Kalimah basa sunda mirip arabic saeutik


 Yap lahun = ulah nangtung wae

Yap milu =  tong cicing wae

Wadahhulu = kopeah

Watahsabunna = nitah nyeuseuh ka uwa

Malikinnasi = ngakeul

Lakunna lama = teu payu - payu

Lamma ta muddun = nanjak wae

Wauda wa'uluna = tumpak kuda nahuluna

Saestuuna = kuda hees katembong huntuna

Watini = lanceuk indung





Watata = Ketua RW 05 Cijoged

Waruki = marbot masjid jami ciburahol

Alwasim = tukang hordeng urang rancanyiruan

Aladin = lampu

Albasiah = kai

Alpuket =  bungbuahan 

Almanak  = kalender

Mustahil = mengbal dina jero laut



 Paslun =
Kuda leupas di alun - alun

Ya ayyuhannas = aya iuh aya panas

Manna bahanna = imah can anggeus

Tarok kalapa ala cai patina =  ubar hanaang

Fulkanisir = lamun ban geus dugul bolenang

Kholidina fiha = omat ulah kiih didinya

Alketif = karpet masigit

Assa'atu = balong saat

Silalatu = reungit jarambah sawah keur sore

Mana sikana = ucing sumput




Arah mata angin dalam basa sunda




Lamun hiji mangsa urang rek indit - inditan  sakapeung bingung rek ka mana arah ka kidul, ka kaler, atawa ka kulon ? atawa pedah batur nersngkeun tuh diditu di kulon tempat hajat teh misalna.
dina bahasa sunda kalintang pohara loba dipake nangtukeun arah mata angin kalayan bener.

Kaler = Utara

Kidul = Selatan

Kulon = Barat

Wetan = Timur


Satuluyna ngaran mata angin di luhur eta, ditambahan akhireun

Kalereun artinya sebelah Utara

Kiduleun artinya sebelah Selatan

Kuloneun artinya sebelah Barat

Wetan artinya sebelah Timur 


paus



Paus
- kamari kuring Panggih Jeung paus 
+ Wah maenya paus Johanes Paulus tea, vatikan roma? 
- lain ieumah pa-ustadz hilman
- Aya Aya wae suganteh Saha.

Tarasi
Aceng kaasup jalma sieunan borangan geumpeur Soak lamun Panggih Jeung anu teu wawuh.
Rahmat mere saran ngarah Aceng bijil kawani kudu dahar tarasi. Ngarah kadituna tarasi_eunan.

Sebelum pulang
Guru asup ka kelas tuluy nitah Arif, muridna nyiapkeun mere aba-aba nitah mingpin du'a.
Arif = sebelum pulang marilah kita berdo'a dulu
Guru = karekge dimimitian pelajaran bet kalahka ujug ujug mantog.



Bahasa inggris gaul
Kiss Hartina cium
Pray Hartina berdoa
Kisspray = pelembut pakaian.

Bahasa inggris gaul 2.
My = saya
Baby = bayi
My baby merk minyak telon

Bahasa inggris gaul 3.
Hot Hartina panas
Spot Hartina titik
Hotspot teu boga kuota hayang internet haratis



Bahasa inggris gaul 4.
On = nyala
Line = garis
On line boro - boro dibales wa diantep teu ditingali

Bahasa inggris gaul 5.
Bapak = father 
Ibu = mother
Anak = bapak sareng ibu udar ider milarian artos dugika lieur.

Bahasa inggris gaul 6

Air = udara
Land = tanah
Air land = springbed 



Adi lanceuk

Belisa umur budak bolon umur 3 taunan leuwih,Ngarana ge budak umur sakitu can bentes can bisa ngabedakeun mana kamari Jeung pamali.
Kasampak keur Ulin Jeung lanceukna, ngarana bening.
Belisa keuheul rumasa dilonyeng ku lanceukna pok nyarita kieu
" awas bening ulah Kitu etateh kamari"
Lanceukna nyerengeh seuri anu dimaksud sabener na pamali lain kamari. 

Kakas
- RT keur ngadata warga Saha Nami?
+ Kakas
- dupi Soca ?
+ masih bengras
- padamelan ?
+ pakakas
- kunaon buuk jabrig ?
+ Teu Acan diparas
- kumaha kinten2a pa kakas saupamina teu kenging bantosan
+ Awas abdi bakal heuras ngagorowok bedas

Ekonomi 
Kang Rukman puyeng pedah token listrik babari beak disada ngik ngik ngik kudu hantem dieusian.
Antukna awahing ku bingung satengah nekad kang Rukman meuli sabun merk ekonomi.
Laju diteundeun eta sabun Dina luhureun box meteran listrik, Sangkan teu babari beak.


Konci 
Sarkowi masang konci dilakban Dina tarangna. Sakur anu ngaliwat nempokeun nyangka yen manehna keur gelo.
Tapi gening nalika Ujang nanya ka Sarkowi kunaon maneh kalakuan siga jalma kurang saeundan make jenung napelkeun konci Dina taar ?
Sarkowi ngajawab kieu " ngarah salamet Dina ngalakonan hirup kudu sadia konci ngarah bisa gampil muka pasualan "
Ujang = gogodeg Garo Garo teu ateul


Gondongeun

Bulao warna biru Dina basa Sunda, tapi memang bener jaman baheula lamun katarajang panyakit gondongeun matih cageur make bulao. Dukun Jeung dokter Taluk pasrah sumerah lamun kadatangan pasen gondongeun lantaran Ngan boga warna biru, sedengkeun biru apan teu neurak nyinglarkeun gondongeun kalahka mintul.

Deukeut Jeung murid

Saurang guru ngarana Bu Rani tuluy nunutur ka muridna anu ngarana Desi.
Kamana wae Desi cengkat indit teu weleh ngingintil. Malahan Bu Rani meped nyered diuk ngageser Desi. Rek ka WC Oge Desi, Bu guru rani mimilu.
Desi = "kunaon Ari ibu Kitu ka abdi teh"?
Bu Rani = " apan ka murid kudu deuheus".
Desi       = "ampun alim Bu ah teu sanggem"



istilah Diuk dina basa sunda



1. Cingogo

2. Sila
3. Emok

4. Nangunjar
5. Andiprek

6. Ucang - ucangan
7. Sideuha


8. Sila tutug


9. Nyengcle
10. Ngabaheuhay

11. Ngalageday



urang sunda kudu teuneung ludeung

Haliwar wedal sunda