ngaran barang pakakas dapur di imah urang sunda


Pamiarsa sakira -  kirana naon wae anu umumna mangrupa barang anu dipibanda ngajugrug aya di imah.

Nyampurnakeun kagiatan dina keur masak popolah atawa kasibukkan sejena.

Sawareh geus taya anu dipake dina harti ditinggalkeun sabagian pakakas. Lantaran pangaruh kamajuan tehnologi efisiensi jeung efektifitas. Atuh satuluyna aya nu masih dibutuhkeun eta pakakas teh sanajan salin jinis robah bahana mungkul, teu cara bareto.

 

1. Hawu


Hawu paranti nagenkeun aseupan dina luhureun tungku. Hawu mangrupa alat masak anu dijieun tina adukan semen kenca katuhu  hareup tukang ditembok. Palebah luhurna bolong jeung disadiakeun jang suluh ngarah hurung seuneu ngabebela.

2. Songsong


Songsong nyaeta alat paniup hawu supaya terus hurung panas tereh asak pasakan. Bentukna songsong buleud panjang bolong dijieun tina awi.

3. Langseng


Langseng paranti ngagodog naheur cai, bisa oge dipake nyangu atawa ngukus. Langseng dijieun tina tambaga bentukna saperti tabung.

 

4. Dulang


Bentukna dulang bunder liang gede tina biwir luhur nepi ka jero. Dulang dijieun tina awi paranti nutu ngabebek samara bungbu atawa beas, carana make lisung nyaeta alat paneunggeul.

5. Nyiru


Nyiru dijieun tina anyaman awi anu bentukna  kerep nutup siga ayakan mah carang barolong, tapi nyiru mah henteu. Nyiru dipake pikeun moekeun sesa kadaharan sangkan teu bari haseum supaya seger deui meueusan. Pon kitu supaya beas beresih sina murudul ngacleng keusik kokotorna ku cara ditapi make nyiru.

6. Coet



Wadah paranti nyieun sambel nyaeta coet. Dijieuna coet tina batu pahatan, aya oge anu tina bahan kai.

7. Mutu


Mutu mangrupa alat ngarendos ngarah lemu ancur anu diwadahan kana coet. Ampir sarua bahan jieunan coet mutu. Mutu bahana tina batu tatahan, bisa oge tina awi kuat.  

8. Boboko


Boboko nyaeta wadah sangu anu dijieuna tina anyaman awi, tapi aya oge anu bahana tina palastik.

 

9. Hihid                                                                                                                                                           

                 

Hihid dipake ngageberan niupan sangu panas akeuleun make tanaga leungeun ku cara dikipas kipas, ngangin ngangin ngarah tereh haneut, sahanteuna teu panas teuing lamun sangu didahar teh. Bentukna persegi make gagang.

10. Citel


Alat masak sarwa guna nyaeta citel papanjangna tina palastikk jeung katel. Citel dijieuna tina waja atawa aluminium.

11. Piring


Tangtu piring mangrupakeun wadah sangu paranti dahar. Sasahage geus moal bireuk deui. Ngan piring jaman baheula dijieuna tina seng, kabehdieunakeun piring palastik tuluy disampurnakeun nambahan piring beling.

12. Cangkir



Wadah paranti inuman nya tangtu make cangkir etamah dijieun tina palastik. Aya deui anu dijieunn tina seng nyaeta mug. Tuluy nambahan deui gelas beling. Kamonesan aya numake batok kalapa.

13. Aseupan



Aseupan dijieun tina awi anu dianyam bentukna kerucut atawa congcot. Aseupan nyaeta pikeun ngukus sangu.

14. Ayakan


Ayakan dijieun tina anyaman awi carang barolong. Kagunaana pikeun nyaring milihan ngawilah atawa ngagaringkeun lauk anu rek dijieun asin dikere, digantung sina garing satuluyna dipoekeun.

15.Tolombong



Tolombong bahana tina awi dianyam carang tapi rada saeutik aya tutupan. tolombong parnti ngawadahan barang rupa rupa anu baradag rea jeung sagala aya.

16. Tatakan


Tatakan nyaeta tilam gelas anu nyengcle dina luhureun alas. Tatakan aya anu dijieun tina awi, aya oge anu tina palastik, bentukna buleud

17. Tampir



Tampir katelahna nyiru badag, dijieuna tina anyaman awi rubak Panjang buleud.

18. pipiti



Pipiti dijieuna tina anyaman awi buka tutup. pipiti paranti wadah idangan syukuran hamin hajatan kawinan atawa nyunatan.

19. Susuk


Susuk dijieun tina aluminium. Kagunaana jang paranti ngabulak balikeun pasakan dina katel bisi tutung.

20. Serok


Ampir sarua serok jeung susuk, bedana ari susuk mah leutik bentukna ngan lamun serok aya paranti panyaringan barolong. Serok dijieun tina tambaga anu gagangna dijieun tina awi.

21. Siwur


Siwur atawa sinduk paranti nyiuk angeun sayur. Sinduk dijieuna aya tina palastik, oge aya anu aya tina awi. Bentukna ngeluk huluna maringkel.

22. Cukil


Cukil dijieuna tina awi, aya oge anu tina palastik. Cukil bentukna dempak. Kagunaan cukil nyaeta paranti ngakeul ngagalokeun  sangu ngarah pulen teu liket.

23. Baskom


Baskom paranti wadah dahareun, olaheun sabangsaning kueh atawa adonan jeung sajabana.

Baskom bentukna rubak buleud, djieuna tina palastik.

24. Loyang


Loyang dijieuna tina alluminium. Kagunaan Loyang nyaeta pikeun citakan kueh atawa bolu.

Loyang bentukna rupa rupa aya anu persegi Panjang, aya deuih anu buleud.

25. Isrud


Isrud nyaeta parudan gede paranti marud sampeu atawa hui boled. Isrud dijieuna tina aluminium.

26. Garpuh



Garpuh paranti nojos nyecebkeun dahareun dihuapkeun kana biawir am disantap. Garpu dijieuna tina bahan staninless steel, aya oge anu dijieun tina palastik.

27. Pago


Kagunaan pago nyaeta tempat rak teuteundeunan saperti piring sedok gelas jeung sajabina. Dina basa sunda rak piring disebut pago.  Bentuk pago aya anu jangkung aya deui anu pondok. Pago dijieuna tina kawat beusi. Tapi aya deui anu tina palastik.

28. Peso



Peso alat paranti ngeureut motong. Dijieuna tina stainless stell.

29. Bedog


Bedog dijieuna tina waja keras meunang meuleum , ku pandai besi burahay panas. Bentukna mencos make perah awi gagangna. Gunana bedog nyaeta pikeun nuar atawa ngadek.

30. Jojodog



Jojodog fungsina paranti diuk. Jojodog dijieun tina balek kai seseg tohaga.

31. Lap pangepel  & serbet


Serbet sok disadiakeun jang nyusut cai baseuh urut kukumbah wadah dina luhureun bujal. Komo deui lamun anu dihandapmah sok make lap pangepelan sangkan garing.   

Komentar