Aya sababaraha ngaran rupa - rupa hujan dina basa sunda
1. Angkeub
Kaayaan langit ceudeum poek tapi angin karasa ngaheab panas jeung hareudang
2. Cukclak
Cihujan mimiti turun
3. Ngagebret
Hujan geus badag atawa ngabadagan
4. Angin ngagelebug
Angin badag
Hujan gede dibarengan guludug tur angin badag ngagelebug, langit poek pikasieuneun
6. Pras pris
Hujan girimis ngeprul lemet tur lemes
7. Ngecrek
Hujan leutik kaayaan lila panjang anu lumangsung ti mimiti isuk nepi ka peuting
8. Murupuy
Hujan leutik dibarengan ku halimun
9. Cileuncang
Cai anu bijil nguyumbang semet mumuncangan balukar hujan
10. Ceudeum
Kaayaan langit geus mendung poek hideung
11. Hujan poyan
Hujan bari panon poe masih caang
12. Miripis
Gerimis alias girimis
13. Hujan Luluwukan
Hujan lokal anu lumangsung di hiji daerah tapi di daerah sejen mah kalahka halodo
14. Ngelekeb
Kaayaan awak panas hareudang lingkungan sagala ngaheab. ciri bakal turun hujan
15. Bayeungyang
Hawa panas ngaheab hareudang sahingga ngarasa sagala teu ngeunah dina aktifitas
16. Cluk clak
Hujan leutik saeutik samemeh lumangsung nalika satuluyna hujan ngagedean ngagebret
17. Hujan Angin
Hujan anu dibarengan ku angin gede ngagelebug badag bisa nguruntuhkeun wangunan
Komentar
Posting Komentar