Les renang

   

   Kucuprak kucuprak berrr berr sora leungeun Jeung suku usik bareng ngaluarkeun tanaga sabisa bisa meulah kolam pangojayan. Renghap ranjug nafas ambekan ngatur irama gerakan, make kaca mata warna hideung tali karet bening miluan les renang.
Ngan limaan murid lalakina, ukur bening murid awewe saurang hungkul SD majalaya dua.
Mimiti diajarkeun les ngojay ku pelatih sina nyekelan neuleukeuman papan. Ngarah ngambang awak, nyaimbangkeun beuteung, suku totojer muka tutup leungeun roroesan.
Pa uyat salaku guru renang mere patunjuk teori cara cara ngamimitian kumaha ngojay anu sabenerna. Nyapertikeun gaya bangkong anu katelah gaya katak ka murid muridna.
"Tah leungeun dua kudu digerakkeun ka kenca katuhu. Ngalelep sakeudeung disusul bijil deui ngangkat sakujur awak ngaluhuran cai, ngasupkeun ngaluarkeun hawa. hijikeun gabung palebah hareup lempeng. Rengse eta dua suku kenca katuhu dikejatkeun merean kagigir, laju dirapetkeun pili genti Jeung dua leungeun sakali ewang, usahakeun ulah tegang teu kudu sieun geumpeur".
"Muhun pak" raeng Sora barudak nembalan daria.
" Bening kamu haus lelah?" Minum dulu.
Bening ungggeuk karasa halabhab hayang nginum. Eureun heula sajongjonan ngadeukeutan tembok ngarawel botol Inuman. Diputer muihkeun ngalaan tutupna gorehel kabuka diuyup, ngabaseuhan garing tikoro. 
Kuring anu ti tadi ngabandungan nempokeun sarua pepeta kudu kitu kudu kieu ameh tereh lancar. Bening semu keuheul diomongan ku Kuring meureun ceuk manehna antep ulah pipilueun bapamah.
Tamba kesel Kuring kusiwel ngodok saku calana ngabedol hp maksud rek ngamera jeprat jepret nyokot foto bening. 
Lian ti eta oge mideo ngeker neangan angel nu pas, durasina aya nu lila panjang boh sakeudeung.
" Kelihatan kalau kaki bening kaku keras tidak fleksibel saat belajar berenang, jarang melakukan aktivitas lari misalnya" pa uyat nanya.
Kuring mesem ngarumasakeun memang budakteh meni hese mumul dititah lari saupamana poe Minggu Aya waktu libur di imah.




tong boro boro diolo diajakan sina lumpat, Bening Kana dahar wae hese nataku. Samemeh indit isuk isuk Ka sakola unggal poe. 
Sanajan disadiakeun sangu koneng titah dahar heula teu daekeun. Ceurik pundung ngadat kabiasaan lamun dipapagahan ngeunaan pentingna ngeusian beuteung ku sarapan pagi.
" Ayo anak anak jangan bercanda malah ngobrol cengengesan ikuti lihat bapak " 
pa uyat ngabejaan murid lalaki anu katempo hareureuy awahing ku bosen leuleus ongkoh hantem bulak balik ngojay ti juru katengah Ka sisi sakumaha anu diparentahkeun.
Abong kena ngarana oge budak resep ocon saleuseurian cungar cengir. Dina sela sela latihan Aya we pamolah pikalucueun. 
Kakarek ge siap ngawahan ngageuleuyeung ngojay dihalangan dibadug disuntrungkeun.
Aya deui nu diporosotkeun calana ku babaturana ger akey akeyan, silih simbeuh.
Teu karasa ampir sajam leuwih ngaliwatan waktu anu disadiakeun, jarum jam nuduhkeun Kana angka tilu sore. 
Hartina rengse poe ayeuna latihan ngojay. Ngke Minggu hareup poe senen jam dua dituluykeun deui.
Horeee murid lalaki surak atoh waktuna beberes ngaberesihan Ka kamar mandi salin.
Bening reg eureun hanjat kalacat nyokot cai botol Inuman. Gek diuk ngararasakeun baseuh ngabigbrig balas ngojay.  
Rema ngopepang ngudar tas ransel neangan anduk baju calana garing jeung sabun, leumpang muru toilet.
" Bapa antosan didieu" Kuring surti ngadagoan, bari panon nempo pamandangan kamonesan rupa rupa hiasan Batu pualam diukir endah ngadaplok dina dinding. Tangkal Pelem jangkung luhur nangtung ngajalajar.
Kaulinan gugulayunan, jungkelik jungkedang, wahana sosorodotan water boom oge sadia.
Teu kungsi lila bening torojol kaluar. 
Kuring rurat reret ngilikan bisi aya barang tinggaleun. Jung cengkat ngagigiwing konci motor. Ngarampa Kana jaket diseletingkeun. Masang borongos nepika nutupan sirah, Helm dipasang.
" Hayu atuh mangga tipayun"
Kuring seja amitan nyampeurkeun ngadeukeutan pa uyat.



urang sunda kudu teuneung ludeung

Haliwar wedal sunda