inohong menak anu ngahudangkeun literasi buku bacaan sunda



 

Raden Ayu Lasminingrat jeung Raden Kartawinata, Nyaeta Putra Raden Moehammad Moesa, mangrupakeun panghulu di Limbangan. Boh Raden Ayu, atawa Raden Kartawinata duanana mibanda malire ngaruwat paya kumbuh gede pisan jasana dina widang atikan. 

Dina taun 1800-an, basa sunda minangka bahasa utama masyarakat Garut, sahingga basa sunda harita dijadikeun bahasa panganteur dina aktivitas pendidikan.

Ngan hanjakal mangsa harita, bahan bacaan naskah literatur jeung buku basa sunda kacida saeutik arang langka manggihan, lian ti eta, loba buku bacaan make bahasa walanda jeung jerman, anu teu kaharti ku umumna urang pribumi.     

Ku lantaran kitu, hate jeung pikiran Raden Ayu ngageuri kagagas, mateahkeun sangkan basa sunda bisa diteuleuman, dipelajari ngarah beunta ngaronjat kamajuan siga bangsa deungeun. antukna Raden Ayu Lasminingrat ngajakan adina satekah polah. kumaha carana masyarakat sunda pinter calakan ku jalan maca literatur buku bacaan sunda.

Raden Ayu Lasminingrat jeung Raden Kartawinata pohara loba narjamahkeun buku katut literatur bahasa walanda.

Disagedengen eta, Raden Ayu Lasminingrat jeung Raden Kartawinata pon kitu deui aktif nulis buku - buku sejena minangka ngahurip hirupkeun dunya atikan sunda.


 


Jatuh Tempo



Jatuh Tempo

Nasabah kapaksa dititah ngawin debt collector, alesana gara - gara teu bisa mayar hutang. lain jatuh cinta, tapi jatuh tempo. tuluy boga budak lahir minangka jaminan. 

 

Goreng patut

Belisa balita diasuh kubapana, ditanya

+ "saha panggeulisna" ?

-   Belisa

+ " Ari Bapa kumaha " ?

-   "Goleng patut".


Teh

+ "Aya sabaraha hiji cing sebutkeun rupa - rupa teh anu dijual di warung, jeung coba tataan

     teh aya unggal di imah"?

-  "Teh Kotak, Teh Botol, Teh Gelas, Teh Sariwangi, Teh Upet.

    Lamun Teh anu unggal aya di imah ngan beda - beda ngarana nyaeta ; Teh Rita, 

    Teh  Ani Teh Dewi, Teh Rini, Teh Imas, Teh  Mimin, waaaah loba pisan moal kaitung".    

 

Dibagi Raport

Orang tua siswa/i keur dariuk dina bangku di kelas ngadagoan disebut budakna saurang - saurang ka hareup dipanggil. teuing awahing ti tatadi ku lila kesel, atawa memang epesan. hiji budak bolon ngabangingik leweh denger tarik pisan, nyuuh dina lahunan indungna nyekelan cocooan.. ngadenge aya anu ceurik titah jempe tujuanamah, guru ngarti jol langsung ngageroan nanya saha ngaran lanceukna,  atuh pating kecewis ngagereyem kolot wali siswa/i sejenna nyarita " nyaho kieumah kuring mending mawa adina sina ceurik supaya gancang balik mekel raport moal nepi ka kesel cangkeul kieu".


Kabel

+ "Kabel naon anu moal bisa katahan teu kuat kudu gancang dikaluarkeun"?

-  "Kabel lieur meureun".

+ "His lain"

- " Kabel naon atuh"?

+ "Kebelet pipis hayang kahampangan".

 

Neng Lasmini

Neng lasmini saurang mojang montod tur geulis kawanti - wanti endah kabina - bina.lamun leumpang bareurat ngagegak genjlong taneuh eundeur, sakujur awakna ginding reunceum ku perhiasan. atuda neng lasmini didieu mah ngaran gajah bikang asal lampung anu bobot badan 10 ton KG.


Sapu

+ " Sapu naon anu kumplit kabawa beresih lenang"?

- " Sapu jagat"

+ " Lain ".

-  " Naon atuh "?

+ " Sapuratina".


Kurupuk Kiripik Koropak

+ " Kadaharan tina sampeu sok dijieun"?

- "  Kiripik ".

+ " Lauk tenggiri sok dijieun bahan "?

- "  Kurupuk Ikan".

+ " Lamu  ngainbox atawa ngirimkeun pesen surat disebut"?

- "  Koropak ".

 

Sea Food

saurang budak bolon keur meujeuhna capetang celembeng sagala ditanyakeun  ka bapana

+ " Sea food naon pak "?

- "  makanan laut saperti kerang, tiram, hurang jeung sajabana

+ " lamun  tutut ge lebet kana sea food nya pak "?

- " etamah makanan sawah ".

 

Cikurubuk

Baheula sasakala pangna pasar dingaranan cikurubuk, nyaeta harita anu balanja beuteungna kukurubukan lapar, ngerebek can kararaban sangu opieun.

 

Jorang

Di jawa Barat aya Desa jeung tempat objek wisata katelah cawokah lamun disebutkeun wirang kulamas kelemes. ku ngadengena ragap samar polah, api - api teu jentre naon anu dipimaksud.

Kahiji Pasir Heunceut di daerah cipeundeuy Ciamis

Kadua Sarkanjut di Leuwi goong Garut

Katilu Kandang Haur di Indramayu 


Mobil Kiridit

Cara ngabedakeun mana mobil meunang ngiridit jeung mobil meuli kontan gampang pisan. lain ditempo mulus herang ngagenclang, tapi dina palebah pengkolan atawa ngerem. lamun mobil ngiridit mah ngejelengeng cekiiiiit ngidiiiiit. sabalikna mobil kontan mah jempling.

 

Careuh

Anu sok resep nginum kopi merk careuh, dijamin bakal lihai ngajalankeun motor tarik lumpat lir ibarat pembalap nyiap kandaraan sejen kayaning motor komo mobilmah. lantaran bisa luwak leok panon rancingeus awas.

 

Cool

Robert asli pituin Amerika, rumaja pakulitan bule cool dedegan jangkung badag. robert sosobatan jeung Ajo jauh pisan tanah ka langit. sanajan Ajo awak hideung papanasan wae ancrub ka sawah meni kuleuheu.

 

Taun Baru

Udin dina nyanghareupan malem taun baru bingung, duit teu gableg, ku kabeneran euweuh babaturan nu ngajakan nawaran ulin. udin stress mending hees weh ceuk pikirna seunggah hayang wagiru manggih isuk - isuk. teu sakara - kara, cape barang gawe ti beurang keneh. pukul 21.00 WIB geus tunduh goledag nyegrek kerek. kagareuwahkeun gandeng pepetasan pating jelegur, udin kuniang hudang jarum jam nuduhkeun 23.55 WIB tungtungna udin kapaksa panon molotot.       


 

  




urang sunda kudu teuneung ludeung

Haliwar wedal sunda