Tradisi kabudayaan adat istiadat sunda



   Suku Sunda mangrupa salah sahiji etnis anu utamana nyicingan nganjrek padumukanan di wewengkon pulo jawa
Pangpangna daerah Jawa Barat Jeung Banten. Wewengkon anu sumebarna masyarakat Sunda di daerah kulon Pulo Jawa disebut tatar Sunda Atawa bumi Pasundan.
Sanajan Kitu, populasi urang Sunda henteu Ngan ukur di Jawa, tapi Oge sumebar di sakabeh provinsi di Indonesia.
Ku kituna, teu aneh lamun sababaraha tradisi Sunda Oge dipikawanoh ku masyarakat sakuliah Nusantara.
Dihandap ieu rupa rupa tradisi kabudayaan Sunda nu kakoncara turta dipikawanoh diluar daerah Sunda.

1. Botram


   Botram nyaeta istilah basa Sunda anu nuduhkeun tradisi dahar babarengan make tilam daun cau Atawa samak.
Numatak helok kataji nyaeta Dina tradisi ieu deungeun sangu ngahaja dibawa ti imahna sewang sewangan anu rek balotram Jeung Teu sarua. Hasil gempungan Saha wae nu bakal miluan sina mawa misah.
Numutkeun laman jakarta.tribunnews.com, Menu botram biasana ngandung kadaharan tradisional saperti sangu liwet, sambel cabe, lauk asin, tempe tahu, kurupuk Jeung sayuran seger minangka masakan wajib, salian ti lauk tambahan sejena.
Sakumna kadaharan anu dibawa baris disusun ngentep rapih manjang Dina taplak. Ditilaman ku daun cau. Anu baris dilaksanakeun dihareupeun para pamilon samemeh didalahar diasaan dicobaan babarengan.
Tradisi dahar babarengan Sunda ieu dilakonan kalawan tujuan pikeun ngaraketkeun sauyunan guyub tali duduluran.

2. Nyaneut


   Nyaneut nyaeta tradisi nginum teh ciri khas Sunda anu asalna ti wewengkon Garut.
Kabiasaan nyaneut umurna geus ratusan taun, tujuana pikeun ngabageakeun taun anyar.
Dicutat Tina visitgarut garutkab.go.id 
Istilah nyaneut sabenerna mangrupa singgetan tina nyai Haneut Atawa cai haneut anu Hartina cai haneut.
Beda pisan ilaharna tradisi ngalakonan nyaneut mibanda ciri aheng mahiwal ti sasarina.
Kahiji, teh nyaneut bakal disadiakeun Jeung jajanan Dina bentuk kadaharan tradisional saperti Hui boled, beubeutian, sampeu Jeung ganyong kulub.
Kadua, cara ngararasakeun teh dilakonan ku sababaraha tahapan. Nyaeta ngagilirkeun nyicikeun gelas teh Dina dampal leungeun dua kali. Dituluykeun ku nyeuseup seungitna teh tilu kali. Kakara teh regot diinum
Tradisi nyaneut ieu cenah Aya patula patalina Jeung kabiasaan urang Sunda nu leuwih resep nginum teh tibatan cai herang.
Pon Kitu deui di wewengkon Garut mah salah sahiji daerah panghasil teh kwalitas Hade.

3. Seren Taun


   Seren Taun mangrupa tradisi minangka wujud rasa syukur ti masyarakat Sunda Kana hasil panenna.
Dicutat tina laman warisanbudaya.kemendikbud.go.id
seren asalna Tina kecap basa Sunda, nyaeta "seren" anu Hartina serahkeun Jeung "taun" Hartina taun. Seren Taun mangrupa prosesi masrahkeun hasil panen taun Ka tukang Ka taun anu bakal datang.
Upacara adat ieu anu dilaksanakeun saban taun sanggeus panen pare, dilakonan sacara rutin. Sarta biasana dihadiran ku sakumna warga desa. Hal eta teh lantaran seren taun direken minangka hajatan desa, kukituna ampir sakumna warga unggal dilaksanakeun ieu acara. Alatan antik naker, mindeng wisatawan datang nyakseni tradisi ieu.

4. Nyalin 


    Nyalin mangrupa tradisi anu dipigawe ku masyarakat Sunda di wewengkon Karawang, nalika mangsa dibuat.
Dicutat Tina kompas.com cohagna Nyalin nyaeta tradisi ngarobah siki ku cara nyokot sereal Beas nu panghadena pikeun siki keur melak anu saterusna.
Nyalin dilakonan boh ku saurang pon Kitu deui ditempo salaku tata Krama samemeh panen.
Dina tradisi ieu, Aya sababaraha sasajen saperti tumpeng, sayur Jeung buah, kalapa, tampolong, tiwu, bakakak, pusaka, gentong, amparan Tanak, bubur beureum Jeung bubur bodas, lunguyan Jeung areng, seuneu jeung menyan, Jeung dasar lawon bodas.
Saban kurban mibanda Harti salaku ngebrehkeun panarimaan Ka maha Nyipta bakal ngumplitan prosesi nalika mantra Jeung du'a dikedalkeun.

5. Munggahan


    Munggahan nyaeta tradisi anu dilakonan masyarakat Sunda mapag bulan puasa.
Munggahan mibanda harti leumpang Atawa kaluar tina kaniasaan sapopoe, anu sacara harfiah dihartikeun salaku usaha pikeun naek ka tingkat anu leuwih luhur dina bulan suci romadlon.
Numutkeun popbela.com tradisi Munggahan dilaksanakeun Dina Ahir sya'ban atawa rewah dina kalender hijriah. Atawa Ngan sapoe samemeh datangna romadlon. 
Munggahan dilakonan ku rupa rupa cara saperti ngumpul Jeung kulawarga. Dahar balakecrakan babarengan, silih hampura, ngayakeun solat babarengan, Atawa nganclong indit inditan murak bekel dahareun kalawan gumbira Jeung kulawarga.
Aya Oge nu ngeusianana ku haji Atawa sodaqoh. Salaku bagean tina tradisi, jalma anu ngalaksanakeun tradisi ieu Oge bakal ngaberesihkeun sakujur awakna ku cara adus diangir samemeh asup Kana bulan suci romadlon.

6. Ngadulag


   Ngadulag nyaeta tradisi nabeuh nakol bedug anu baris dilaksanakeun ku urang Sunda dina waktu waktu anu geus ditangtukeun, saperti dina bulan romadlon Atawa Dina acara raramean poe Islam.
Dicutat tina warisanbudaya.kemendikbud.go.id
Ngadulag mangrupa tradisi antik dina bulan ramadhan anu di dago - Dago jalaran saban wirahma anu dimaenkeuna miboga Harti khusus teu sagawayah padu asal ditakol.
Contona Aya dulag kuramas, nyaeta pola tabeuhan nakol bedug anu dicoo dina poe samemeh romadlon. Pikeun ngajak warga Sangkan nyucikeun Atawa ngaberesihan diri ku cara ngumbah buuk diangir dikuramas samemeh puasa tepi ka saterusna.
Aya Oge dulag jaman, nyaeta pola nabuh kendang disadaakeun mangsa subuh.
Peutingna dina bulan ramadlan, Aya dulag taraweh Jeung dulag tadarus. Nyaeta pola tabeuhan nakol bedug anu nandaan waktu sholat taraweh Jeung tadarus Al-Qur'an.
Salian ti eta Aya dulag fitrah anu di sebut dulag lilikuran. Nyaeta pola nabuh kendang anu nandaan asupna peuting lilikuran Atawa tanggal dua puluh hiji romadlon. Nu baris disada nepi ka lebaran idul Fitri atawa tanggal hiji Syawal.

7. Nganteuran


   Nganteuran nu hartina nganteurkeun.
Nyaeta tradisi urang Sunda anu biasana dilakonan ku cara silih tukeur dahareun samemeh lebaran idul Fitri. Ngabageakeun poe agung, jalma jalma baris silih tukeuran. Ti mimiti kupat, opor tepi ka rupa rupa kueh.
Nganteuran Oge mangrupa istilah pikeun kagiatan ngirim idangan waktuna dahar anu keur digarawe di sawah. Aya deui istilah nganteuran dipake pikeun ngirim bekel boh kanyaah Atawa materi duit salaku kolot Kanu jadi anakna anu keur nyuprih elmu di pasantren.
Sakumaha dicutat tinajabar.nu.or.id

8. Nenjrag bumi




   Nenjrag bumi nyaeta salah sahiji tradisi antik helok Ka orok anu karek borojol lahir anu dilakonan pangpangna masyarakat Sunda anu nganjrek padumukan di wewengkon bandung.
Nurutkeun merah-putih.com
Nenjrag bumi dipigawe ku cara ngagolerkeun orok beureum di luhur lante anu bahana tina awi beulah. Tuluy tilam awi beulah eta ditincak dijejek Atawa ditenjrag suku ku indung budak orok nu kakarak lahir jumlahna tujuh balikan.
Aya Oge tradisi nenjrag bumi ku cara ngagolerkeun orok dina taneuh. Ngababuk halu Atawa iteuk Kana tujuh balikan Kana taneuh deukeut orok beureum nu kakarak borojol lahir tea.

9. Ngeuyeuk seureuh




   Ngeuyeuk seureh nyaeta dina upacara adat istiadat pernikahan Sunda.
Dicutat tina lamanjournal.uinsgd.ac.id
Ieu tradisi anu dipingpin ku pangeuyeuk teh mangrupa prosesi nalika panganten menta idin doa restu ti nu jadi kolotna.
Satuluyna, calon panganten dibere Beas ngandung siloka makmur Raharja.
Diteunggeul ku sapu dibarengan ku piwuruk mapagahan. Sanggeus Kitu, lawon bodas anu nutupan pangeuyeuk teh dicabut dituluykeun ku beulahan Mayang jambe ku calon panganten lalaki. Prosesi ieu baris dipungkas
Ku calon panganten lalaki ngagebugan halu Kana lisung tilu kali.
Dina arak arakan, balado pangeuyeuk baris dipaenkeun minangka pangiring.

10. Sisingaan


   Tradisi sisingaan mangrupa hiburan has Sunda anu sering dipintonkeun kamonesan Dina acara sunatan karyaan. Anak eta bakal ditunda Dina tandu bentuk boneka singa. Tuluy diganti ku opatan lalaki dewasa pikeun dibawa ngurilingan sakuliah kampung.
Kasang tukang sajarah sisingaan. Sabenerna Aya patula patalina Jeung reaksi masyarakat harita Kana kaayaan pulitik jaman kolonialisme eropa.
Wangun maung anu dipake mangrupa sindiran dilelewe Kana simbul lambang Nagara anu mindeng dipake ku Nagara eropa.
Minangka alat tradisional nu bisa ditumpakkan sarta dicoo diulinkeun.
Sakumaha dicutat tina laman bandungkompas.com



Nadran Ka makam

     




     Teu karasa kurang leuwih lima welas taun pun bapa ngantunkeun dunya fana ieu, pindah ka alam kalanggenan. 
inget keneh Kuring kungsi nepungan hanjakal sakeudeung.
pasosore kasampak keur ngalempreh dina kasur busa di handap diharudum salimut nutupan awakna.
Karasa nyelecep tiis antel adek kana tembok di rohangan tamu anu ngan sacangkewok. 
Bapa jegroh batuk ngohkoh ngadehem ngaluarkeun reuhak tina lambeyna crot nyiduh ditandean ku tampolong. 
ngeleper ngadegdeg, tikoro garing bangun hanaang. 
Maksakeun sanajan sora beurat dareuda laun, bapa cengkat diuk nyarande Kana bantal.
nyarita Ka Kuring pokna
" A cik pangmeserkeun susu, Enggal lumpat heula bapa teu kuat hoyong eueut nu amis amis"
Kuring teu tega gancang lumpat belenyeng Ka hareup muru jalan maksud rek pangmeulikeun nedunan pamenta bapa.
Laha Loho culang cileung neangan anu dagang susu murni karesepna.
Di bungkus palastik herang diasupkeun Jero keresek hideung. Song diasongkeun ka bapa.
"Pangmukakeun laan wadahan susu kana gelas ku Aa" mangga walon Kuring tuluy
Gancang Ka dapur mawa gelas.
"Bilih palay mah Aa nyandak satengahna" "wios pa kanggo bapa Weh apan nuju udzur ngarah tereh damang, teu Kedah diagehan Enggal seepkeun".
Regot susu dieueut ku bapa. 
Ngadadak teu sakara kara cai susu anu di inum teh diutahkeun deui. bapa ongkek murel, siga anu embungeun teu daekeun asup. 
Duka sebel lieur paranas tiris ongkoh meureun. 
Teu puguh karasana Ku bapa mah.
Ningali waruga bapa pikeun Kuring mah watir karunya pisan, teu walakaya.
Samar polah bingung kumaha ngungkulanana.
Pikiran cus cos hate ngagerentes " Naha kamana Ari ibu upi bet ngiles"?. 
Indung tere Kuring nyaeta pamajikana bapa. 
Sawadina bapa ditungguan diurus dikawulaanan diladenan ku Saha deui atuh Ari lain ku ibu upi. 
Orokaya bapa diantep sosorangananan, katurug turug gering Parna.
Batuk balukar kabiasaan lila nyandu ngaroko, keuna radang paru paru. 
diabetes alatan sagala bres Kana naon wae katuangan teu dijaga ku bapa.
Saeutik saeutik rarayna pias raga na nyirorot ngabegangan lemah kulitna meotan. 
"Jig Weh upami Aa Bade mulih mangga bilih kabujeng Maghrib ,bapa moal nanaon, ngke ge, ibu upi bakal kadieu ngalongok". Bapa karunya ngabandungan Kuring teu genah cicing kesel.
Kuring bingung pipetaeun kudu kumaha mending kajeun ngadagoan indung tere datang nepungan bapa, tuluy Kuring balik Ka Imah, atawa Kuring mending miheulaan balik.
Dijurungkeun Kitu, eleh deet Kuring ngagugu nurut Ka bapa, teu lemek teu nyarek.
Lah lahan Kuring indit. "Sing Enggal damang atuh pa ulah kateterasan" Kuring sun tangan rengkuh Kanu jadi kolot amitan. 
Singhoreng malakal maut ngadodoho.
Cunduk waktu ninggang mangsa.
Bapa digero mayunan Alloh SWT.
Sakabeh Manusa tangtu tinemu ajal.
Poek lebeng rusiah euweuh nu nyahoeun kumaha iraha dimana pimaoteun.
Dina maleman takbiran rayagung,
Nyawa bapa dicabut. Hawar hawar sepiker masjid raeng kadenge ngucapkeun allohu Akbar.
Obrolan panungtung kecap pamungkas basa ngawangkong Jeung bapa, Anu moal bisa kuring mopohokeunana, Nepi Ka iraha Bae teu weleh inget, masih Kabayang keneh kacipta kasawang bapa babalongkengan olab.
Kunaon Kuring bet luas wawanianan ngantep bapa anu sidik harita keur sakarotul maot. 
Make cul leos Sagala hayang balik rurusuhan. Naha teu nyaah Ka bapa anu nandangan tunggara lahir batin. 
Sabalikna mana perhatian kadeudeuhna Kuring anu leuwih mentingkeun kulawarga sorangan, batan bapa. 
Naha tambelar teu malire hare hare acuh teu paduli. Kaduhung sagede gunung anu Taya papadana, sakitu ripuhna bapa nyanghareupan malaikat Izrail.
Kuring salaku anakna rumasa hina kasebut doraka dosa. Apal bapa ngantunkeun meunang beja aya telepon ti tatangga ba'da Maghrib. "A wayahna sing ridlo pasrah sumerah Innalilahi wa Inna ilaihi Roji'un bapa Asep parantos mulih Ka jati mulang Ka asal".
Ngeleketey leuleus lungse Taya tangan pangawasa lir nu dipupul Bayu.
Kuring Segruk ceurik balilihan sedih kabina bina. Leungiteun figur paranti nyuuh panyalindungan. 
Bumela pangmeunangkeun Kuring
Ngadu saupamana meunang katunggara kanyeri.
Sifat bapa anu keras gurat batu.
tegas sima dipikasieun, pengkuh Kana prinsip.
Ludeung teuneung leber wawanen.
Nilai pleus picontoeun panutan Kuring. 
Terus terang Kuring kataji ku watekna bapa.
Niru niru mapakan Kana pamolahna geuningan hese, bakat alami etamah naluri.
Babasan teng manuk teng anak merak kukuncungan, Estu teu neurak teu lumaku.
Kalangkang bapa nembongan kokolebatan. Peureum kadeuleu beunta karasa, Lain bobodoan.
Kari waasna panineungan kacida sono nalangsa, Taya dikieuna.
Pangdeukeutna pangdeuheusna kanyaah bapa tamplokna ngagebro Ka Kuring.
Sakumaha ti keur leutik tug nepi Ka gede, Kuring laki rabi rumah tangga. 
Kuring Satia tara baha purah nganteurkeun maturan bapa.
Hujan Cimata teu eureun eureun nyurucud maseuhan pipi Kuring.
Teu kaitung Sababaraha kali disusut dilap ku leungeun.
Abdi hampura bapa, teu nungkulan.
Teu gaduh niat itikad awon ngalalaworakeun.
Sakali deui nyuhunkeun dihapunten,
Teu ngabingbing teu nungtun ngaharewosan Kana cepil ku lafadz laa ila ha illallohu. 
Nalika Soca bapa molotot awahing nahan kanyeri roh ngaleupaskeun jasad.
Dina pajaratan ieu handapeun tangkal Kamboja, Makam bapa dikurebkeun. 
Kuring nadran nyacapkeun du'a ngarikes mugia Alloh SWT ngahampura dosa dosana. Ditampi iman islamna Dilapangkeun kuburana. Di caang padangkeun dilegakeun taneuhna.
Kenging syafaat iuh iuhna pitulung Gusti nu maha suci.
Teu sirikna unggal ngalaksanakeun shalat fardhu Kuring ngiriman allfatihah. 
Pon Kitu deui Satutas Maos Alquran. 
Ngahaja pahala ganjarana ditujukeun kanggo almarhum pun bapa. 
Lamun datang Munggahan Jeung hiji Syawal,
Kuring ngahaja ziaroh ngadu'akeun anjeuna di alam barzakh.
Teu Aya sanes salah sawios cara ngabagjakeun nyenangkeun Kanu tos ngantunkeun iwal ti ngadu'akeun ngarah salamet kenging nikmat ditebihkeun siksa.
Tetengger padung kai diganti ku karamik porselen dipulas dicet warna biru.
Dingaranan ditulisan Asep rochyadi bin Nana ngajeblag atra ciciren, wasta pun bapa Almarhum.
Diberesihan jukutna dicabutan dicebor ku cai du'a diawuran kembang malati.
Seungit ngahiliwir katebak angin hegar karasa.

" Allohumagfirlahu warhamhu wa a'fihi wa'fu anhu. Allohumma la tahrimna azrohu wa la taftinna ba'dahu wagfirlana wa lahu"








                                                                                                                                        
                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                    Kondang Oktober 2009

Urangmah basa bareto mangsa panganten anyar




Lini

Sakampung gujrud pedah tadi peuting Aya lini. Puguh atuh warga soak geumpeur sieun karandapan deui teu kanyahoan.
Kareungeu lini paroman si Udin kalahka nyerengeh. Adun sobatna panasaran nanyakeun kunaon bet gumbira, Udin?
"urang mah bareto Mangsa panganten anyar kawin mineng kajadian unggal usik gempa oyag eundeur dina ranjang Jeung pamajikan" Udin ngajentrekeun.
"Bedul teh" ceuk Udin ngarasa dibobodo suganteh heueuh hanas dibandungan.

Ngosok gigi

Saurang guru nerangkeun penting pisan ngajaga huntu ngarah sehat kuat ku cara ngosok gigi sapoe 2 kali.
Celengkeung murid ngacung pokna kieu
"Abdi ngosok waos tujuh kali rajin pisan dina sadinten" 
Guru olohok teu percaya meni rajin teuing.
Tuluy nanya Ka murid "wah piraku"?
Muhun pak, ngosok waos dinten Senen salasa rebo Kemis juma'ah saptu Ahad.
Tembal murid teu euleum euleum.




Kagorengan

Naon sababna jalma anu dititah pidato sok ngadegdeg ngeleper ngomong teu lancar?
Sabab lamun geus Ka hareup apan nyahoeun apal kagorengana terus di laledek dipoyokan.

Ngobrol Jeung balita

"Naon sababna lamun bapana Atawa indungna diajakan ngobrol ngasuh nembalan budak balita hawana hoream tunduh teu purun kurang gairah"?
Gampil jawaban anu kaharti asup akal. 
Nyaeta nalika nempo budak balita kabayang lamunan basa keur nyieuna ngeunah sare.

Ngaran tempat/nagara

Sebutkeun Ngaran tempat anu ampir sarua aya boh di tatar Sunda, Jawa Atawa Nagara deungeun.
Purwakarta - purwokerto
Banjarnegara - Bojonegoro
Maroko Garut - Nagara marocco

Baik baik saja

Saurang mahasiswa keur nyanghareupan ujian mid semester di kampusna.
Keur mikir bingung sual anu unggelna 
"Bagaimana hubungan cinta dengan psikologi"?
Jawabana asal ditulis hubungan cinta dengan psikologi baik baik saja, nggak ada masalah.

Hese sare

Udin peuting harita guling gasahan teu bisa peureum. Jengkel kuniang hudang nangtung  
Jetrek mencet remote ngahurungkeun tv. 
Dina layar bray keur iklan nyanyi hit obat nyamuk "Tidur dengan lelap" bakating ku keuheul hese molor ku Udin dilelewe "tidur hese sare" bari kukulutus.

Kurupuk 

+ "Ngaran kurupuk awewe Bangor, naon"?
- Kurupuk bondon
+ "Ngaran kurupuk anu moal bisa beunghar"?
- kurupuk malarat

Bosen

+ "Kecap naon anu moal Matak bosen"?
- Sapatemon Jeung pamajikan moal bosen
+ Angger Lila Lila mah hoream najan ngeunah
- oh apal numatak teu ngabosenkeun tuluy 
   Kadituna ngeunah nyaeta duit teu beak 
   Beak.
+ Pinter silaing

Sangu poe 

Guru di kelas keur nerangkeun Ka murid SD ngeunaan Sangu anu rendah kalori kandungan gulana saeutik tur sehat.
Lain sangu anu haneut Atawa panas meunang ngalas Tina mejikom, tapi sangu poe.
Kabeh Murid baringung ngahuleng jempling malikir oh sangu anu dina mejikom ngarah Alus Kana kasehatan kudu di poe dipoyankeun direrab ku matahari.

Gurunggusuh

Jajang Panggih pasangrok teu ngahaja papaliwat Jeung pa Dedi, guruna baheula basa keur sd.
Lawas tilawas pa Dedi nanya semu atoh nempo Jajang muridna tukang banyol Bangor cengos" kamana wae karek ngelol geus bujangan ayeunamah Jajang teh, Kana naon pakasaban"? 
Jajang nyerengeh "aeh geuning pa guru dedi hehe muhun Alhamdulillah tiasa tepang tos lami, numawi abdi ge janten guru".
Pa Dedi curinghak panasaran nanya deui Ka Jajang. "Geuningan ngajar ngaguruan naon"?
Guru_nggusuh rurusuhan ningali Pa Dedi , isin masih nganggur 

Rujak

Rupa rupa rujak rea lamun ditataan mah pabalatak.
Sarupaning rujak bebek, rujak cuka, rujak cingur, rujak bayam, rujak petis, rujak gobet, rujak soto, rujak buah pindang, rujak Bulung Bali.
Ngan hiji anu teu meunang dilakonan ku bujangan Atawa parawan lengoh ngadahar rujak teh? Nyaeta rujak rojok Ka lain muhrim.

Ngapung

+ "Mapatahan ngojay Ka"?
- Meri
+ Bener
- "mapatahan naek Ka"?
+ Monyet
- bener panuju
+ "Lamun mapatahan ngapung Ka saha"?
- Teuing manusa moal aya nu bisaeun hiber
    Matak euweuh Ari lain Superman & Gatot 
    Kaca mah.

Jalan

Bi eros katelah tukang tetelepek resep nanya hayang nyaho wae Kana urusan Batur, ngan hanjakal kadituna sok ngaledek, najan teu perlu Oge keun bae minangka basa basi cenah.
Kasampak Udin di buruan imahna keur ngajentul. Di sampeurkeun ku bi eros tuluy ditanya. "Ari padamelan kana naon Udin"?
"Oh abdi kurir ekspedisi, purah nganteurkeun
Paket", ceuk Udin.
Pok deui bi eros nambahan caritaan, "lamun kitu mah kolot di jalan atuh nya"?.
Udin keuheul diomongan kitu teh nyeri hate kaduhung ditembalan. 
Bari kucem ditempas "Ah sawios bi eros sakantenan abdimah ngukur jalan" hayang nyaho sabaraha puluh kilometer panjangna".
 


Ghea
 
Keur ceuyah Kiwari lagu jiwa yang bersedih, penyanyi Ghea. Ceuk Rina Ka Indri cs na ngajak ngobrol. 
"Oh tapi kamari tatangga Kuring nyetel Laguna kunaon rehe jempling teu ngaluarkeun Sora Sora Acan?, Kalahka cicing jempe tiis baal " hehe indri seuri ngahaja nyelok mancing ngarah panasaran. Rina kerung mikir sakeudeung tuluy mesem "nudimaksud etamah gea Ngaran merk freeze, lain ghea, atuh Indri suganteh, kapanggih babari kateguh tatarucingan teh". Rina cakakak ngabarakatak.







Les renang

   

   Kucuprak kucuprak berrr berr sora leungeun Jeung suku usik bareng ngaluarkeun tanaga sabisa bisa meulah kolam pangojayan. Renghap ranjug nafas ambekan ngatur irama gerakan, make kaca mata warna hideung tali karet bening miluan les renang.
Ngan limaan murid lalakina, ukur bening murid awewe saurang hungkul SD majalaya dua.
Mimiti diajarkeun les ngojay ku pelatih sina nyekelan neuleukeuman papan. Ngarah ngambang awak, nyaimbangkeun beuteung, suku totojer muka tutup leungeun roroesan.
Pa uyat salaku guru renang mere patunjuk teori cara cara ngamimitian kumaha ngojay anu sabenerna. Nyapertikeun gaya bangkong anu katelah gaya katak ka murid muridna.
"Tah leungeun dua kudu digerakkeun ka kenca katuhu. Ngalelep sakeudeung disusul bijil deui ngangkat sakujur awak ngaluhuran cai, ngasupkeun ngaluarkeun hawa. hijikeun gabung palebah hareup lempeng. Rengse eta dua suku kenca katuhu dikejatkeun merean kagigir, laju dirapetkeun pili genti Jeung dua leungeun sakali ewang, usahakeun ulah tegang teu kudu sieun geumpeur".
"Muhun pak" raeng Sora barudak nembalan daria.
" Bening kamu haus lelah?" Minum dulu.
Bening ungggeuk karasa halabhab hayang nginum. Eureun heula sajongjonan ngadeukeutan tembok ngarawel botol Inuman. Diputer muihkeun ngalaan tutupna gorehel kabuka diuyup, ngabaseuhan garing tikoro. 
Kuring anu ti tadi ngabandungan nempokeun sarua pepeta kudu kitu kudu kieu ameh tereh lancar. Bening semu keuheul diomongan ku Kuring meureun ceuk manehna antep ulah pipilueun bapamah.
Tamba kesel Kuring kusiwel ngodok saku calana ngabedol hp maksud rek ngamera jeprat jepret nyokot foto bening. 
Lian ti eta oge mideo ngeker neangan angel nu pas, durasina aya nu lila panjang boh sakeudeung.
" Kelihatan kalau kaki bening kaku keras tidak fleksibel saat belajar berenang, jarang melakukan aktivitas lari misalnya" pa uyat nanya.
Kuring mesem ngarumasakeun memang budakteh meni hese mumul dititah lari saupamana poe Minggu Aya waktu libur di imah.




tong boro boro diolo diajakan sina lumpat, Bening Kana dahar wae hese nataku. Samemeh indit isuk isuk Ka sakola unggal poe. 
Sanajan disadiakeun sangu koneng titah dahar heula teu daekeun. Ceurik pundung ngadat kabiasaan lamun dipapagahan ngeunaan pentingna ngeusian beuteung ku sarapan pagi.
" Ayo anak anak jangan bercanda malah ngobrol cengengesan ikuti lihat bapak " 
pa uyat ngabejaan murid lalaki anu katempo hareureuy awahing ku bosen leuleus ongkoh hantem bulak balik ngojay ti juru katengah Ka sisi sakumaha anu diparentahkeun.
Abong kena ngarana oge budak resep ocon saleuseurian cungar cengir. Dina sela sela latihan Aya we pamolah pikalucueun. 
Kakarek ge siap ngawahan ngageuleuyeung ngojay dihalangan dibadug disuntrungkeun.
Aya deui nu diporosotkeun calana ku babaturana ger akey akeyan, silih simbeuh.
Teu karasa ampir sajam leuwih ngaliwatan waktu anu disadiakeun, jarum jam nuduhkeun Kana angka tilu sore. 
Hartina rengse poe ayeuna latihan ngojay. Ngke Minggu hareup poe senen jam dua dituluykeun deui.
Horeee murid lalaki surak atoh waktuna beberes ngaberesihan Ka kamar mandi salin.
Bening reg eureun hanjat kalacat nyokot cai botol Inuman. Gek diuk ngararasakeun baseuh ngabigbrig balas ngojay.  
Rema ngopepang ngudar tas ransel neangan anduk baju calana garing jeung sabun, leumpang muru toilet.
" Bapa antosan didieu" Kuring surti ngadagoan, bari panon nempo pamandangan kamonesan rupa rupa hiasan Batu pualam diukir endah ngadaplok dina dinding. Tangkal Pelem jangkung luhur nangtung ngajalajar.
Kaulinan gugulayunan, jungkelik jungkedang, wahana sosorodotan water boom oge sadia.
Teu kungsi lila bening torojol kaluar. 
Kuring rurat reret ngilikan bisi aya barang tinggaleun. Jung cengkat ngagigiwing konci motor. Ngarampa Kana jaket diseletingkeun. Masang borongos nepika nutupan sirah, Helm dipasang.
" Hayu atuh mangga tipayun"
Kuring seja amitan nyampeurkeun ngadeukeutan pa uyat.



urang sunda kudu teuneung ludeung

Haliwar wedal sunda