Tampilkan postingan dengan label carpon. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label carpon. Tampilkan semua postingan

addicted to online shopping



Dewi rumaja sakola siswi kelas 3 smu. 
Keur meujeuhna resep Kana sagala beubeulian on line.
Teuing pedah ku mindeng remen nyekel nyoo hp saukur mencrong, memang puguh kabita hantem nempoan salah sahiji market place, Atawa dumasar Kana Aya barang anu kacida dibutuhkeuna pikeun kaperluan kalengkepan sakola saperti buku alat tulis Jeung make up kecantikan. 
Atuda teu kabongroy kumaha gambar produk Endah artistik. Warna beresih caang boh ku beureumna, bodasna, konengna payus ngagurilap. Bentukna lucu camperenik diilikan  geregeteun uruy kagembang. 
Image visual nyaeta konci marketing pikeun meupeuh konsumen paling matih Dina Dunya on line. anu tadina biasa saliwat, jorojoy ngajam pantes lamun Kuring boga, gerentes hate Dewi. Antukna keur pemilik modal anu ngajual produk, khususna gambar di rekayasa dihade hade tipuan kamera blitz ngolo ngoconan implengan.
Ku Sarwa praktis gancang babari teu riweuh klik kari mencet. Loba piliheun scrolling etalase digulang gaper pipindahan. Produk dipajang diacak diubek dikorehan diwilah wilah tuluy milih kategori kaasup Kana golongan naon barang inceren teh. Malahan geus sadia logo spiker pok norowelang awahing lieur. 
Alat bantu otomatis ngaharewos Kana ceuli anu meuli pikeun ngagampilkeun manggihan naon barang anu dipikahayang. 
Gorehel Dina kolom searching mere katerangan tulisan nerangkeun deskripsina, Sakitu harga pasarana.
Rupa - rupa Aya anu dipicangcam original paten asli tangtu hargana ngajaul. Aya deui satengah original alias KW leuwih miring deuih.
Lamun luyu cop sreg hate, check out siap tulus dipesen. kurang yakin cangcaya Kana kwalitas Naha pialuseun, awet Lila, bakal piruksakeun. Kumaha pamanggih ceuk konsumen anu geus make nyobaan ngonsumsi, Bisa dititenan testamen meunteun ulasan nilai bintang lima Atawa bintang opat.
Cara mayarna teu kudu rungsing. Teu perlu dikontanan crung creng. Keun Bae bisi duit na can jejeg. Milih cara pembayaran cod bayar di tempat lamun barang geus datang, song dibikeun.
Dewi seuri koneng ngagereyem " sakeudeung deui koleksi nambahan"
Teu sirikna Dina saminggu paket datang 3 Kalina, kalan kalan leuwih.
Dewi teu talatah boh nitip ka Indung bapana, tah Ieu duit lamun kurunyung kurir ngetrokan panto nganteurkeun paket.
"assalamualaikum punten paket kanggo Dewi"
Saleuheung receiver bisa Nebus, apanan wirang dana pimayareunana saupama euweuh mah ngerakeun reup geuneuk beungeut atah beuleum. 
Kurir Hanas ngadelivery kaayaan renung luut leet kesang nyengir papanasan, Pekteh suwung.
bapana geus bosen mapagahan entong Sagala di beuli boros.
"Anggurmah pirajeuneun heg ngeureut neundeun Jang biaya kahareupna apan Dewi niat hayang kuliah. 
Rek tisaha timana atuh "?.Bapana molotot.
"Sumuhun Dewi palay pisan maklum peryogi digaleuh.
"Sawios sanes artos bapa sareng mamah"
Cukup sakitu alesan Dewi lamun ditanya.
Padahal di Jero kamarna ngajugrug numpuk headset, boneka, skin care, catok kuku, gantungan konci, helm, bondu, topi, masker sakodi, kipas angin mini, sapatu, power bank,
Komo Charger hp mah geus sabaraha kali gunta ganti, bantal silver queen pacampur Jeung barang sejen pinuh pepek patulayah bayatak.
Teu antaparah Euweuh kaseubeuh euweuh tungtungna beuki maceuh. Dewi katarajang panyakit Parna nyandu balanja on line teu kawadahan. Ririwa promo diskon tayangan live hanya cuma rp marakayangan ngagupayan ngalantarankeun Dewi kasirep lampah Yuni.
Kolotna geus taakeun
Ngarahuh Katempuhan buntut maung.
Dewi teu meunang diwarah dipapatahan. 
Pola hidup basajan geuning nyaan banga kacida Ngan saukur pamanis biwir.
Dewi nganggap yen kabagjaan ngancik Dina jiwa lamun materi geus nyampak kacekel dihareupeun panon.
Dewi poek mongkleng buta rajin lolong. 
Kakaratakan kakarayapan ngeteyep rumpu rampa geus samar antara mana barang kabutuhan Jeung mana kahayang,
Ngajanggelek ngahiji.
Sifat Materialistik anu teu Hade nyaliara Dina dirina, nyuruluk ngabulungbung ngagulidag mingkin gede tohaga kabablasan.
Kabagjaan papaes nisbi anu moal Aya watesna. 

Nadran Ka makam

     




     Teu karasa kurang leuwih lima welas taun pun bapa ngantunkeun dunya fana ieu, pindah ka alam kalanggenan. 
inget keneh Kuring kungsi nepungan hanjakal sakeudeung.
pasosore kasampak keur ngalempreh dina kasur busa di handap diharudum salimut nutupan awakna.
Karasa nyelecep tiis antel adek kana tembok di rohangan tamu anu ngan sacangkewok. 
Bapa jegroh batuk ngohkoh ngadehem ngaluarkeun reuhak tina lambeyna crot nyiduh ditandean ku tampolong. 
ngeleper ngadegdeg, tikoro garing bangun hanaang. 
Maksakeun sanajan sora beurat dareuda laun, bapa cengkat diuk nyarande Kana bantal.
nyarita Ka Kuring pokna
" A cik pangmeserkeun susu, Enggal lumpat heula bapa teu kuat hoyong eueut nu amis amis"
Kuring teu tega gancang lumpat belenyeng Ka hareup muru jalan maksud rek pangmeulikeun nedunan pamenta bapa.
Laha Loho culang cileung neangan anu dagang susu murni karesepna.
Di bungkus palastik herang diasupkeun Jero keresek hideung. Song diasongkeun ka bapa.
"Pangmukakeun laan wadahan susu kana gelas ku Aa" mangga walon Kuring tuluy
Gancang Ka dapur mawa gelas.
"Bilih palay mah Aa nyandak satengahna" "wios pa kanggo bapa Weh apan nuju udzur ngarah tereh damang, teu Kedah diagehan Enggal seepkeun".
Regot susu dieueut ku bapa. 
Ngadadak teu sakara kara cai susu anu di inum teh diutahkeun deui. bapa ongkek murel, siga anu embungeun teu daekeun asup. 
Duka sebel lieur paranas tiris ongkoh meureun. 
Teu puguh karasana Ku bapa mah.
Ningali waruga bapa pikeun Kuring mah watir karunya pisan, teu walakaya.
Samar polah bingung kumaha ngungkulanana.
Pikiran cus cos hate ngagerentes " Naha kamana Ari ibu upi bet ngiles"?. 
Indung tere Kuring nyaeta pamajikana bapa. 
Sawadina bapa ditungguan diurus dikawulaanan diladenan ku Saha deui atuh Ari lain ku ibu upi. 
Orokaya bapa diantep sosorangananan, katurug turug gering Parna.
Batuk balukar kabiasaan lila nyandu ngaroko, keuna radang paru paru. 
diabetes alatan sagala bres Kana naon wae katuangan teu dijaga ku bapa.
Saeutik saeutik rarayna pias raga na nyirorot ngabegangan lemah kulitna meotan. 
"Jig Weh upami Aa Bade mulih mangga bilih kabujeng Maghrib ,bapa moal nanaon, ngke ge, ibu upi bakal kadieu ngalongok". Bapa karunya ngabandungan Kuring teu genah cicing kesel.
Kuring bingung pipetaeun kudu kumaha mending kajeun ngadagoan indung tere datang nepungan bapa, tuluy Kuring balik Ka Imah, atawa Kuring mending miheulaan balik.
Dijurungkeun Kitu, eleh deet Kuring ngagugu nurut Ka bapa, teu lemek teu nyarek.
Lah lahan Kuring indit. "Sing Enggal damang atuh pa ulah kateterasan" Kuring sun tangan rengkuh Kanu jadi kolot amitan. 
Singhoreng malakal maut ngadodoho.
Cunduk waktu ninggang mangsa.
Bapa digero mayunan Alloh SWT.
Sakabeh Manusa tangtu tinemu ajal.
Poek lebeng rusiah euweuh nu nyahoeun kumaha iraha dimana pimaoteun.
Dina maleman takbiran rayagung,
Nyawa bapa dicabut. Hawar hawar sepiker masjid raeng kadenge ngucapkeun allohu Akbar.
Obrolan panungtung kecap pamungkas basa ngawangkong Jeung bapa, Anu moal bisa kuring mopohokeunana, Nepi Ka iraha Bae teu weleh inget, masih Kabayang keneh kacipta kasawang bapa babalongkengan olab.
Kunaon Kuring bet luas wawanianan ngantep bapa anu sidik harita keur sakarotul maot. 
Make cul leos Sagala hayang balik rurusuhan. Naha teu nyaah Ka bapa anu nandangan tunggara lahir batin. 
Sabalikna mana perhatian kadeudeuhna Kuring anu leuwih mentingkeun kulawarga sorangan, batan bapa. 
Naha tambelar teu malire hare hare acuh teu paduli. Kaduhung sagede gunung anu Taya papadana, sakitu ripuhna bapa nyanghareupan malaikat Izrail.
Kuring salaku anakna rumasa hina kasebut doraka dosa. Apal bapa ngantunkeun meunang beja aya telepon ti tatangga ba'da Maghrib. "A wayahna sing ridlo pasrah sumerah Innalilahi wa Inna ilaihi Roji'un bapa Asep parantos mulih Ka jati mulang Ka asal".
Ngeleketey leuleus lungse Taya tangan pangawasa lir nu dipupul Bayu.
Kuring Segruk ceurik balilihan sedih kabina bina. Leungiteun figur paranti nyuuh panyalindungan. 
Bumela pangmeunangkeun Kuring
Ngadu saupamana meunang katunggara kanyeri.
Sifat bapa anu keras gurat batu.
tegas sima dipikasieun, pengkuh Kana prinsip.
Ludeung teuneung leber wawanen.
Nilai pleus picontoeun panutan Kuring. 
Terus terang Kuring kataji ku watekna bapa.
Niru niru mapakan Kana pamolahna geuningan hese, bakat alami etamah naluri.
Babasan teng manuk teng anak merak kukuncungan, Estu teu neurak teu lumaku.
Kalangkang bapa nembongan kokolebatan. Peureum kadeuleu beunta karasa, Lain bobodoan.
Kari waasna panineungan kacida sono nalangsa, Taya dikieuna.
Pangdeukeutna pangdeuheusna kanyaah bapa tamplokna ngagebro Ka Kuring.
Sakumaha ti keur leutik tug nepi Ka gede, Kuring laki rabi rumah tangga. 
Kuring Satia tara baha purah nganteurkeun maturan bapa.
Hujan Cimata teu eureun eureun nyurucud maseuhan pipi Kuring.
Teu kaitung Sababaraha kali disusut dilap ku leungeun.
Abdi hampura bapa, teu nungkulan.
Teu gaduh niat itikad awon ngalalaworakeun.
Sakali deui nyuhunkeun dihapunten,
Teu ngabingbing teu nungtun ngaharewosan Kana cepil ku lafadz laa ila ha illallohu. 
Nalika Soca bapa molotot awahing nahan kanyeri roh ngaleupaskeun jasad.
Dina pajaratan ieu handapeun tangkal Kamboja, Makam bapa dikurebkeun. 
Kuring nadran nyacapkeun du'a ngarikes mugia Alloh SWT ngahampura dosa dosana. Ditampi iman islamna Dilapangkeun kuburana. Di caang padangkeun dilegakeun taneuhna.
Kenging syafaat iuh iuhna pitulung Gusti nu maha suci.
Teu sirikna unggal ngalaksanakeun shalat fardhu Kuring ngiriman allfatihah. 
Pon Kitu deui Satutas Maos Alquran. 
Ngahaja pahala ganjarana ditujukeun kanggo almarhum pun bapa. 
Lamun datang Munggahan Jeung hiji Syawal,
Kuring ngahaja ziaroh ngadu'akeun anjeuna di alam barzakh.
Teu Aya sanes salah sawios cara ngabagjakeun nyenangkeun Kanu tos ngantunkeun iwal ti ngadu'akeun ngarah salamet kenging nikmat ditebihkeun siksa.
Tetengger padung kai diganti ku karamik porselen dipulas dicet warna biru.
Dingaranan ditulisan Asep rochyadi bin Nana ngajeblag atra ciciren, wasta pun bapa Almarhum.
Diberesihan jukutna dicabutan dicebor ku cai du'a diawuran kembang malati.
Seungit ngahiliwir katebak angin hegar karasa.

" Allohumagfirlahu warhamhu wa a'fihi wa'fu anhu. Allohumma la tahrimna azrohu wa la taftinna ba'dahu wagfirlana wa lahu"








                                                                                                                                        
                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                    Kondang Oktober 2009

Les renang

   

   Kucuprak kucuprak berrr berr sora leungeun Jeung suku usik bareng ngaluarkeun tanaga sabisa bisa meulah kolam pangojayan. Renghap ranjug nafas ambekan ngatur irama gerakan, make kaca mata warna hideung tali karet bening miluan les renang.
Ngan limaan murid lalakina, ukur bening murid awewe saurang hungkul SD majalaya dua.
Mimiti diajarkeun les ngojay ku pelatih sina nyekelan neuleukeuman papan. Ngarah ngambang awak, nyaimbangkeun beuteung, suku totojer muka tutup leungeun roroesan.
Pa uyat salaku guru renang mere patunjuk teori cara cara ngamimitian kumaha ngojay anu sabenerna. Nyapertikeun gaya bangkong anu katelah gaya katak ka murid muridna.
"Tah leungeun dua kudu digerakkeun ka kenca katuhu. Ngalelep sakeudeung disusul bijil deui ngangkat sakujur awak ngaluhuran cai, ngasupkeun ngaluarkeun hawa. hijikeun gabung palebah hareup lempeng. Rengse eta dua suku kenca katuhu dikejatkeun merean kagigir, laju dirapetkeun pili genti Jeung dua leungeun sakali ewang, usahakeun ulah tegang teu kudu sieun geumpeur".
"Muhun pak" raeng Sora barudak nembalan daria.
" Bening kamu haus lelah?" Minum dulu.
Bening ungggeuk karasa halabhab hayang nginum. Eureun heula sajongjonan ngadeukeutan tembok ngarawel botol Inuman. Diputer muihkeun ngalaan tutupna gorehel kabuka diuyup, ngabaseuhan garing tikoro. 
Kuring anu ti tadi ngabandungan nempokeun sarua pepeta kudu kitu kudu kieu ameh tereh lancar. Bening semu keuheul diomongan ku Kuring meureun ceuk manehna antep ulah pipilueun bapamah.
Tamba kesel Kuring kusiwel ngodok saku calana ngabedol hp maksud rek ngamera jeprat jepret nyokot foto bening. 
Lian ti eta oge mideo ngeker neangan angel nu pas, durasina aya nu lila panjang boh sakeudeung.
" Kelihatan kalau kaki bening kaku keras tidak fleksibel saat belajar berenang, jarang melakukan aktivitas lari misalnya" pa uyat nanya.
Kuring mesem ngarumasakeun memang budakteh meni hese mumul dititah lari saupamana poe Minggu Aya waktu libur di imah.




tong boro boro diolo diajakan sina lumpat, Bening Kana dahar wae hese nataku. Samemeh indit isuk isuk Ka sakola unggal poe. 
Sanajan disadiakeun sangu koneng titah dahar heula teu daekeun. Ceurik pundung ngadat kabiasaan lamun dipapagahan ngeunaan pentingna ngeusian beuteung ku sarapan pagi.
" Ayo anak anak jangan bercanda malah ngobrol cengengesan ikuti lihat bapak " 
pa uyat ngabejaan murid lalaki anu katempo hareureuy awahing ku bosen leuleus ongkoh hantem bulak balik ngojay ti juru katengah Ka sisi sakumaha anu diparentahkeun.
Abong kena ngarana oge budak resep ocon saleuseurian cungar cengir. Dina sela sela latihan Aya we pamolah pikalucueun. 
Kakarek ge siap ngawahan ngageuleuyeung ngojay dihalangan dibadug disuntrungkeun.
Aya deui nu diporosotkeun calana ku babaturana ger akey akeyan, silih simbeuh.
Teu karasa ampir sajam leuwih ngaliwatan waktu anu disadiakeun, jarum jam nuduhkeun Kana angka tilu sore. 
Hartina rengse poe ayeuna latihan ngojay. Ngke Minggu hareup poe senen jam dua dituluykeun deui.
Horeee murid lalaki surak atoh waktuna beberes ngaberesihan Ka kamar mandi salin.
Bening reg eureun hanjat kalacat nyokot cai botol Inuman. Gek diuk ngararasakeun baseuh ngabigbrig balas ngojay.  
Rema ngopepang ngudar tas ransel neangan anduk baju calana garing jeung sabun, leumpang muru toilet.
" Bapa antosan didieu" Kuring surti ngadagoan, bari panon nempo pamandangan kamonesan rupa rupa hiasan Batu pualam diukir endah ngadaplok dina dinding. Tangkal Pelem jangkung luhur nangtung ngajalajar.
Kaulinan gugulayunan, jungkelik jungkedang, wahana sosorodotan water boom oge sadia.
Teu kungsi lila bening torojol kaluar. 
Kuring rurat reret ngilikan bisi aya barang tinggaleun. Jung cengkat ngagigiwing konci motor. Ngarampa Kana jaket diseletingkeun. Masang borongos nepika nutupan sirah, Helm dipasang.
" Hayu atuh mangga tipayun"
Kuring seja amitan nyampeurkeun ngadeukeutan pa uyat.



Geuning naha nambahan deui

Teu nyangka sacongo buuk. Pamajikan bakal ngandeg bureyeng kakandungan. Panyana minangka ngangsitkeun, dumeh bening pangais bungsu lahir Desember taun 2011 Bakal panungtungan.

Gesek Selang sapuluh taun, Waktu sakitumah kaitung Lila panjang. 

Gusti Alloh ngersakeun meryacakeun Kuring dibere deui katurunan.

Nepika boga Bellisa, ngaran budak Kuring pangbungsuna.

Gubrag Ka alam dunya tujuh belas Februari taun 2021.



Kabayang kacipta paroman pamajikan Harita semu inggis rempan, nambahan budak teh.

Atuda antara bingung atoh pagalo ngahiji.

Nyanghareupan pisakumahaeun ngurus utun sakitu ripuhna. 

Katambah apan ku budak tilu Oge ngabiayaan sosolontodan pas-pasan. Kasebut kurang keneh teu mahi moal picukupeun.

Kari kari ieu nambahan hiji deui total jumlah opat.

"Keun Bae Mira ulah sieun, leutik hate, tong hariwang teu bisa maraban sabab Gusti Alloh nu bakal mere rejeki.

Masing - masing budak mawa milik, dibere jalan, Dibekelan akal pikiran nyorang kahirupan" Kitu bongbolongan mitoha Ka Mira , pamajikan Kuring.

Atuh Kuring rumasa pacabakan can matuh Komo kasebut mucekil mah , teu boga pangala mapan jauh tanah Ka langit. 

Kasebut koreh koreh Cok, Jeung enyana lain bobohongan.

Bareto alur, budak Kuring anu lalaki panggedena disunatan, dibere jajan. 

Ampir bekel sapopoena, ngandelkeun pamere Ninina Jeung akina.

Asup sakola sd, smp laju neruskeun Ka SMK. 

Estuning alpukah waragad kanyaah mitoha Ka incuna.

Mana Komo pektah nyicil motor, pikeun si cikal di bayaran unggal bulan. 

Ti mana ti saha Ari lain kadeudeuh aki jeung Ninina ngodok pesak ditangkes.

hejo tihang, kejot borosot Tumiba karandapan ngancik di diri Kuring.

Piligenti pagawean geus mangpirang - pirang.



Mimiti guru honorer ngajar bahasa inggris di sakola sd & SMP, Ukur kuat opat taun.

Pindah kaolo ku Adi Kuring nitah miluan ngangajak pedah salary gede di ekspedisi, cenah lumayan. 

Sanajan gawe Ngan purah nganteurkeun paket ngurilingan anjog Ka kampung Ka lembur Ka dayeuh ngaprak asruk asrukan mapay.

Ngan Kitu saimbang pangala ayaan, dibarengan hantem momotoran halodo panas ereng-erengan mentrang mentring Atawa nincak usum ngijih jalan kapegat caah. 

Jabaning Lila Lila motor nungtutan hiji - hiji onderdil raruksakan. Bati tuluy tuluyan digeder dipleter nganteurkeun paket.

Kuring teu betah ku gawe Matak awak ringsek, bati numpak sajajalan boh Dina kaayan peuting atawa beurang Dina jok asa pasiksak.

Nyobaan gawe anyar, ditawaran jadi collector Jeung surveyor. Tugasna nagihan Ka unggal nasabah muter rutin ngadatangan Imah. 

Geus jatuh tempo kudu Mayar, Komo deui anu nunggak mah motor daek teu daek wayahna dijabel dijadikeun jaminan.

Dahar dijamin, disadiakeun motor inventaris, duit servis motor digantian. 

Keur Kuring gaji kawilang gede sakitumah.

Disadiakeun mes karyawan.

Dibere waktu balik poe libur ukur saminggu sakali.

Etage teu purun Lila mangsa jejeg tujuh taun tuluy eureun, alatan katempuhan buntut maung. Nasabah loba macet teu sanggup nedunan kawajiban angsuran.

Aya hibar mitoha ngabejaan geus Weh cenah Kuring titah eureun pindah pakasaban sina di pasar. Aya jongko mertua kosong lebar mending eusian pake dagang. 

Wanci janari kuniang hudang. Kacai wudlu tuluy tahajjud ngarikes Ka Gusti nu maha suci. Sangkan dibabarikeun neangan rejeki. Khususon Kanggo bellisa, orok abdi.

Bellisa anaking jimat awaking. Keur meujeuhna lucu panglipur kalbu pangbeberah manah. Keureut beungeut na Buleud kulit bodas ngala Ka kuring. Lamun irung namah teu beda persis pamajikan. 

Satukangeun muka kios balantik di pasar, ngeureuyeuh nikreuh dadasar.

Dagang kerewedan daging sapi bahan nyieun baso. Dipaju susuganan hoki mawa milik hade nyampeurkeun nasib Kuring sakulawarga.

Kersaning Gusti maha suci. 

Nu ngatur milik rejeki Ka masing jalma beda- beda alias teu sarua gening, oh si itu mah pisangsaraeun susah hese. Etamah babari pisan ngala duit teh Matak pibeunghareun senang.

Pon Kitu deui ninggang diri nasib kuring can bisa undak masih kieu keneh susah Jeung bingung usaha pakasaban.

Suganteh bakal pimajueun cicing di pasar teh singhoreng kalahka ngabulasin.

Dagang mingkin dieu mingkin sepi tiiseun. Langgan Kuring kalabur direbut Batur. Modal usaha teu kaala, bati euweuhan. 

Teu sanggup Ari kudu Nganjuk ngahutang ngamodal barang ku cara nginjeum duit. Resiko mayaran hutang bari dagang jempling euweuh kamajuan teu nambahan langgan mah cilaka. Antukna serah bongkokan bangkar.

Kuring ngaheruk pasrah tumarima taqdir. Terus mikir ngahuleng ngalamun.

Naha pagawean model naon deui nu kudu dipilampah. Sedengkeun umur tangtuna ngolotan kapegat ku Wates,Dina ngalamar gawe mah geus lain karyawan produktif.

Deudeuh teuing bellisa, mudah mudahan 

Aya milikna bageur.

Budak nusakitu lucu geulis genjah lincah, pangupah jiwa. Sorot panon pinuh ku gumbira herang beresih moncorong. Kagambar imut ngagelenyu.

Deudeuh teuing bellisa, hidep rupina ulah nepika ngalaman susah peurih. Du'akeun ku hidep. Mugia bapa sing Aya kamajuan ngabayuan nganafkahan bellisa Jeung lanceuk-lanceukna.

Kiwari Kuring balik deui Kembali ke laptop kana asal pacabakan

munggaran. 



Jadi guru ngajar bahasa inggris di SMP. Panuju pisan ari kaduhung datangna pandeuri. Rek majar kumaha, Teu ngarti ku pamolah sorangan saukur nuturkeun kahayang anu teu Lana.

Lamun ti baheula Kuring boga pamadegan tetep renggenek ajeg teu galideur pengkuh panceg teu gunta ganti profesi teu incah balilahan. Luyu Jeung Kasang tukang Kuring wedalan paguron luhur ancrub Dina Dunya atikan. Boa teuing Kuring geus meunang buahna mamanis hirup ku kabungah kabagjaan aya dina kamajuan najan mirilik Oge, Saha nunyaho.



 

urang sunda kudu teuneung ludeung

Haliwar wedal sunda