opat wanoja panaratas anu ngamekarkeun basa sunda




1. Emma  Poeradiredja, lahir di cilimus Kuningan dina kaping 13 Agustus 1902.  Anjeuna inohong wanoja anu aktif dina majoangkeun persatuan jeung pemberdayaan kaum awewe. Emma aktif dina gempungan jong java, satutas eta mantenna ngagabung jeung Jong Islaminten bond (JIB). tuluy Emma ngadegkeun deui Dameskring dina taun 1927, nyaeta hiji organisasi pamudi anu tujuana ngagemuk kapamimpinan kaum wanita. Pon kitu deui, Emma ulubiung biluk dina kongres pemuda indonesia II (1928), jeung ngadegkeun PASI (Pasundan Istri), hiji organisasi wanoja Jawa Barat anu majoangkeun nasib rahayat di wewengkon didinya. 


 

2. Raden Siti Jenab, lahir di Cianjur jawa Barat. Anjeuna mibanda peran kalintang ageungna dina atikan masyarakat sunda mangsa harita. hususna pikeun kaum wanoja di kota Cianjur. Raden Siti Jenab ngawanohkeun pendidikan, ku ngalangkungan konsep door to door, ngadatangan ka ungggal imah anu aya disabudeureun desa eta, pikeun ngestokeun wireh kaom wanoja bisa ancrub milu diajar. ku kasang tukang mantenna dina dunya atikan, lulusan ti sakola Raden Dewi Sartika di Bandung. Anjeunna ngajarkeun sababaraha mata pelajaran saperti basa sunda, bahasa malayu, bahasa walanda, ngitung, budi parangi, jeung kaparigelan atawa rancage tapis sejenna saperti diajar batik jeung ngarenda.

 


3. R.A Lasminingrat, lahir di Garut dina kaping 29 Maret 1854. Perjuangan Lasminingrat, dimimitian dina dunya nulis. Anjeunna ngagunakeun kabisa literasina pikeun ngadaptasi dongeng eropa di kana basa sundakeun, narjamahkeun ku cara ngedit mupus, ngurangan jeung mapantes eusi buku. Salah sahiji nyaeta ngarang buku carita, anu judulna Erman tarjamahan tina Christoph van schmid. satuluyna mantenna nulis buku Warna sari atawa Roepa - Roepa dongeng jilid 1 dina aksara jawa (1876) Anjeuna dilandih minangka wanoja munggaran Indonesia. kajaba ti eta, dina taun 1907. Mantena ngadegkeun Sakola kautamaan istri di Garut, nyaeta sakola anu ngajarkeun ngaberdayakeun kaom awewe sangkan bisa nulis jeung maca.

 



4. Raden Dewi Sartika, lahir di Cicalengka dina kaping 4 Desember 1884. Ngadegkeun sakola istri dina tanggal 18 Januari 1904 di Bandung pikeun nyieun sakola ngatik kaom wanoja. kabeh ditukeun mah, sakola ganti ngaran Sakola Kautamaan Istri taun 1913, lian ti eta Dewi Sartika ngadegkeun deui Organisasi Kautamaan Istri di Tasikmalaya. Dina taun 1929 pamarentah Hindia Walanda ngarojong mekarkeun sakola ieu ku fasilitas anyar jeung ngaganti ngarana Sakola Raden Dewi.

Komentar