Teu karasa kurang leuwih lima welas taun pun bapa ngantunkeun dunya fana ieu, pindah ka alam kalanggenan.
inget keneh Kuring kungsi nepungan hanjakal sakeudeung.
pasosore kasampak keur ngalempreh dina kasur busa di handap diharudum salimut nutupan awakna.
Karasa nyelecep tiis antel adek kana tembok di rohangan tamu anu ngan sacangkewok.
Bapa jegroh batuk ngohkoh ngadehem ngaluarkeun reuhak tina lambeyna crot nyiduh ditandean ku tampolong.
ngeleper ngadegdeg, tikoro garing bangun hanaang.
Maksakeun sanajan sora beurat dareuda laun, bapa cengkat diuk nyarande Kana bantal.
nyarita Ka Kuring pokna
" A cik pangmeserkeun susu, Enggal lumpat heula bapa teu kuat hoyong eueut nu amis amis"
Kuring teu tega gancang lumpat belenyeng Ka hareup muru jalan maksud rek pangmeulikeun nedunan pamenta bapa.
Laha Loho culang cileung neangan anu dagang susu murni karesepna.
Di bungkus palastik herang diasupkeun Jero keresek hideung. Song diasongkeun ka bapa.
"Pangmukakeun laan wadahan susu kana gelas ku Aa" mangga walon Kuring tuluy
Gancang Ka dapur mawa gelas.
"Bilih palay mah Aa nyandak satengahna" "wios pa kanggo bapa Weh apan nuju udzur ngarah tereh damang, teu Kedah diagehan Enggal seepkeun".
Regot susu dieueut ku bapa.
Ngadadak teu sakara kara cai susu anu di inum teh diutahkeun deui. bapa ongkek murel, siga anu embungeun teu daekeun asup.
Duka sebel lieur paranas tiris ongkoh meureun.
Teu puguh karasana Ku bapa mah.
Ningali waruga bapa pikeun Kuring mah watir karunya pisan, teu walakaya.
Samar polah bingung kumaha ngungkulanana.
Pikiran cus cos hate ngagerentes " Naha kamana Ari ibu upi bet ngiles"?.
Indung tere Kuring nyaeta pamajikana bapa.
Sawadina bapa ditungguan diurus dikawulaanan diladenan ku Saha deui atuh Ari lain ku ibu upi.
Orokaya bapa diantep sosorangananan, katurug turug gering Parna.
Batuk balukar kabiasaan lila nyandu ngaroko, keuna radang paru paru.
diabetes alatan sagala bres Kana naon wae katuangan teu dijaga ku bapa.
Saeutik saeutik rarayna pias raga na nyirorot ngabegangan lemah kulitna meotan.
"Jig Weh upami Aa Bade mulih mangga bilih kabujeng Maghrib ,bapa moal nanaon, ngke ge, ibu upi bakal kadieu ngalongok". Bapa karunya ngabandungan Kuring teu genah cicing kesel.
Kuring bingung pipetaeun kudu kumaha mending kajeun ngadagoan indung tere datang nepungan bapa, tuluy Kuring balik Ka Imah, atawa Kuring mending miheulaan balik.
Dijurungkeun Kitu, eleh deet Kuring ngagugu nurut Ka bapa, teu lemek teu nyarek.
Lah lahan Kuring indit. "Sing Enggal damang atuh pa ulah kateterasan" Kuring sun tangan rengkuh Kanu jadi kolot amitan.
Singhoreng malakal maut ngadodoho.
Cunduk waktu ninggang mangsa.
Bapa digero mayunan Alloh SWT.
Sakabeh Manusa tangtu tinemu ajal.
Poek lebeng rusiah euweuh nu nyahoeun kumaha iraha dimana pimaoteun.
Dina maleman takbiran rayagung,
Nyawa bapa dicabut. Hawar hawar sepiker masjid raeng kadenge ngucapkeun allohu Akbar.
Obrolan panungtung kecap pamungkas basa ngawangkong Jeung bapa, Anu moal bisa kuring mopohokeunana, Nepi Ka iraha Bae teu weleh inget, masih Kabayang keneh kacipta kasawang bapa babalongkengan olab.
Kunaon Kuring bet luas wawanianan ngantep bapa anu sidik harita keur sakarotul maot.
Make cul leos Sagala hayang balik rurusuhan. Naha teu nyaah Ka bapa anu nandangan tunggara lahir batin.
Sabalikna mana perhatian kadeudeuhna Kuring anu leuwih mentingkeun kulawarga sorangan, batan bapa.
Naha tambelar teu malire hare hare acuh teu paduli. Kaduhung sagede gunung anu Taya papadana, sakitu ripuhna bapa nyanghareupan malaikat Izrail.
Kuring salaku anakna rumasa hina kasebut doraka dosa. Apal bapa ngantunkeun meunang beja aya telepon ti tatangga ba'da Maghrib. "A wayahna sing ridlo pasrah sumerah Innalilahi wa Inna ilaihi Roji'un bapa Asep parantos mulih Ka jati mulang Ka asal".
Ngeleketey leuleus lungse Taya tangan pangawasa lir nu dipupul Bayu.
Kuring Segruk ceurik balilihan sedih kabina bina. Leungiteun figur paranti nyuuh panyalindungan.
Bumela pangmeunangkeun Kuring
Ngadu saupamana meunang katunggara kanyeri.
Sifat bapa anu keras gurat batu.
tegas sima dipikasieun, pengkuh Kana prinsip.
Ludeung teuneung leber wawanen.
Nilai pleus picontoeun panutan Kuring.
Terus terang Kuring kataji ku watekna bapa.
Niru niru mapakan Kana pamolahna geuningan hese, bakat alami etamah naluri.
Babasan teng manuk teng anak merak kukuncungan, Estu teu neurak teu lumaku.
Kalangkang bapa nembongan kokolebatan. Peureum kadeuleu beunta karasa, Lain bobodoan.
Kari waasna panineungan kacida sono nalangsa, Taya dikieuna.
Pangdeukeutna pangdeuheusna kanyaah bapa tamplokna ngagebro Ka Kuring.
Sakumaha ti keur leutik tug nepi Ka gede, Kuring laki rabi rumah tangga.
Kuring Satia tara baha purah nganteurkeun maturan bapa.
Hujan Cimata teu eureun eureun nyurucud maseuhan pipi Kuring.
Teu kaitung Sababaraha kali disusut dilap ku leungeun.
Abdi hampura bapa, teu nungkulan.
Teu gaduh niat itikad awon ngalalaworakeun.
Sakali deui nyuhunkeun dihapunten,
Teu ngabingbing teu nungtun ngaharewosan Kana cepil ku lafadz laa ila ha illallohu.
Nalika Soca bapa molotot awahing nahan kanyeri roh ngaleupaskeun jasad.
Dina pajaratan ieu handapeun tangkal Kamboja, Makam bapa dikurebkeun.
Kuring nadran nyacapkeun du'a ngarikes mugia Alloh SWT ngahampura dosa dosana. Ditampi iman islamna Dilapangkeun kuburana. Di caang padangkeun dilegakeun taneuhna.
Kenging syafaat iuh iuhna pitulung Gusti nu maha suci.
Teu sirikna unggal ngalaksanakeun shalat fardhu Kuring ngiriman allfatihah.
Pon Kitu deui Satutas Maos Alquran.
Ngahaja pahala ganjarana ditujukeun kanggo almarhum pun bapa.
Lamun datang Munggahan Jeung hiji Syawal,
Kuring ngahaja ziaroh ngadu'akeun anjeuna di alam barzakh.
Teu Aya sanes salah sawios cara ngabagjakeun nyenangkeun Kanu tos ngantunkeun iwal ti ngadu'akeun ngarah salamet kenging nikmat ditebihkeun siksa.
Tetengger padung kai diganti ku karamik porselen dipulas dicet warna biru.
Dingaranan ditulisan Asep rochyadi bin Nana ngajeblag atra ciciren, wasta pun bapa Almarhum.
Diberesihan jukutna dicabutan dicebor ku cai du'a diawuran kembang malati.
Seungit ngahiliwir katebak angin hegar karasa.
" Allohumagfirlahu warhamhu wa a'fihi wa'fu anhu. Allohumma la tahrimna azrohu wa la taftinna ba'dahu wagfirlana wa lahu"
Kondang Oktober 2009
Komentar
Posting Komentar