5 Kabiasaan sapopoe nyeni urang sunda







Bandung geus kawentar kota pang kakoncara di sakuliah warga jawa barat. Lantaran minangka ibu kota
provinsi. aya sababara hal anu jadi ciri kabiasaan eunteup dina diri urang bandung, khususna pasipatan kalakuan anu matak unik nyeni ciri khas pribadina.






1. Ngaleungitkeun teu make hurup D dina ngawangkong.
   Salah sahiji kabiasaan urang sunda tara make hurup D boh dihaja atawa henteu. lamun         keur uplek
   ngobrol. conto nyarita anu dina tulisan mah Bandung, kalahka diucapkeun Banung. conto     sejenna
   Sendal, diomongkeuna Senal. kadenge pikeun urang luar jawa barat umumna, mah aneh       mahiwal lucu.
   



2. Resep kadaharan sabangsaning atah
   Lamun dahar urang sunda resep suka sayuran anu can asak.dipake lalab ngarah daharna       pedo nikmat,
   saperti karedok, leunca, terong, cabe, kacang panjang. tara dikumbah heula, tapi angsung     am dituang.Boh leunca, surawung, bonteng jeung sajabana
  




3. Tibalik henteu bisa ngalarapkeun kalawan bentes mana hurup F, V jeung P.
    Urang bandung mindeng, hee ieuge kalahka mineng salah sebut atawa lieureun lamun          ngucapkeun Fanta jadi Panta. tuluy Fitnah dirobah Pitnah. tapi lamun ngedalkeun Parfum      hehe biasaeun fasih.

    Sabenerna letah urang sunda biasaeun mampuh apal mana F, V jeung P. kusabab geus            ilahar dipake harap dimaklum.




4. Kecap kata anu panjang disingget ngarah babari kaharti jeung aya unsur humor ger                pikaseurieun.
    Ngaran kadaharan opieun saperti combro alias oncom dijero, Cuanki alias cari uang jalan      kaki.
    Cireng alias aci digoreng, Colenak alias dicocol enak, Cilok alias aci dicolok, jeung              sajabana.
    Istilahna urang sunda miboga elmu kirata dikira - kira tapi nyata. Meneran antara benda        jeung makna anu dikandung eusina.
    .


5. Sering ngucapkeun kecap kecap umum ilahar biasa anu sabenernamah teuing naon               hartina. Conto "Kamana euy", "Ulah kitu atuh", :Cikan ketang ku urang bejaan",
    kalimat kecap anteuran panyambung bumbu obrolan supaya ngeunah diucapkeun.  













pangarang , penyair sunda jeung karya monumental


Salah sahiji tujuan pangna pangarang nyieun karya sastra mangrupa novel khususna dina basa sunda. nyaeta  ngahirupkeun payakumbuh ngamumule basa sunda. ngawanohkeun ngagambarkeun kabudayaan adat istiadat seni pitutur boh situasi jeung kondisi sosial masyarakat sunda dina mangsa harita. sahingga kanu macana surti yen hiji kaayaan kasang tukang masyarakat jaman beda moal sarua. palebah ajaran , ageman, jeung faktor - faktor sejenna anu ngalingkung pageuh atawa ajaran faham. Lian ti anu puguh mah diajar nambahan kosa kata basa sunda anyar anu karek ngadenge jeung cara paling efektif ku jalan maca karya sastra mangrupa novel tea.

saha wae pangarang sunda anu kawentar makalangan karya monumental, 

1. Kabungbulengan
Pengarang : Bastaman, H.D
Penerbit dan tahun terbit : Pustaka Jaya (Bandung), 2013
Deskripsi Fisik : 167 halaman 21 cm
Bentuk : Novel Sunda
Target pembaca : umum


3. Dalingding Angin Janari
Pengarang : Usep Romli H.M.
Penerbit dan tahun terbit : Kiblat Buku Utama (Bandung), 2019
Deskripsi Fisik : 68 halaman ; 21 cm
Bentuk : Fiksi Sunda
Target pembaca : umum

4. Potret
Pengarang : Ahmad Bakri
Penerbit dan tahun terbit : Kiblat Buku Utama (Bandung), 2014
Deskripsi Fisik : Fiksi Sunda
Bentuk : Fiksi Sunda
Target pembaca : umum
Abstrak :

5. Abu Nawas Saembara
Pengarang : Rachmat M. Sas Karana
Penerbit dan tahun terbit : Kiblat Buku Utama, 2018
Bentuk : Fiksi Sunda
Target pembaca : Umum
Abstrak :


6. Galuring Gending
Pengarang : Tatang Sumarsono
Penerbit dan tahun terbit : Kiblat Buku Utama (Bandung), 2001.
Deskripsi Fisik : 336 halaman ; 21 cm
Bentuk : fiksi sunda
Target pembaca : umum
Abstrak :

7. Si Lamsijan kaedanan

Pengarang : Ki Umbara (1914-2005 (pengarang))
Penerbit dan tahun terbit :PT Kiblat Buku Utama (Bandung), 2019
Deskripsi Fisik : 66 halaman ; 21 cm
Bentuk : Fiksi Sunda
Target pembaca : umum
Abstrak :

8. Samagaha di Salakanagara
Pengarang : Sulaeman
Penerbit dan tahun terbit : Kiblat Buku Utama (Bandung), 2013
Deskripsi Fisik : 64 halaman, 21 cm
Bentuk : Novel Sunda
Target pembaca : umum

9. Saeni
Pengarang : Hadi AKS
Penerbit dan tahun terbit : Bandung : Kiblat Buku Utama (Bandung), 2014
Deskripsi Fisik : 151 hlm. ; 21 cm.
Bentuk : Novel Sunda
Target pembaca : umum

10. Pipisahan
Pengarang : Rahmatullah Ading Affandie
Penerbit dan tahun terbit : Kiblat Buku Utama (Bandung), 2012
Deskripsi Fisik : 110 hlm. ; 21 cm.
Bentuk : Fiksi Sunda
Target pembaca : Kelompok khusus

11. Hate Awewe
Pengarang : Risnawati
Penerbit dan tahun terbit : Kiblat Buku Utama (Bandung), 2011
Deskripsi Fisik : 209 hlm. ; 21 cm.
Bentuk : Fiksi Sunda
Target pembaca : Kelompok khusus

12. Bajigur Kana Henpon
Pengarang : Wahyu Heriyadi
Penerbit dan tahun terbit : Kentja Press (Ciamis), 2016
Deskripsi Fisik : 70 hlm. ; 20 cm.
Bentuk : Cerita pendek
Target pembaca : umum

13. Saembara di Mantili
Pengarang : Hidayat Soesanto
Penerbit dan tahun terbit : Kiblat Buku Utama (Bandung), 2012
Deskripsi Fisik : 79 halaman ; 18 cm
Bentuk : Fiksi Sunda
Target pembaca : umum

14. Aden Endul
Pengarang : Budi Riyanto Karung
Penerbit dan tahun terbit : PT Kiblat Buku Utama (Bandung), 2014
Deskripsi Fisik : 120 halaman : ilustrasi ; 21 cm
Bentuk : Fiksi
Target pembaca : umum

15. Lalampahan Abah Jeung Anak Abah
Pengarang : Yus Rusyana
Penerbit dan tahun terbit : Penerbit Layung (Garut), 2019.
Deskripsi Fisik : 92 halaman ; 19 cm
Bentuk : Fiksi Sunda
Target pembaca : umum

16. Katalimbeng angen-angen (kumpulan carita pondok)
Pengarang : Budi Rahayu Tamsyah
Penerbit dan tahun terbit : Geger Sunten (Bandung), 2009
Deskripsi Fisik : 160 halaman ; 21 cm
Bentuk : Fiksi
Target pembaca : umum

17. Jurutulis Malingping
Pengarang : Ahmad Bakri
Penerbit dan tahun terbit : PT Kiblat Buku Utama (Bandung), 2019
Deskripsi Fisik : 71 halaman ; 21 cm
Bentuk : Fiksi sunda
Target pembaca : umum

18. Wilujeng enjing
Pengarang : Yus Rusamsi
Penerbit dan tahun terbit : PT Kiblat Buku Utama (Bandung), 2019
Deskripsi Fisik : 43 halaman ; 21 cm
Bentuk : Fiksi Sunda
Target pembaca : umum

19. Guguritan
Pengarang : Ajip Rosidi, Sitti Aida Aziz
Penerbit dan tahun terbit :
Deskripsi Fisik : 202 halaman ; 23 cm
Bentuk : fiksi
Target pembaca : umum

20. Carita Budak Yatim

Pengarang : Hanapiah, R.
Penerbit dan tahun terbit : PT. Kiblat Buku Utama (Bandung), 2015
Deskripsi Fisik : 128 halaman ; 21 cm
Bentuk : Fiksi
Target pembaca : umum

21. Sasalad : Sempalan Epidemi di Tatar Garut
Pengarang : Dadan Sutisna

Penerbit dan tahun terbit : Dunia Pustaka Jaya (Bandung), 2020
Deskripsi Fisik : 324 halaman ; 21 cm
Bentuk : Novel Sunda
Target pembaca : umum

22. Demung Janggala
Pengarang : Tatang Sumarsono
Penerbit dan tahun terbit : Geger Sunten (Bandung), 2019
Deskripsi Fisik : 232 halaman : ilustrasi ; 24 cm
Bentuk : fiksi sunda
Target pembaca : umum

23. Prabu Anom Jayadewata
Pengarang : Yoseph Iskandar 1953-2008
Penerbit dan tahun terbit : Kiblat Buku Utama (Bandung), 2020 (cetakan II)
Deskripsi Fisik : 95 halaman ; 21 cm
Bentuk : Fiksi Sunda
Target pembaca : Anak Sekolah Dasar

24. Sabalakana
Pengarang : Dadan Sutisna
Penerbit dan tahun terbit : Pustaka Jaya (Bandung), 2013
Deskripsi : 344 hlm. ; 21 cm.
Bentuk : Fisik Sunda
Target pembaca : umum

25. Bentang Hariring
Pengarang : Dian Hendrayana
Penerbit dan tahun terbit : Geger Sunten (Bandung), 2018
Deskripsi Fisik : 68 halaman : ilustrasi ; 24 cm
Bentuk : Fiksi Sunda
Target pembaca : umum

26. Patepung di Bandung
Pengarang : Drs. Taufik Faturohman
Penerbit dan tahun terbit : Geger Sunten (Bandung), 2018
Deskripsi Fisik : 112 halaman : ilustrasi ; 23 cm
Bentuk : Fiksi Sunda
Target pembaca : umum

27. Sasakala Maribaya
Pengarang : Akub Sumarna
Penerbit dan tahun terbit : Geger Sunten (Bandung), 2018
Deskripsi Fisik : 48 halaman : ilustrasi ; 23 cm
Bentuk : Fiksi
Target pembaca : umum

28. Diwadalkeun ka Siluman
Pengarang : Ki Umbara
Penerbit dan tahun terbit : Bandung : Kiwari, 1965.
Deskripsi Fisik : 80 hlm. : ilus. ; 18 cm
Bentuk : Fiksi
Target pembaca : umum

29. Jangji Asih
Pengarang : Aam Amilia
Penerbit dan tahun terbit : PT Kiblat Buku Utama (Bandung), 2017
Deskripsi Fisik : 45 halaman ; 21 cm
Bentuk : Fiksi Sunda
Target pembaca : umum

30. Laleur Bodas
Pengarang : Samsu
Penerbit dan tahun terbit : Kiblat Buku Utama (Bandung), 2002
Deskripsi Fisik : 92 hlm ; 20 cm
Bentuk : Fiksi
Target pembaca : umum



Penyair dan novelis sunda kawentar buhun

1.  P.H.H MUSTOPA           (1852-1930)
2.  MUH. MUSA                  (1822-1886)
3.  DK ARDIWINATA         (1866-1947)
4.  YUHANA                        (1895-1930)
5.  G.SOEWANDAKOESOEMAH
6.  TIEN KARTINI                (1933-Kiwari           
7.  KIS WS                            (1922-1995)
8.  SAYUDI                           (1932-2000)
9.  RAF                                  (1929-2008)
10.RA HIDAYAT S               (1941-Kiwari
11.AJIP ROSIDI                    (1938-2020)
12.DUDUH DURAHMAN   
13.WAHYU WIBISANA      (1935-2014)
14.YUS RUSYANA              (1938-Kiwari
15.GODI SUWARNA           (1956-Kiwari
16.ETTY R.S                         (1958-Kiwari

istilah hujan dina basa sunda

Aya sababaraha ngaran rupa - rupa hujan dina basa sunda




1. Angkeub
    Kaayaan langit ceudeum poek tapi angin karasa ngaheab panas jeung hareudang

2. Cukclak
    Cihujan mimiti turun 

3. Ngagebret
    Hujan geus badag atawa ngabadagan 

4.  Angin ngagelebug
     Angin badag 


5. Dor Dar Gelap
    Hujan gede dibarengan guludug tur angin badag ngagelebug, langit poek pikasieuneun

6. Pras pris
    Hujan girimis ngeprul lemet tur lemes

7. Ngecrek
    Hujan leutik kaayaan lila panjang anu lumangsung ti mimiti isuk nepi ka peuting

8. Murupuy
    Hujan leutik dibarengan ku halimun





9.  Cileuncang
     Cai anu bijil nguyumbang semet mumuncangan balukar hujan

10. Ceudeum
      Kaayaan langit geus mendung poek hideung

11. Hujan poyan
      Hujan bari panon poe masih caang

12. Miripis
      Gerimis alias girimis


.  

13. Hujan Luluwukan
      Hujan lokal anu lumangsung di hiji daerah tapi di daerah sejen mah kalahka halodo

14. Ngelekeb 
      Kaayaan awak panas hareudang lingkungan sagala ngaheab. ciri bakal turun hujan

15. Bayeungyang
      Hawa panas ngaheab hareudang sahingga ngarasa sagala teu ngeunah dina  aktifitas

16. Cluk clak
      Hujan leutik saeutik samemeh lumangsung  nalika satuluyna hujan ngagedean ngagebret

17. Hujan Angin
      Hujan anu dibarengan ku angin gede ngagelebug badag bisa nguruntuhkeun wangunan  


     

Kalimah basa sunda mirip arabic saeutik


 Yap lahun = ulah nangtung wae

Yap milu =  tong cicing wae

Wadahhulu = kopeah

Watahsabunna = nitah nyeuseuh ka uwa

Malikinnasi = ngakeul

Lakunna lama = teu payu - payu

Lamma ta muddun = nanjak wae

Wauda wa'uluna = tumpak kuda nahuluna

Saestuuna = kuda hees katembong huntuna

Watini = lanceuk indung





Watata = Ketua RW 05 Cijoged

Waruki = marbot masjid jami ciburahol

Alwasim = tukang hordeng urang rancanyiruan

Aladin = lampu

Albasiah = kai

Alpuket =  bungbuahan 

Almanak  = kalender

Mustahil = mengbal dina jero laut



 Paslun =
Kuda leupas di alun - alun

Ya ayyuhannas = aya iuh aya panas

Manna bahanna = imah can anggeus

Tarok kalapa ala cai patina =  ubar hanaang

Fulkanisir = lamun ban geus dugul bolenang

Kholidina fiha = omat ulah kiih didinya

Alketif = karpet masigit

Assa'atu = balong saat

Silalatu = reungit jarambah sawah keur sore

Mana sikana = ucing sumput




Arah mata angin dalam basa sunda




Lamun hiji mangsa urang rek indit - inditan  sakapeung bingung rek ka mana arah ka kidul, ka kaler, atawa ka kulon ? atawa pedah batur nersngkeun tuh diditu di kulon tempat hajat teh misalna.
dina bahasa sunda kalintang pohara loba dipake nangtukeun arah mata angin kalayan bener.

Kaler = Utara

Kidul = Selatan

Kulon = Barat

Wetan = Timur


Satuluyna ngaran mata angin di luhur eta, ditambahan akhireun

Kalereun artinya sebelah Utara

Kiduleun artinya sebelah Selatan

Kuloneun artinya sebelah Barat

Wetan artinya sebelah Timur 


paus



Paus
- kamari kuring Panggih Jeung paus 
+ Wah maenya paus Johanes Paulus tea, vatikan roma? 
- lain ieumah pa-ustadz hilman
- Aya Aya wae suganteh Saha.

Tarasi
Aceng kaasup jalma sieunan borangan geumpeur Soak lamun Panggih Jeung anu teu wawuh.
Rahmat mere saran ngarah Aceng bijil kawani kudu dahar tarasi. Ngarah kadituna tarasi_eunan.

Sebelum pulang
Guru asup ka kelas tuluy nitah Arif, muridna nyiapkeun mere aba-aba nitah mingpin du'a.
Arif = sebelum pulang marilah kita berdo'a dulu
Guru = karekge dimimitian pelajaran bet kalahka ujug ujug mantog.



Bahasa inggris gaul
Kiss Hartina cium
Pray Hartina berdoa
Kisspray = pelembut pakaian.

Bahasa inggris gaul 2.
My = saya
Baby = bayi
My baby merk minyak telon

Bahasa inggris gaul 3.
Hot Hartina panas
Spot Hartina titik
Hotspot teu boga kuota hayang internet haratis



Bahasa inggris gaul 4.
On = nyala
Line = garis
On line boro - boro dibales wa diantep teu ditingali

Bahasa inggris gaul 5.
Bapak = father 
Ibu = mother
Anak = bapak sareng ibu udar ider milarian artos dugika lieur.

Bahasa inggris gaul 6

Air = udara
Land = tanah
Air land = springbed 



Adi lanceuk

Belisa umur budak bolon umur 3 taunan leuwih,Ngarana ge budak umur sakitu can bentes can bisa ngabedakeun mana kamari Jeung pamali.
Kasampak keur Ulin Jeung lanceukna, ngarana bening.
Belisa keuheul rumasa dilonyeng ku lanceukna pok nyarita kieu
" awas bening ulah Kitu etateh kamari"
Lanceukna nyerengeh seuri anu dimaksud sabener na pamali lain kamari. 

Kakas
- RT keur ngadata warga Saha Nami?
+ Kakas
- dupi Soca ?
+ masih bengras
- padamelan ?
+ pakakas
- kunaon buuk jabrig ?
+ Teu Acan diparas
- kumaha kinten2a pa kakas saupamina teu kenging bantosan
+ Awas abdi bakal heuras ngagorowok bedas

Ekonomi 
Kang Rukman puyeng pedah token listrik babari beak disada ngik ngik ngik kudu hantem dieusian.
Antukna awahing ku bingung satengah nekad kang Rukman meuli sabun merk ekonomi.
Laju diteundeun eta sabun Dina luhureun box meteran listrik, Sangkan teu babari beak.


Konci 
Sarkowi masang konci dilakban Dina tarangna. Sakur anu ngaliwat nempokeun nyangka yen manehna keur gelo.
Tapi gening nalika Ujang nanya ka Sarkowi kunaon maneh kalakuan siga jalma kurang saeundan make jenung napelkeun konci Dina taar ?
Sarkowi ngajawab kieu " ngarah salamet Dina ngalakonan hirup kudu sadia konci ngarah bisa gampil muka pasualan "
Ujang = gogodeg Garo Garo teu ateul


Gondongeun

Bulao warna biru Dina basa Sunda, tapi memang bener jaman baheula lamun katarajang panyakit gondongeun matih cageur make bulao. Dukun Jeung dokter Taluk pasrah sumerah lamun kadatangan pasen gondongeun lantaran Ngan boga warna biru, sedengkeun biru apan teu neurak nyinglarkeun gondongeun kalahka mintul.

Deukeut Jeung murid

Saurang guru ngarana Bu Rani tuluy nunutur ka muridna anu ngarana Desi.
Kamana wae Desi cengkat indit teu weleh ngingintil. Malahan Bu Rani meped nyered diuk ngageser Desi. Rek ka WC Oge Desi, Bu guru rani mimilu.
Desi = "kunaon Ari ibu Kitu ka abdi teh"?
Bu Rani = " apan ka murid kudu deuheus".
Desi       = "ampun alim Bu ah teu sanggem"



istilah Diuk dina basa sunda



1. Cingogo

2. Sila
3. Emok

4. Nangunjar
5. Andiprek

6. Ucang - ucangan
7. Sideuha


8. Sila tutug


9. Nyengcle
10. Ngabaheuhay

11. Ngalageday



urang sunda kudu teuneung ludeung

Haliwar wedal sunda