nyindiran ku cara lemes matak jengkel

 


Kecap sindiran dina basa Sunda mindeng dipaké pikeun nepikeun kritik atawa pesen lemes ku cara mikir anu diajak omong tapi tetep keuna.

Sisindiran dina basa Sunda miboga kaunikan sorangan dina nepikeun kritik atawa pesen buni atawa nyumput.

Sanajan sorana peureus nenggel , sindiran ieu sabenerna boga tujuan pikeun ngingetkeun sarta ngaronjatkeun sikep batur ku cara halus.

Kadé ngagunakeun éta kalayan wijaksana sareng henteu kaleuleuwihan supados henteu nganyenyeri perasaan batur.

 Dihandap ieu sababara hiji sindiran matak peureus jeung keuheul lamun anu ngadengekeuna surti.

1. “Ulah sok ngomongkeun lamun teu bisa nyieun nu leuwih alus mah.”

(Jangan banyak omong kalau tidak bisa membuat yang lebih bagus.)

2. “Hirup mah ulah loba gaya tapi kudu loba duit.”

(Hidup itu jangan banyak gaya tapi harus banyak uang.)

3. “Pasti peurih sih lamun diputuskeun teh, komo deui lamun diputuskeunna sabab direbut babaturan sorangan.”

(Pasti perih kalau diputusin cinta. Apalagi kalau putusnya karena direbut kawan sendiri.)

4. “Cinta sia mah palsu, paling alus oge KW super eweuh nu orisinilan.”

(Cinta kamu itu palsu, paling bagus juga KW super enggak ada yang bener-bener asli.)

5. “Ari maneh jelema atawa kalkulator? Meni henteu menang salah.”

(Kamu itu orang atau kalkulator? Sampe gak boleh salah.)

6. “Masalah mah tong diperpanjang, da lain STNK.”

(Masalah itu jangan diperpanjang, karena bukan STNK.)

7. “Lur, inget hirup mah teu bisa sagala instant. Mun haying instan ninyuh sarimi weh.”

(Sob, ingat hidup itu tidak bisa instan. Kalau mau serba instant seduh mie saja.)

8. “Aya kahayang bari jeung teu dibarengan ku usaha mah sarua jeung ngabodor.”

(Punya keinginan tapi tidak disertai usaha sama saja dengan bercanda.)

9. “Lalaki sajati mah tara ngomongkeun tukangeun atawa ngadukeun batur.”

(Lelaki sejati itu nggak pernah ngomongin atau mengadu domba orang.)

10. “Bisa teh karena biasa, urang moal bisa ngangeuskeun masalah lamun teu biasa keuna masalah.”

(Bisa itu karena biasa, kita enggak akan bisa menyelesaikan masalah kalau tidak biasa kena masalah.)

11. “Tong sok ngaulinkeun hate aing atuh euy da lain cocooan atuh.”

(Jangan suka permainin hati aku dong, hati aku kan bukan mainan.)

12. “Suatu saat akan kau sadari bahwa aing adalah permata yang kau piceun.”

(Suatu saat akan kau sadari bahwa gue adalah permata yang kau buang.)

13. “Lamun ngobrol sing ngareunaheun atuh lah bisi di tamasak ku oli gera.”

(Kalau ngobrol yang bagus dong, aku cuci muka kamu pake oli nanti.)

14. “Sakabeh perjalanan nu teu di hareupkeun pasti bakal sae dina palebah tung-tungna kitu oge lamunmah keur alus milikna.”

(Semua perjalanan yang tidak diharapkan pasti bakal indah pada waktunya. Itu juga kalau lagi beruntung)

15. “Jangan suka ngomongin batur euy lamun maneh nggak bisa ngelakuin sesuatu yang leuwih alus mah.”

(Jangan suka ngomongin orang kalau kamu nggak bisa ngelakuin sesuatu yang lebih baik.)

16. “Ai maneh, ngapload foto sakitu lobana tapi beungeutna kitu-kitu keneh. Biar apa?”

(Kamu tuh, nge-upload foto segitu banyaknya tapi mukanya gitu-gitu aja. Biar apa?)

17. “Lamun hirup ulah lempeng-lempeng teuing meni jiga jidar.”

(Kalau hidup jangan lurus-lurus amat seperti penggaris.)

18. “Terus aing kudu kitu, terus aing kudu kieu. Hayoh we terus-terus, emang aing tukang parkir.”

(Terus gue harus gitu, terus gue harus gini. Terus aja terus-terus, emang gue tukang parkir.)

19. “Hese ari bogoh kanu teu bogoh mah. Siga meuli rokok sabatang ka Indomaret, moal di waro.”

(Susah kalo suka sama orang yang gak suka kita. Ibarat beli rokok sebatang ke Indomaret, gak di gubris.)

20. “Ulah waka sombong lamun acan bisa balap motor bari dikonci setang mah.”

(Jangan sombong kalau belum bisa balap motor sambil dikunci stang.)

21. “Jaman ayeuna mah ulah percaya kitu wae kana foto profil di media sosial, loba bohongna. Ngan foto KTP nu paling jujur salila ieu.”

(Zaman sekarang jangan percaya gitu sama foto profil di media sosial, banyak boongnya. Cuma foto KTP yang paling jujur selama ini.)

22. “Bro, ari sia ngomong teh baleg, bisi ditamasan ku coca-cola geura ku aing.”

(Bro, kalau kamu ngomong yang bener, nanti mukamu dicuci pakai coca-cola sama saya.)

23. “Urang bageur ayeuna mah langka siga gas 3 Kg.”

(Orang baik sekarang langka, seperti gas LPG 3 Kg.)

24. “Jangjina mah meni kareueut kawas peueut ari buktina pait alabatan batrawali.”

(Janjinya saja dulu sangat manis, tapi buktinya pahit seperti bratawali.)

25. “Jadi pamuda ulah sok meok samemeh di pacok.”

(Jadi pemuda itu jangan menyerah sebelum bertarung.)

26. “Hatiku bukanlah sangu sesa yang bisa kau remehkan.”

(Hatiku bukanlah nasi sisa yang bisa kau remehkan.)

27. “Urang sabar kusabab boga hate. Coba lamun urang boga batu. Geus dibalangkeun batuna kana beungeut sia.”

(Aku sabar karena punya hati. Coba kalau aku punya batu. Udah ku tabokin batu itu ke mukamu.)

28. “Babaturan nyaeta manehna anu sok nginjeuman duit bari tara daek dibayar.”

(Sahabat adalah dia yang suka meminjamkan uang namun tidak pernah mau dibayar.)

29. “Bobogohan jeung sia mah kalah matak rujad dompet.”

(Pacaran sama kamu itu bikin rusak dompet.)

30. “Hareupeun sumuhun dawuh, tukangeun ngomongkeun.”

(Kalau di depan iya-iya saja, tapi di belakang suka membicarakan.)

31. “Keur butuh mah lumah lameh, geus jadi mah poho.”

(Kalau lagi butuh berperangai baik, kalau sudah tercapai lupa.)

32. “Manuk hiber ku jangjangna jalma hirup ku akalna.”

(Gunakan akal dalam melangkah, buat apa Yang Maha Kuasa menciptakan akal kalau tidak digunakan sebagai mestinya.)

33. “Jangan suka ngulinkeun. Da aku teh jelema, lain kaulinan budak.”

(Jangan suka mainin. Aku ini manusia, bukan mainan anak-anak.)

34. “Ari gaya jiga nu sumuhun, tapi kana hutang melid.”

(Kalo gaya kayak yang sok iya, tapi giliran bayar utang males.)

35. “Kenapa mantan-mantan aing teh masih aja pada hidup, ya? Padahal dulu bilangnya nggak bisa hidup tanpa urang.”

(Kenapa mantan-mantanku masih pada hidup, ya? Padahal dulu bilang nggak bisa hidup tanpa aku.)

36. “Aya kahayang bari jeung teu dibarengan ku usaha mah sarua jeung ngabodor.”

(Punya keinginan tapi sambil tidak disertai dengan usaha sama saja dengan bercanda)

37. “Teu aya istilah cinta buta, aya ge jalma eta sorangan nu ngabutakeun diri.”

(Tidak ada istilah cinta buta, yang ada orang itu sendiri yang membutakan dirinya)

38. “Napsu nyaeta hiji perkawis anu miboga sipat samentara nu lewih langkung diresepan, tibatan perkawis-perkawis anu langgeng.”

(Nafsu adalah suatu hal yang bersifat sementara yang lebih dulu disukai daripada hal-hal yang abadi)

39. “Kalakuan ngukur baju sasereg awak.”

(Jangan hanya melihat seseorang dari luarnya saja)

40. “Paradaban sareng elmu sami pentingna pikeun ngudag kahirupan dunya.”

(Adab maupun ilmu sama pentingnya untuk mengejar kehidupan dunia)

41. “Asih henteu dumasar kana penampilan alus, kaendahan raray anjeun, kabeungharan anjeun sareng karya anjeun.”

(Cinta itu tidak berpatokan pada ketampanan, cantiknya parasmu, banyaknya hartamu, dan pekerjaanmu)

42. “Bobot pangayun timbang taraju.”

(Apa yang akan kita lakukan harus dipertimbangkan terlebih dahulu)

43. “Tong eureun-eureun usaha sabab usaha tara ngabohongan hasil.”

(Jangan berhenti berusaha karena usaha tidak akan membohongi hasil.)

44. “Jadikeun kahirupan di dalam dunia kaya-kaya keur ngumbara atawa ngaliwat dina hiji jalan.”

(Jadikanlah kehidupan di dunia seperti pengembaraan atau seperti melewati suatu jalan)

45. “Nu ngarana hirup mah loba cobaan. Mun loba saweran eta ngarana dangdutan.”

(Yang namanya hidup mah banyak cobaannya. Kalo banyak saweran, itu namanya dangdutan)

46. “Hirup itu kudu loba seuri, ngarah katempona teh bagja alias senang. kitu, sanajan mah hate keur notog titajong boleksek.”

(Hidup itu harus banyak tertawa agar terlihat senang dan bahagia, meski hati sedang dalam keadaan gundah)

47. “Saban masalah anu dongkap ayeuna, sanes kanggo ngalabuhkeun, nanging kanggo nguji sabaraha kuat salira tiasa nahana.”

(Setiap masalah yang datang sekarang, bukan untuk menjatuhkan, tetapi untuk menguji seberapa kuat kita bisa menahannya)

48. “Ulah ngarasa nalangsa kusabab ngarasa sorangan. Tingali bulan, anjeunna oge sorangan nanging angger katembong masihan cahyana.”

(Jangan merasa sedih karena merasa sendiri. Lihat rembulan, dia juga sendiri namun tetap memberi cahayanya)

49. “Hirupmah heuheuy jeung deudeuh, lamun teu heuheuy nya deudeuh.”

(Hidup ini antara bahagia dan sedih, kalau tidak bahagia ya sedih)

50. “Hirup ieu kedah dimimitian ku kalawan du”a sarta ditutup ku rasa sukur.”

(Hidup haruslah dimulai dengan doa serta diakhiri dengan rasa syukur)


inohong menak anu ngahudangkeun literasi buku bacaan sunda



 

Raden Ayu Lasminingrat jeung Raden Kartawinata, Nyaeta Putra Raden Moehammad Moesa, mangrupakeun panghulu di Limbangan. Boh Raden Ayu, atawa Raden Kartawinata duanana mibanda malire ngaruwat paya kumbuh gede pisan jasana dina widang atikan. 

Dina taun 1800-an, basa sunda minangka bahasa utama masyarakat Garut, sahingga basa sunda harita dijadikeun bahasa panganteur dina aktivitas pendidikan.

Ngan hanjakal mangsa harita, bahan bacaan naskah literatur jeung buku basa sunda kacida saeutik arang langka manggihan, lian ti eta, loba buku bacaan make bahasa walanda jeung jerman, anu teu kaharti ku umumna urang pribumi.     

Ku lantaran kitu, hate jeung pikiran Raden Ayu ngageuri kagagas, mateahkeun sangkan basa sunda bisa diteuleuman, dipelajari ngarah beunta ngaronjat kamajuan siga bangsa deungeun. antukna Raden Ayu Lasminingrat ngajakan adina satekah polah. kumaha carana masyarakat sunda pinter calakan ku jalan maca literatur buku bacaan sunda.

Raden Ayu Lasminingrat jeung Raden Kartawinata pohara loba narjamahkeun buku katut literatur bahasa walanda.

Disagedengen eta, Raden Ayu Lasminingrat jeung Raden Kartawinata pon kitu deui aktif nulis buku - buku sejena minangka ngahurip hirupkeun dunya atikan sunda.


 


Jatuh Tempo



Jatuh Tempo

Nasabah kapaksa dititah ngawin debt collector, alesana gara - gara teu bisa mayar hutang. lain jatuh cinta, tapi jatuh tempo. tuluy boga budak lahir minangka jaminan. 

 

Goreng patut

Belisa balita diasuh kubapana, ditanya

+ "saha panggeulisna" ?

-   Belisa

+ " Ari Bapa kumaha " ?

-   "Goleng patut".


Teh

+ "Aya sabaraha hiji cing sebutkeun rupa - rupa teh anu dijual di warung, jeung coba tataan

     teh aya unggal di imah"?

-  "Teh Kotak, Teh Botol, Teh Gelas, Teh Sariwangi, Teh Upet.

    Lamun Teh anu unggal aya di imah ngan beda - beda ngarana nyaeta ; Teh Rita, 

    Teh  Ani Teh Dewi, Teh Rini, Teh Imas, Teh  Mimin, waaaah loba pisan moal kaitung".    

 

Dibagi Raport

Orang tua siswa/i keur dariuk dina bangku di kelas ngadagoan disebut budakna saurang - saurang ka hareup dipanggil. teuing awahing ti tatadi ku lila kesel, atawa memang epesan. hiji budak bolon ngabangingik leweh denger tarik pisan, nyuuh dina lahunan indungna nyekelan cocooan.. ngadenge aya anu ceurik titah jempe tujuanamah, guru ngarti jol langsung ngageroan nanya saha ngaran lanceukna,  atuh pating kecewis ngagereyem kolot wali siswa/i sejenna nyarita " nyaho kieumah kuring mending mawa adina sina ceurik supaya gancang balik mekel raport moal nepi ka kesel cangkeul kieu".


Kabel

+ "Kabel naon anu moal bisa katahan teu kuat kudu gancang dikaluarkeun"?

-  "Kabel lieur meureun".

+ "His lain"

- " Kabel naon atuh"?

+ "Kebelet pipis hayang kahampangan".

 

Neng Lasmini

Neng lasmini saurang mojang montod tur geulis kawanti - wanti endah kabina - bina.lamun leumpang bareurat ngagegak genjlong taneuh eundeur, sakujur awakna ginding reunceum ku perhiasan. atuda neng lasmini didieu mah ngaran gajah bikang asal lampung anu bobot badan 10 ton KG.


Sapu

+ " Sapu naon anu kumplit kabawa beresih lenang"?

- " Sapu jagat"

+ " Lain ".

-  " Naon atuh "?

+ " Sapuratina".


Kurupuk Kiripik Koropak

+ " Kadaharan tina sampeu sok dijieun"?

- "  Kiripik ".

+ " Lauk tenggiri sok dijieun bahan "?

- "  Kurupuk Ikan".

+ " Lamu  ngainbox atawa ngirimkeun pesen surat disebut"?

- "  Koropak ".

 

Sea Food

saurang budak bolon keur meujeuhna capetang celembeng sagala ditanyakeun  ka bapana

+ " Sea food naon pak "?

- "  makanan laut saperti kerang, tiram, hurang jeung sajabana

+ " lamun  tutut ge lebet kana sea food nya pak "?

- " etamah makanan sawah ".

 

Cikurubuk

Baheula sasakala pangna pasar dingaranan cikurubuk, nyaeta harita anu balanja beuteungna kukurubukan lapar, ngerebek can kararaban sangu opieun.

 

Jorang

Di jawa Barat aya Desa jeung tempat objek wisata katelah cawokah lamun disebutkeun wirang kulamas kelemes. ku ngadengena ragap samar polah, api - api teu jentre naon anu dipimaksud.

Kahiji Pasir Heunceut di daerah cipeundeuy Ciamis

Kadua Sarkanjut di Leuwi goong Garut

Katilu Kandang Haur di Indramayu 


Mobil Kiridit

Cara ngabedakeun mana mobil meunang ngiridit jeung mobil meuli kontan gampang pisan. lain ditempo mulus herang ngagenclang, tapi dina palebah pengkolan atawa ngerem. lamun mobil ngiridit mah ngejelengeng cekiiiiit ngidiiiiit. sabalikna mobil kontan mah jempling.

 

Careuh

Anu sok resep nginum kopi merk careuh, dijamin bakal lihai ngajalankeun motor tarik lumpat lir ibarat pembalap nyiap kandaraan sejen kayaning motor komo mobilmah. lantaran bisa luwak leok panon rancingeus awas.

 

Cool

Robert asli pituin Amerika, rumaja pakulitan bule cool dedegan jangkung badag. robert sosobatan jeung Ajo jauh pisan tanah ka langit. sanajan Ajo awak hideung papanasan wae ancrub ka sawah meni kuleuheu.

 

Taun Baru

Udin dina nyanghareupan malem taun baru bingung, duit teu gableg, ku kabeneran euweuh babaturan nu ngajakan nawaran ulin. udin stress mending hees weh ceuk pikirna seunggah hayang wagiru manggih isuk - isuk. teu sakara - kara, cape barang gawe ti beurang keneh. pukul 21.00 WIB geus tunduh goledag nyegrek kerek. kagareuwahkeun gandeng pepetasan pating jelegur, udin kuniang hudang jarum jam nuduhkeun 23.55 WIB tungtungna udin kapaksa panon molotot.       


 

  




Pupujian




Lamun urang keur aya di masjid sabot ngadagoan komat, sok aya salah saurang ngahariring pupujian,
boh pupujian dijero masigit ti kajauhan kadenge hawar - hawar. Aya deui anu sok dihaleuangkeun lamu keur di madrasah, nungguananu sejen daratang atawa ustzad mere pelajaran.
Utamana eusi kaagamaan pepeling papatah hirup kudu dina kaayaan bener ngajalankeun parentah agama jeung darigama pikeun kasalametan di dunya jeung aherat.
Pupujian teh nyaeta puisi buhun anu ngandung nyoko kana ajaran agama islam. Asalna tina sa'ir ata-wa si'ir. Nyaeta puisi anu asalna tina bahasa arab.
pupujian diwangun ku opat padalisan dina sapadana, sarta dina sapadalisanana diwangun ku dalapan engang. Tapi aya oge anu diwangun ku dua padalisan dina sapadana ; genep padalisan dina sapadana, jeung sajabana.
Purwakanti dina pupujian umumna purwakanti laras wekas atawa murwakanti ditungtung.
contona ;

Geuning maot ngadodoho,     -ho
boro sok dipopoho,                 -ho
datangna teu mere nyaho        -ho
ngageretak taya tempo            -ho 
 
conto sejenna

Anak adam naha anjeun henteu sadar,     -ar
hirup di dunya teh moal megar,                -ar       

pupujian oge sok disebut nadom. boh sacara lisananu sok diucapkeun ku para santri jeung barudak dialajar di madrasah.
Pungsi pupujian secara gurat badag nyaeta ngabogaan ekpresi jeung pungsi sosial. 
anu dimaksud ekspressi didieu hartina ngebrehkeun kereteg ati si pangarang. 
Sedengkeun pungsi sosial nyaeta pikeun mere pangajaran atawa mepelingan ka balarea. Tapi dina kamekaranana pungsi sosial leuwih gede tibatan pungsi ekpressi.
ditilik dibandunganmah pupujian bisa diwilah - wilah kana sababaraha bagian diantarana nyaeta  ;

a. Muji ka Gusti Alloh
    conto,      Ya Alloh nu sipat rohman,
                    ni'matna ngawalatraan,
                    sadayana kabagian.
                    kanu kapir ka nu iman.


b. Sholawat ka Kanjeng Nabi
    conto        Rohmat Alloh salam Alloh,
                     ka Toha utusan Alloh,
                     rohmat Alloh salam Alloh,
                     ka Yasin kakasih Alloh.


c. Du'a jeung tobat ka Pangeran
    contona   Mugi Gusti ngahampura,
                    kana dosa jisim abdi,
                    sareng dosa ibu rama,
                    dulur muslimin - muslimat.


d. Pepeling 
    contona   Eling - eling dulur kabeh,
                    ibadah ulah campoleh,
                    beurang peuting ulah weleh,
                    bisina kaburu paeh.



e. Ajaran Agama
   contona    Pardu wudu aya  genep sadayana,
                    hiji niat kadua ngumbah beungeutna,
                    tilu ngubah leungeun dua jeumg sikuna,
                    opat ngusap saeutik tina sirahna,
                    lima ngumbah suku dua jeung muncangna,
                    genep tartib sing puguh runtuyanana.
                 
    




5 Kabiasaan sapopoe nyeni urang sunda







Bandung geus kawentar kota pang kakoncara di sakuliah warga jawa barat. Lantaran minangka ibu kota
provinsi. aya sababara hal anu jadi ciri kabiasaan eunteup dina diri urang bandung, khususna pasipatan kalakuan anu matak unik nyeni ciri khas pribadina.






1. Ngaleungitkeun teu make hurup D dina ngawangkong.
   Salah sahiji kabiasaan urang sunda tara make hurup D boh dihaja atawa henteu. lamun         keur uplek
   ngobrol. conto nyarita anu dina tulisan mah Bandung, kalahka diucapkeun Banung. conto     sejenna
   Sendal, diomongkeuna Senal. kadenge pikeun urang luar jawa barat umumna, mah aneh       mahiwal lucu.
   



2. Resep kadaharan sabangsaning atah
   Lamun dahar urang sunda resep suka sayuran anu can asak.dipake lalab ngarah daharna       pedo nikmat,
   saperti karedok, leunca, terong, cabe, kacang panjang. tara dikumbah heula, tapi angsung     am dituang.Boh leunca, surawung, bonteng jeung sajabana
  




3. Tibalik henteu bisa ngalarapkeun kalawan bentes mana hurup F, V jeung P.
    Urang bandung mindeng, hee ieuge kalahka mineng salah sebut atawa lieureun lamun          ngucapkeun Fanta jadi Panta. tuluy Fitnah dirobah Pitnah. tapi lamun ngedalkeun Parfum      hehe biasaeun fasih.

    Sabenerna letah urang sunda biasaeun mampuh apal mana F, V jeung P. kusabab geus            ilahar dipake harap dimaklum.




4. Kecap kata anu panjang disingget ngarah babari kaharti jeung aya unsur humor ger                pikaseurieun.
    Ngaran kadaharan opieun saperti combro alias oncom dijero, Cuanki alias cari uang jalan      kaki.
    Cireng alias aci digoreng, Colenak alias dicocol enak, Cilok alias aci dicolok, jeung              sajabana.
    Istilahna urang sunda miboga elmu kirata dikira - kira tapi nyata. Meneran antara benda        jeung makna anu dikandung eusina.
    .


5. Sering ngucapkeun kecap kecap umum ilahar biasa anu sabenernamah teuing naon               hartina. Conto "Kamana euy", "Ulah kitu atuh", :Cikan ketang ku urang bejaan",
    kalimat kecap anteuran panyambung bumbu obrolan supaya ngeunah diucapkeun.  













urang sunda kudu teuneung ludeung

Haliwar wedal sunda