Wilujeng mapag taun baru islam 1 muharram 1445 H

     Teu karaos waktos parantos nyerelek tos dugi ka ahir taun. Mapag taun baru islam 1 Muharram 1445 H. Urang sunda khususna kaum muslimin kalintang bingah estuning mawa harepan. Sangkan kahirupan ibadah ngaronjat. Boh dina ekonomi,sosial, budaya atawa ngawengku nu leuwih gede bangsa tur nagara. Sakumaha ilahar unggal nyanghareupan taun anyar hijriah. mapag ku ka gumbiraan ngabageakeun taun anyar 1 muharram Hijriah. Estuning ceuyah rame ku kagiatan. Diantarana pawey obor ngabring ngaleut ngeuhkeuy ngabandaleut. Timimiti barudak leutik, rumaja, ngora, kolot, awewe jeung lalaki. Kabeh rampak marawa obor hurung haseup mulek. Dibarengan raeng sora takbir sholawat nasyid. dina maleman taun anyasr hijriyah muru ka lapangan gede ngarumpul ti sababara rombongan. Laju laleumpang ngabaris diluluguan ku komanda regu. Tali rapia minangka pamisah. Yen rombongan aya dina jero garis, ngarah teu paburencay. Sawareh deui marilu nuturkeun rombongan. Marake kandaraan kayaning motor jeung mobil. Dina sawaktu - waktu ngajaga bisi salah saurang pamilon rombonganaya nu kapiuhan atawa ngadadak gering teu bisa nuluykeun lalampahan.




 

urang sunda kudu teuneung ludeung

Haliwar wedal sunda