Tampilkan postingan dengan label artikel. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label artikel. Tampilkan semua postingan

Arisan kulawarga minangka pameungkeut sillaturrahmi patepung lawung jeung papada dulur baraya





   Ilaharna masyarakat Indonesia kangaranan arisan tangtu geus teu bireuk. Teu menak teu cacah ninggang jalma jegud Atawa golongan biasa sosial ekonomina, tangtu miluan sahenteuna kungsi ngalaman arisan.

Arisan nyaeta tali pameungkeut sangkan guyub sauyunan ngahiji, kucara nginjeum duit giliran itung-itung nabung ngumpulkeun teu karasa. 

Arisan cindekna bakal meunang milik bagilir ka kabeh anggotana ngan teu tartib ngentep nomer urut, maksudna dicekclok diacak.

Mayarana nungtut nyicilan ngke dimana ngariung deui.

Dana dikoordinir dikumpulkeun sabaraha duit nu kudu disetor, sakumaha sapuk antara panitia Jeung anggota nu miluanana. 

Sabaraha jelema anu ngagabung, sabaraha nomer sanggupna, misalna bisi rek tilu nomer sakalian.

Tempat lumangsung arisan biasana ditangtukeun ku anu meunang otomatis nyadiakeun Imah, saung, cafe Atawa tempat sejena sakumaha kamampuhanana.

Anu pangeunahna dina arisan taya lian panicia kauntungan sakitu persen, boga jatah ti nu meunang minimal cenah admin asup kana pesakna.

Palebah aya anggota nu can mayar atawa teu bogaeun duit, wayahna panicia kudu nalangan pangmayarkeun. 

Tah sarua gening katempuhan buntut maung. Ulah hayang amisna wungkul. 

Dina arisan mah tibalik nu pangpandeurina meunang, eta alus pisan lain nupangheulana.

Atuda ladang duit hasil meunang arisan teh dipake mayaran tuluy tuluyan hantem murudul nepi Ka lekasan, kaburu beak manten.

Sedengkeun anu pangpandeurina kari nampa moal kudu mayar lantaran arisan parat.

Panicia arisan nyatet daftar ngaran ditulis dina keretas, make gunting dipotongan leutik. 

Tuluy digelang ku dua leungeun ngarah buleud panjang diemple emple ipis.

Diasupkeun Kana gelas talian ku karet, dituruban ku lamak Atawa plastik anu luhurna bolong. Gelas eusi daftar ngaran teh dikoclok digeol geol ditonggengkeun dikaluarkeun hiji hiji. Saha wae nu terakhir kaluar kertas eta nu meunang.

Waktu arisan lumangsung Aya anu sabulan sakali. Dua bulan sakali. Saminggu sakali, dua Minggu sakali Jeung saterusna.


Arisan kulawargi


       

     Salah sahiji arisan anu kalintang penting pikeun ngaraketkeun duduluran babarayaan saturunan panca kaki, taya Lian arisan kulawarga.  

Anu kaasup didieu nyaeta Aki, Nini, indung, bapa, emang, uwa, dahuan, Adi beuteung, budak emang disebut kapiadi, budak uwa disebut kapilanceuk, lanceuk, Adi, teteh ,Ayi Kahandapna incu. 

Lamun Dina istilah Sunda dulur sabrayna, dulur teges, masih keneh getih saturunan incu ti pihak eyang aki nini, deukeut silsilah kulawargana.


Sababaraha alesan teu bisa patepung


   Ku kasibukan padetna jadwal katungkulkeun ku pacabakan ditambah deuih ngurus budak. Anggang jarak padumukan diantara papada dulur, beda kota beda provinsi, ngalantarankeun atah anjang awis tepang.

Aya nu nganjrek masih sabudeureun deukeut jeung dulur na sa kompleks atawa teu jauh ka imah indung bapa Atawa ka aki nini.

Pangna kitu alesan nu kaharti, matak hese hayang Panggih ngariung. Rajeun paamprok taun kali, arang pisan. Ari lain lebaran idul Fitri halal bihalal. 

Bisa soteh guk gok jeung dulur dumeh maksakeun silaturahmi dina acara ondangan hajatan kawinan, nyunatan atuh kadituna nungkulan ta'ziyah, papait tilar dunya.


   Salah sahiji cara paling matih efektif bisa ngariung Jeung kulawarga nyaeta ku jalan arisan.

Disagedengeun ngumpul bareng patepung lawung silaturahmi, Aya arep arepeun kabahanan duit. Sarerea pada mafhum Saha nu teu hejo kabita. Sakumaha hoream cape anggang boh jauh ngahadiran arisan, ari ku duitmah serah bongkokan maksakeun indit dijugjug diteang.

Sawareh pikeun anu teu bisa datang halangan teu hadir, cukup transfer ATM Kana nomer rekening Bank anu geus di tangtukeun.

Sanajan ajen nilai duit arisan teu sabaraha. Beak ku ongkos teu saimbang jeung beubeunangan, tapi lumayan ku duit sakitumah kaubaran teu panasaran. 

Nu leuwih penting nyaeta bisa ngariung paamprok jongok silaturahmi Jeung papada dulur Baraya. 

Kadituna silih wanohkeun ngenalkeun nuduh nuduhkeun emang teh numana, saha  ka anakna. Ieu teh uwa bapa ngarana anu, linggih di daerah ditu, Tah awewe ieu budakna, Pagaweana anak uwa nyaeta alo di dinas kebudayaan umpamana. 

Kulawarga anu saturunan silsilah rundayan nyahoeun, moal pareumeun obor. 

Generasi leungit musnah ilang jalaran teu puguh jujutan lebeng taya laratanana.

Ulah nepika teu jelas teu nyaho taya nu ngabejaan numana tempatna saha teu apal apal acan katalian dulur sabondoroyot, sabab penting pisan ngajaga citra martabat turunan nyambung lalakon ka anak incu nu bakal datang.


Yang penting bahagia




    Kecap asal bahagia. Babasan nu penting Bagja cenah. Kiwari geus jadi kacapangan sempal guyon lamun Dina riungan kumpulan boh Dina kahirupan sapopoe, Atawa obrolan di Dunya maya.
Bagja Atawa kabagjaan pikeun sawareh manusa anu kumelendang di alam dunya,
Justru mangrupakeun cita - cita hirupna.
Maranehna boga anggapan yen nungarana Bagja ku jalan miboga harta Banda.
Turunan rendey kayaning anak incu
kulawargana lengkep. 
Geus teu kaitung Kandaraan mobil motor ngabarak patulayah di garasi.
Ditambah deui kebon tanah lain bukur teu kacatur dimamana. Sawah manghektar - hektar.
Loba pisan sawatara jalma tarekah,
Muter uteuk lamunan kumaha carana Sangkan tujuan akhir Aya Dina kabagjaan.
Ukuran Wates Atawa patokan nungaran bagja kasenangan teh sabenerna relatif teu mutlak.

Pikeun jalma nu resep nguseup, atoh soteh bungah hate nalika clom giriwil meunang lauk.
Jeujeur eupan kurunyud ngageter. 
Reuwas ngarenjag pagaliwota nu diimpleng nyanggut. Bungah Bagja seuri ngabarakatak.
Tangtuna Patani Bagja gumbira Taya papadana lamun nempo pare nyedek dibuat sakeudeung deui. Ladang hese cape papanasan bebelokan ancrub guyang leutak kaubaran. Mangkaning pare koneng aman teu diganggu ku hama wereng, bebas euweuh beurit ngagalaksak.
Pon Kitu deui, Guru meunang kabagjaan nalika murid anu salila mangtaun - taun diatikna. 
Ku pinuh rasa tanggung jawab. Ku kasabaran mere elmu pangaweruh di bangku sakola.
Katempo buahna kapetik hasil nepika junun. Guru reueus yen muridna jadi jalma sukses.
Naon atuh anu disebut Bagja Atawa kabagjaan teh? kumaha di Saha Jeung 
ngahontal kabagjaan ku cara Jeung naon 
Ciri - ciri jalma anu Bagja ?

Definisi bahagia 

Kata bahagia menurut KBBI, ba-ha-gia adalah keadaan atau perasaan senang dan perasaan tenteram yang di mana dalam kondisi bebas dari segala hal yang menyusahkan hidup kita.28 Mar 2022
Menurutnya kebahagiaan adalah penilaian individu terhadap kehidupannya melibatkan kepuasan hidup. Terdapat pula afek positif dan negatif. Kehidupan sosial. Orang yang sangat bahagia adalah orang yang memiliki kehidupan sosial yang baik dan sering melakukan sosialisasi.10 Feb 2021.

Nu dimaksud Bagja saenyana cicingna jiwa akal hate kalayan tingtrim marahmay bear budi. Sugema euweuh bangbaluh karungsing ku pasualan hirup, numatak ripuh. 
Tara mawa sipat kukulutus loba energi positif. 
Aura wijaksana katempo Dina nyanghareupan naon wae masalah. 
Miceunan jauh energi negatif tanpa paksaan.
Estuning Karasa Hampang jembar pinuh ku kanikmatan. Senang bungah tanpa syarat euweuh paksaan. 
Tumaninah akal pikiran hate
Jalma Bagja teu weleh sehat secara sosial masyarakat. 


Ciri - ciri orang bahagia

Dicutat Tina portal fimela.com
Aya 8 tanda jalma anu meunang kabagjaan hirup.

1. Rasa syukur 
Tumarima Kana kaayaan anu Tumiba Kana dirina. Leuwih mentingkeun rasa syukur naon rupa anu geus dipibanda anu kahontal, daripada rieut puyeng mikiran target anu hese Banga tinekanan.

2. Ucapan terima kasih 
Jalma Bagja ngajenan mere poin ku jalan nganuhunkeun teu poho Kana jasa cukang lantaran Batur. sanajan leutik meh teu karasa.
Ku cara mere kodeu isyarat. Boh Keprok ngarangkul sasalaman Atawa ku basa ku carita nangkeup awakna Jeung sajabana.

3.Hidup untuk Saat Ini
Bisa ngaleupaskeun mangsa Ka tukang heubeul nugeus lawas. Moment waktu Kiwari kudu dingeunah-ngeunah kalayan pinuh ku kabungah kumaha wae carana.
Teu kajiret bingung pusing mikiran kumaha masa depan pikahareupeun bakal karandapan nu bakal kasorang. 

4. Berbaik hati
Jalma bagja nyaeta jalma anu sok malire paduli, hurmat, resep nulung Kanu butuh nalang Kanu susah. Maranehna Tara ogo teu olo- olo timburu sirik pidik jail kaniaya, Komo deui jauh pisan kasebut sulit ati belang Bayah kecemburuan dumeh Batur hirup senang loba harta Banda.

5. Memiliki selera humor yang tinggi
Jalma Bagja biasana tukang banyol heureuy pikaseurieun. Rengkak paripolah omongan sikepna teu weleh lucu. Batur kataji kabandang sabab manehna boga bahan obrolan dibarengan akey akeyan helok Aya wae hiji hal ngandung humor.

6. Percaya diri
Realistis apa adanya. Saaya Aya Kana kamampuhan sorangan yakin bisa ngungkulan pasualan hirup sakumaha hese Oge moal nyusahkeun Komo deui nepika ngariweuhkeun Batur.

7. Bisa beradaptasi
Ngaluyukeun menyesuaikan diri Jeung lingkungan.
Pindah cai pindah tampian (artinya: bahasa Sunda: ngaluyukeun diri kana adat jeung kabiasaan di tempat anyar;
Natangga hirup campur gaul pagiling gisik Jeung masyarakat.

8. Optimis
Sikep gede hate jembar pikiran lega wawasan. Teu leutik hate teu heureut pikir, dibarung ku lapang dada.
Hate jeung uteuk na teu weleh kebek ku rasa yakin optimis Kana kahadean kacumponan nyongcolang nudipikahayang. 

Kasimpulan
Cindekna, kabagjaan hiji hal nu dipikahayang diarep- arep enteup di diri manusa.
Bagja ukurana lega luas lain mangrupa materi hungkul. Moal kahontal ku harta banda pangkat Jeung jabatan. Teu bisa dibeuli, Ngan bisa dirasakeun ku diri sorangan lain ceuk Batur.
Nurutkeun pamanggih kaol pendapat yen Manusa geus kaasup Bagja lamun boga dalapan ciri tanda, sakumaha disebutkeun diluhur tadi. 
Rasa syukur. Ucapan terima kasih.
Hidup untuk saat ini. Berbaik hati.
memiliki rasa humor yang tinggi.
Percaya diri. Bisa beradaptasi. optimis.

Saurang jalma pamohalan mustahil 
Dina dirina ngawengku sakabeh dalapan ciri, Minangka tanda manehna Bagja.
Ilaharna jamak memang Manusa mahluk anu teu sampurna pinuh ku kalemahan kakurangan.
Bagja teh saestuna relatif. Ukuran Atawa patokana moal Aya nu sarua. Ceuk Batur si eta meni Bagja hirup Aya Dina kasenangan. 
Tapi gening pasangka sangka Atawa babaledogan.
Jalma jegud harta pohara loba.
Disangka ku Batur mah senang tingtrim.
Padahal saenyana jalma beunghar eta sabalikna. Hirup manehna hapa ngajerit maratan langit ngoceak maratan jagat sedih kabina bina, kesepian jauh Tina kabagjaan.
Jalma basajan cukup saaya - Aya. 
asal bisa dahar sare tibra. 
Sangkaan Batur si etamah malarat sarwa kakurangan, ripuh sangsara.
Henteu Kitu pikeun jalma basajan mah. 
Santai Tara milu rupekna mikiran hirup. Dibawa nyalse seuseurian humor, bungah.
Singhoreng Profesi pacabakan naon wae nu dilakonan saurang jalma,
Sabenerna gumantung Kana pandangan anggapan diri sorangan ngeunaan hirup. 
Teu kudu kumplit kacumponan dalapan syarat cirining hirup Aya Dina kabagjaan.
Yang penting bahagia memang asal keun Bae nuaya nubisa nugampil kacumponana numutkeun standar pribadina. mawa kabungah leupas Tina masalah saheulaananmah, syaratna teu kudu Kabeh.
Asal Aya salah sahiji unsur sanajan Ngan saukur bisa ngucapkeun ngedalkeun ku rasa syukur nikmat. Aktif gaul interaksi Jeung warga sabudeureunana.
Manehna geus kaasup golongan jalma Bagja.
Komo deui dibarengan rasa pasrah sumerah kalayan ku pikiran positif ngeunaan Mandang hirup anu sakitu hese ripuh seuseutna. Manehna kalahka Hampang pikiran teu balueng. 
Euweuh bangbaluh rudet rungsing Nyeungseurikeun nasib anu Tumiba Kana dirina sorangan. Nikmat nyalse Sugema teu ngarasa ditutur tutur ku rasa bingung.
Optimis gede hate jalan hirup nu bakal kasorang, yakin percaya diri tinemu bisa ngungkulanana.
Sikep bungah bijil rasa Bagja balukar tina ngaleupaskeun hormon endorfin, nudisebut kanikmatan genah merenah tumaninah tanpa syarat no problem. 









Wilujeng mapag taun baru islam 1 muharram 1445 H

     Teu karaos waktos parantos nyerelek tos dugi ka ahir taun. Mapag taun baru islam 1 Muharram 1445 H. Urang sunda khususna kaum muslimin kalintang bingah estuning mawa harepan. Sangkan kahirupan ibadah ngaronjat. Boh dina ekonomi,sosial, budaya atawa ngawengku nu leuwih gede bangsa tur nagara. Sakumaha ilahar unggal nyanghareupan taun anyar hijriah. mapag ku ka gumbiraan ngabageakeun taun anyar 1 muharram Hijriah. Estuning ceuyah rame ku kagiatan. Diantarana pawey obor ngabring ngaleut ngeuhkeuy ngabandaleut. Timimiti barudak leutik, rumaja, ngora, kolot, awewe jeung lalaki. Kabeh rampak marawa obor hurung haseup mulek. Dibarengan raeng sora takbir sholawat nasyid. dina maleman taun anyasr hijriyah muru ka lapangan gede ngarumpul ti sababara rombongan. Laju laleumpang ngabaris diluluguan ku komanda regu. Tali rapia minangka pamisah. Yen rombongan aya dina jero garis, ngarah teu paburencay. Sawareh deui marilu nuturkeun rombongan. Marake kandaraan kayaning motor jeung mobil. Dina sawaktu - waktu ngajaga bisi salah saurang pamilon rombonganaya nu kapiuhan atawa ngadadak gering teu bisa nuluykeun lalampahan.




 

Urang sunda ulah keueung gimir

    Urang sunda ulah gimir keueung rempan. nyanghareupan alam dunya anu kiwari. pili genti kaayaan lingkungan sabudeureun kaarah karuksakan estuning bencana alam saperti caah rongkah, taneuh urug

urang kudu taki - taki caringcing pageuh kancing. sariget pageuh iket.

tetep ngajaga  lingkungan kudu beberesih kayaning miceun runtah. ulah nepika barala ngagarunduk runtah palastik bahan rumah tangga patulayah sareukseuk. narumpuk lian ti walungan citarum pinuh ku runtah pabalatak. tatangkalan hejo nu aya di pagunungan dirumat dipiara. sarta kabeh warga kudu ngarasa boga tanggung jawab. ulah papahare teu malire lingkungan. 

urang sunda kudu teuneung ludeung

Haliwar wedal sunda