Warung nasi hudang beurang sahayuna



Kajadiana bareto jaman kuliah di Jogjakarta. Sakumaha biasa Kuring saparakanca lamun lapar ngeusian beuteung Atawa jajan nginum kopi, sok wagiru Ka warung nasi nu geus maneuh. 

Ngan nyakitu jadwal praktek warung nasi teh hese ditebak, kalan kalan beurang. 

Lamun kawenehan Papan papan ngalumbuk geus ngentep ngaberes ngajalajar juru tembok. Tuluy bijil pangeusi anu dijero warung. Cirining wenang Langsung arasup paboro boro ngalengkah rek tuluy mareuli sangu ngadon dahar didinya.

Keur purun langsung muka isuk keneh kaayaan moncorong Panon poe.

Atuh misalna keur mumul hoream muka maju Ka sore, keun Bae kajeun nurek kadinya ngadaragoan Lila.

Kaceluk kakapeungan muka tutupna teu bisa ditangtukeun selang seling. Teu weleh Jul jol daratang ngadon dahar anu Ka warung nasi teh. Sabab kajojo ngeunah tur murah.

Sanajan Ngampleng belang betong buka tutup piligenti. Kungsi hiji mangsa sabulan campleng muka. Satuluyna tutup Lila pere sabulan. Siganateh kumaha karep nubogana Weh.

Jarak antara kost-an Ka warung nasi, teu Pati jauh Ngan kahalangan ku wangunan dalapan suhunan.

Laleumpang ngabring opatan. 

Kuring , Wawan , Rusman Jeung Udin.

Sakadang kadut karasa kukurubukan. 

Awak ngeleper meh salatri, leuleus ngeleper.

Maksakeun laju neang balangsiar pikejoeun.

Wawan, nuturkeun ti tukang.

Semu ngagedig rusuh ampir rek nyiap nyusul miheulaan.

"Rek kamana kang?" Meni gancang siga rek lumpat wae, apan heureut jabaning jalan gang pungkal Pengkol. Kuring nanya.

"Eh nyaeta ulah Lila teuing leumpang teh ngajugjug Ka warung nasi ngarah tereh nepi kanyahoan muka henteuna". 

Tembal manehna.

Heueuh memang sabenerna Kuring ge hayang wagiru dahar teu kuat lapar. Leungeun ngusapan ngarampa beuteung.

"ke dagoan atuh wan, ulah hariwang teu manggih sangu saboboko pinuh, moal beakeun tenang loba ieuh. Rusman nanya ngaheroan Wawan Sangkan kalem.

"Eh uingmah ngabejaan kudu gancang entong hararese ngarah kanyahoan, Naha panto warung teh geus melenge? ". Wawan keukeuh.

warung nasi anu dijugjug sangkaan Kuring, Rusman Jeung Udin 

Wayah kieu caang isuk keneh mula geus pasti muka.

Ngan Wawan hungkul anu angger cangcaya.

Warung nasi  anu nyadiakeun sangu Jeung deungeuna teh meujeuhna kumplit. 

Lalawuh rasa cocok Jeung selera. Keurmah murah, ngalas nyokot ku sorangan sapiring mentung Jeung deungeun naon wae ge harga sakitu tetep diitung Rp. 15.000. 

Pas pisan nurutkeun pesak mahasiswa pantaran kuring sabaturmah.

Sabangsaning sayur kangkung, ati, lauk gurame, daging hayam, semur Endog, semur jengkol, pais impun, sayur tahu, Peuteuy sambel asin kurupuk tenggiri. Ditambah Mustopa, genjer, eceng gondok.

Eta pisan nukabayang kacipta disawang keur dilamun ku Kuring Jeung Cs anu opatan. 

Lir ibarat piring gelas sendok ngagupay ngahiap ngageroan gorowok sajeroning sajajalan leumpang teh.

Ngeunah pedo ngalimed. Huntu Nyapek ngegel ngasaan menu masakan.

Satuluyna gusi letah luhur Jeung handap paadu pabalap balap babarengan silih ngabageakeun hakaneun asup Kana Jero biwir. Diolah dilelemu diheungheum belaan peupeureudeuyan ngararasakeun kanikmat dahar. Eureuleu teurab seubeuh. Bakating ku ngeunah teu kawadahan irung bijil caian ngucur, sambel dipurulukan peuteuy.

Barang datang katempat anu dituju warung nasi tea. Kaayaan Jempling rehe euweuh katempo saurang urang Acan nujaga na ge, suwung teuing keur kamarana. 

Warna bodas nyacas katempo ebreh anyar meunang ngacet. 

Diluar lase paranti lalawuh deungeuna molongpong dituruban keneh kulambu hejo. 

Nu Aya mah Kuring katut opatan Malik keuheul. Huntu kekerot nahan amarah. Neureuy ciduh awahing jengkel. 

Hanas belaan diteang kalahka nutup keneh.

Nyamos teu dibahanan. Ngan saukur disampakkkeun Imah kosong , warung nasi teuing kunaon embung nembongan ngabageakeun. Diuget uget disurungkeun pageuh gening dikonci keneh.

Celengkeung Wawan seuri cakakak bari nyarita " geus Weh urang ngaranan dilandih warung nasi hudang beurang".

buka sahayuna sadaekna sakasampeurna ".

Pokonamah daek lamun purun muka, lamun henteumah dagoan teuing iraha." 

Kaburu ngalenggerek kapiuhan teu paduli pingsan antep beuteung mah teu kararaban Oge.

Si Udin anu titadi keneh jempe rehe ngadadak mairan " ceuk aing Oge naon, hahaha kadongdora nyaho kieu mending langsung Ka warung sejen, daharteh. Semu mupuas mapanas Kuring, Wawan, Jeung Rusman.



Geuning naha nambahan deui

Teu nyangka sacongo buuk. Pamajikan bakal ngandeg bureyeng kakandungan. Panyana minangka ngangsitkeun, dumeh bening pangais bungsu lahir Desember taun 2011 Bakal panungtungan.

Gesek Selang sapuluh taun, Waktu sakitumah kaitung Lila panjang. 

Gusti Alloh ngersakeun meryacakeun Kuring dibere deui katurunan.

Nepika boga Bellisa, ngaran budak Kuring pangbungsuna.

Gubrag Ka alam dunya tujuh belas Februari taun 2021.



Kabayang kacipta paroman pamajikan Harita semu inggis rempan, nambahan budak teh.

Atuda antara bingung atoh pagalo ngahiji.

Nyanghareupan pisakumahaeun ngurus utun sakitu ripuhna. 

Katambah apan ku budak tilu Oge ngabiayaan sosolontodan pas-pasan. Kasebut kurang keneh teu mahi moal picukupeun.

Kari kari ieu nambahan hiji deui total jumlah opat.

"Keun Bae Mira ulah sieun, leutik hate, tong hariwang teu bisa maraban sabab Gusti Alloh nu bakal mere rejeki.

Masing - masing budak mawa milik, dibere jalan, Dibekelan akal pikiran nyorang kahirupan" Kitu bongbolongan mitoha Ka Mira , pamajikan Kuring.

Atuh Kuring rumasa pacabakan can matuh Komo kasebut mucekil mah , teu boga pangala mapan jauh tanah Ka langit. 

Kasebut koreh koreh Cok, Jeung enyana lain bobohongan.

Bareto alur, budak Kuring anu lalaki panggedena disunatan, dibere jajan. 

Ampir bekel sapopoena, ngandelkeun pamere Ninina Jeung akina.

Asup sakola sd, smp laju neruskeun Ka SMK. 

Estuning alpukah waragad kanyaah mitoha Ka incuna.

Mana Komo pektah nyicil motor, pikeun si cikal di bayaran unggal bulan. 

Ti mana ti saha Ari lain kadeudeuh aki jeung Ninina ngodok pesak ditangkes.

hejo tihang, kejot borosot Tumiba karandapan ngancik di diri Kuring.

Piligenti pagawean geus mangpirang - pirang.



Mimiti guru honorer ngajar bahasa inggris di sakola sd & SMP, Ukur kuat opat taun.

Pindah kaolo ku Adi Kuring nitah miluan ngangajak pedah salary gede di ekspedisi, cenah lumayan. 

Sanajan gawe Ngan purah nganteurkeun paket ngurilingan anjog Ka kampung Ka lembur Ka dayeuh ngaprak asruk asrukan mapay.

Ngan Kitu saimbang pangala ayaan, dibarengan hantem momotoran halodo panas ereng-erengan mentrang mentring Atawa nincak usum ngijih jalan kapegat caah. 

Jabaning Lila Lila motor nungtutan hiji - hiji onderdil raruksakan. Bati tuluy tuluyan digeder dipleter nganteurkeun paket.

Kuring teu betah ku gawe Matak awak ringsek, bati numpak sajajalan boh Dina kaayan peuting atawa beurang Dina jok asa pasiksak.

Nyobaan gawe anyar, ditawaran jadi collector Jeung surveyor. Tugasna nagihan Ka unggal nasabah muter rutin ngadatangan Imah. 

Geus jatuh tempo kudu Mayar, Komo deui anu nunggak mah motor daek teu daek wayahna dijabel dijadikeun jaminan.

Dahar dijamin, disadiakeun motor inventaris, duit servis motor digantian. 

Keur Kuring gaji kawilang gede sakitumah.

Disadiakeun mes karyawan.

Dibere waktu balik poe libur ukur saminggu sakali.

Etage teu purun Lila mangsa jejeg tujuh taun tuluy eureun, alatan katempuhan buntut maung. Nasabah loba macet teu sanggup nedunan kawajiban angsuran.

Aya hibar mitoha ngabejaan geus Weh cenah Kuring titah eureun pindah pakasaban sina di pasar. Aya jongko mertua kosong lebar mending eusian pake dagang. 

Wanci janari kuniang hudang. Kacai wudlu tuluy tahajjud ngarikes Ka Gusti nu maha suci. Sangkan dibabarikeun neangan rejeki. Khususon Kanggo bellisa, orok abdi.

Bellisa anaking jimat awaking. Keur meujeuhna lucu panglipur kalbu pangbeberah manah. Keureut beungeut na Buleud kulit bodas ngala Ka kuring. Lamun irung namah teu beda persis pamajikan. 

Satukangeun muka kios balantik di pasar, ngeureuyeuh nikreuh dadasar.

Dagang kerewedan daging sapi bahan nyieun baso. Dipaju susuganan hoki mawa milik hade nyampeurkeun nasib Kuring sakulawarga.

Kersaning Gusti maha suci. 

Nu ngatur milik rejeki Ka masing jalma beda- beda alias teu sarua gening, oh si itu mah pisangsaraeun susah hese. Etamah babari pisan ngala duit teh Matak pibeunghareun senang.

Pon Kitu deui ninggang diri nasib kuring can bisa undak masih kieu keneh susah Jeung bingung usaha pakasaban.

Suganteh bakal pimajueun cicing di pasar teh singhoreng kalahka ngabulasin.

Dagang mingkin dieu mingkin sepi tiiseun. Langgan Kuring kalabur direbut Batur. Modal usaha teu kaala, bati euweuhan. 

Teu sanggup Ari kudu Nganjuk ngahutang ngamodal barang ku cara nginjeum duit. Resiko mayaran hutang bari dagang jempling euweuh kamajuan teu nambahan langgan mah cilaka. Antukna serah bongkokan bangkar.

Kuring ngaheruk pasrah tumarima taqdir. Terus mikir ngahuleng ngalamun.

Naha pagawean model naon deui nu kudu dipilampah. Sedengkeun umur tangtuna ngolotan kapegat ku Wates,Dina ngalamar gawe mah geus lain karyawan produktif.

Deudeuh teuing bellisa, mudah mudahan 

Aya milikna bageur.

Budak nusakitu lucu geulis genjah lincah, pangupah jiwa. Sorot panon pinuh ku gumbira herang beresih moncorong. Kagambar imut ngagelenyu.

Deudeuh teuing bellisa, hidep rupina ulah nepika ngalaman susah peurih. Du'akeun ku hidep. Mugia bapa sing Aya kamajuan ngabayuan nganafkahan bellisa Jeung lanceuk-lanceukna.

Kiwari Kuring balik deui Kembali ke laptop kana asal pacabakan

munggaran. 



Jadi guru ngajar bahasa inggris di SMP. Panuju pisan ari kaduhung datangna pandeuri. Rek majar kumaha, Teu ngarti ku pamolah sorangan saukur nuturkeun kahayang anu teu Lana.

Lamun ti baheula Kuring boga pamadegan tetep renggenek ajeg teu galideur pengkuh panceg teu gunta ganti profesi teu incah balilahan. Luyu Jeung Kasang tukang Kuring wedalan paguron luhur ancrub Dina Dunya atikan. Boa teuing Kuring geus meunang buahna mamanis hirup ku kabungah kabagjaan aya dina kamajuan najan mirilik Oge, Saha nunyaho.



 

urang sunda kudu teuneung ludeung

Haliwar wedal sunda