Urang sunda ulah gimir keueung rempan. nyanghareupan alam dunya anu kiwari. pili genti kaayaan lingkungan sabudeureun kaarah karuksakan estuning bencana alam saperti caah rongkah, taneuh urug
urang kudu taki - taki caringcing pageuh kancing. sariget pageuh iket.
tetep ngajaga lingkungan kudu beberesih kayaning miceun runtah. ulah nepika barala ngagarunduk runtah palastik bahan rumah tangga patulayah sareukseuk. narumpuk lian ti walungan citarum pinuh ku runtah pabalatak. tatangkalan hejo nu aya di pagunungan dirumat dipiara. sarta kabeh warga kudu ngarasa boga tanggung jawab. ulah papahare teu malire lingkungan.