.
Kabeh Murid baringung ngahuleng jempling malikir oh sangu anu dina mejikom ngarah Alus Kana kasehatan kudu di poe dipoyankeun direrab ku matahari.
Gurunggusuh
Jajang Panggih pasangrok teu ngahaja papaliwat Jeung pa Dedi, guruna baheula basa keur sd.
Lawas tilawas pa Dedi nanya semu atoh nempo Jajang muridna tukang banyol Bangor cengos" kamana wae karek ngelol geus bujangan ayeunamah Jajang teh, Kana naon pakasaban"?
Jajang nyerengeh "aeh geuning pa guru dedi hehe muhun Alhamdulillah tiasa tepang tos lami, numawi abdi ge janten guru".
Pa Dedi curinghak panasaran nanya deui Ka Jajang. "Geuningan ngajar ngaguruan naon"?
Guru_nggusuh rurusuhan ningali Pa Dedi , isin masih nganggur
Rujak
Rupa rupa rujak rea lamun ditataan mah pabalatak.
Sarupaning rujak bebek, rujak cuka, rujak cingur, rujak bayam, rujak petis, rujak gobet, rujak soto, rujak buah pindang, rujak Bulung Bali.
Ngan hiji anu teu meunang dilakonan ku bujangan Atawa parawan lengoh ngadahar rujak teh? Nyaeta rujak rojok Ka lain muhrim.
Ngapung
+ "Mapatahan ngojay Ka"?
- Meri
+ Bener
- "mapatahan naek Ka"?
+ Monyet
- bener panuju
+ "Lamun mapatahan ngapung Ka saha"?
- Teuing manusa moal aya nu bisaeun hiber
Matak euweuh Ari lain Superman & Gatot
Kaca mah.
Jalan
Bi eros katelah tukang tetelepek resep nanya hayang nyaho wae Kana urusan Batur, ngan hanjakal kadituna sok ngaledek, najan teu perlu Oge keun bae minangka basa basi cenah.
Kasampak Udin di buruan imahna keur ngajentul. Di sampeurkeun ku bi eros tuluy ditanya. "Ari padamelan kana naon Udin"?
"Oh abdi kurir ekspedisi, purah nganteurkeun
Paket", ceuk Udin.
Pok deui bi eros nambahan caritaan, "lamun kitu mah kolot di jalan atuh nya"?.
Udin keuheul diomongan kitu teh nyeri hate kaduhung ditembalan.
Bari kucem ditempas "Ah sawios bi eros sakantenan abdimah ngukur jalan" hayang nyaho sabaraha puluh kilometer panjangna".
Ghea
Keur ceuyah Kiwari lagu jiwa yang bersedih, penyanyi Ghea. Ceuk Rina Ka Indri cs na ngajak ngobrol.
"Oh tapi kamari tatangga Kuring nyetel Laguna kunaon rehe jempling teu ngaluarkeun Sora Sora Acan?, Kalahka cicing jempe tiis baal " hehe indri seuri ngahaja nyelok mancing ngarah panasaran. Rina kerung mikir sakeudeung tuluy mesem "nudimaksud etamah gea Ngaran merk freeze, lain ghea, atuh Indri suganteh, kapanggih babari kateguh tatarucingan teh". Rina cakakak ngabarakatak.
Komentar
Posting Komentar