Postingan

Lieur milih ngan bisa tata_lu

Gambar
Tata Udin Jeung emed katampa lulus neruskeun Ka  SMU favorit. Sakumaha anu dipikahayang di impleng laksana kacumponan. Kari milih jurusan naon salian ti program fisika kimia bahasa asing, sosial, tata boga Jeung tata busana. Udin geus panceg yakin mending milih jurusan  bahasa asing. Kari emed bingung lieur apal kieu mah uing rek milih jurusan tata_lu tata_beuhan nakolan bangku kabisa ngan eta mungkul sakitu. Jual tahu Saurang panyiar radio keur ngecebrek ngocoblak kuram kirim salam tuluy  muter lagu. Teuing pedah lapar can dahar kurang konsentrasi malaweung pikiran Jeung ucapan teu nyambung. Muter lagu malaikat juga tahu dibawakeun ku penyanyi Dewi lestari kalahka balelol pokna kieu " baiklah kita putarkan lagu berjudul malaikat jual tahu yang dinyanyikan oleh Dewi lestari". Aswaja vs aswaga Para wali, sufi Jeung Solihin anu luhung elmu pangaweruh beresih hate seukeut dipaparin kawijaksanaan. Dibukakeun hijab kacerdasan ku Gusti Alloh anu maha suci antukna tiasa ngadamel...

10 Inuman Tradisional Khas Jawa Barat anu peryogi kauninga

Gambar
1. Lahang  Lahang nyaeta inuman asalna ladang hasil sadapan Kawung Atawa gula aren, inuman ieu kungsi kawentar taun 90-an ieu asal ti jawa barat, Lian ti seger tur amis lahang oge mibanda khasiat sanes kanten kacida loba pikeun kasehatan nyageurkeun panyakit diabetes, ngungkulan hese miceun jeung ngalancarcarkeun sistem pencernaan. 2. Bajigur Bajigur nyaéta inuman has Sunda anu teu kahaja kapanggih ku para patani anu resep nyeduh gula aren ku cai haneut saméméh indit ka tani. Laun-laun inuman gula aren ieu mekar, para patani nambahan jahé jeung cipati anu matak haneuteun awak lantaran harita Jawa Barat masih kénéh tiis. Bajigur dianggap inuman basajan sabab ngan ngagunakeun teu loba teuing jahé, cipati jeung gula aren salaku bahan dasar, jadi rasa nu ngadominasi nyaéta rasa amis ketan tina gula aren jeung santan, kitu ogé rasa haneut tina jahé dipaké. Bajigur identik jeung penyajianna anu haneut sarta disuguhan ku rupa-rupa kadaharan anu dikulub saperti seupan cau, kacang rebus...

Kasenian tradisional khas jawa barat

Gambar
     Geus moal bireuk deui rupa - rupa kasenian tradisional khas Jawa Barat kakoncara kawentar Ka sakuliah Indonesia boh ka mancanegara. Ku mangrupa seni Jeung kabudayaan eta tangtu mibanda kaunikan sorangan. Daya tarik pikeun warga anu padumukan di luar Jawa Barat Jeung wisatawan asing. Provinsi Jawa Barat salah sahiji wewengkon anu pangbeungharna budaya Jeung seni. Kaceluk provinsi ieu minangka salah sahiji panganjrekan padumukan panyicingan Manusa anu pangkolot pangbuhuna di Indonesia. Diantara kesenian tradisional khas Jawa Barat nyaeta  1 . Kasenian tradisional jaipong      Tari jaipong mangrupakeun salah sahiji kasenian asal Bandung Jawa Barat. Lahir ku kamotekaran seniman diciptakeun ku Gugum gumbira. Paniten anteb leukeun kasenian rahayat ieu. Anjeuna mikawanoh Jeung bener bener ngarti Kana repertoar pola gerak tari - tarian tradisional nu aya di kliningan / bajidoran. Gerakan - gerakan saperti bukaan, mencugan, nibakeun Jeung sababaraha jenis...