Kaulinan tradisional geus jadi bagean nu teu bisa dipisahkeun tina kabeungharan budaya hiji bangsa. Diantara rupa rupa kabudayaan anu dipibanda Indonesia, nyaeta kaulinan tradisional antik Hade anu dimaenkeun ku masyarakat Sunda geus mangrupa warisan anu boga ajen anu kudu dimumule dipiara.
Dina kahirupan sapopoe, kaulinan ieu Lain Ngan saukur hiburan wungkul, tapi ngandung ajen budaya anu teu bisa diitung nilaina kaarifan lokal Jeung persatuan nasional.
Masyarakat Sunda, ku kabeungharan budaya Jeung tradisina anu unik, tetep ngajaga warisan kaulinan tradisional anu geus Aya ti jaman baheula. Kombinasi ajen babarengan, kapinteran nyongcolang calakan Jeung Motekar diwujudkeun Dina rupa rupa kaulinan anu dipintonkeun ku urang Sunda.
Di handap ieu Aya sababaraha kaulinan tradisional Sunda tur cara midangkeunana anu kudu ditepikeun dibewarakeun Ka sabudeureunana.
Kaulinan tradisional ieu mibanda mangpaat pikeun media sosialisasi, ngasah kaparigelan motorik, ngalatih ngabiasakeun gawe babarengan, hiburan katut ngajaga kasehatan barudak.
Kaulinan tradisional ieu sabenerna Aya di suku sejenna Lian ti jawa barat nuaya di Pulo di Indonesia. Ngan beda Ngaran permainan Jeung cara maenkeunana.
I. cingciripit
Cingciripit ieu biasana dimaenkeun ku barudak, samemeh dimimitian kaulinan ieu pikeun nangtukeun giliran Saha nubakal jadi emeng Atawa
disebut ucingna.
disebut ucingna.
Ulin ku cara barudak ngumpul nyieun bunderan. Tuluy salah saurang diantara barudak Aya nu dipikolot muka Rema leungeun. Laju saurang saurang namprak keun leungeuna dibarung ku ngawih nyanyi kieu
" Cingciripit satulang sabawang,
Saha nu kajepit tunggu lawang
Atawa
"Cingciripit tulang bajing kacapit
Kacapit ku bulu pare
Bulu pare seuseukeutna
Jol pa dalang mawa wayang
Jrek jrek nong, jrek jrek nong.
Nalika lagu ampir rengse, pamaen Atawa barudak siap siap ngan
gkat jariji. Sabab saupamana jariji katewak ku pamingpin kaulinan eta mangka manehna eleh kudu siap jadi emeng Atawa disebut ucing.
2. Oray orayan
oray orayan nyaeta kaulinan anu gumbira atoh nyampurkeun unsur gerak jeung sora. kaulinan ieu dimaenkeun ku barudak loba.
Cara ngaulinkeunana nyaeta dua budak silih cekelan leungeun ngabentuk saperti lawang.
Dua budak eta milih jadi bulan Atawa bentang (dirusiahkeun ku pamaen sejen).
Tuluy pamaen sejen ngajajar baris bari nyekelan pupundakan budak anu dihareupna Jeung maju ngaliwatan lawang tea. Budak anu panghareupna disebut hulu Jeung anu pangtukangna disebut buntut. Unggal pamaen nuturkeun lengkah tina hulu bari ngawih nyanyi babarengan raeng disarada.
Ngalagukeuna oray orayan
Oray orayan luar leor mapay sawah
Entong Ka sawah, parena keur sedeng beukah.
Oray orayan luar leor mapay kebon
Entong Ka kebon, di kebon loba nu ngangon.
Mending ge Ka Leuwi, di Leuwi loba nu mandi
Saha nu mandi
Anu mandina pandeuri.
Oray orayan
Oray naon? Oray bungka
Bungka naon? Bungka laut
Laut naon? Laut Dipa
Dipa naon? Dipandeuri ririri jlep (bulan Jeung bentang newak korbana)
Nalika Aya Dina tungtung lagu nyanyi ririri, duaan pamaen anu jadi lawang tadi rek nurunkeun kahandap leungeuna tuluy newak budak. Sanggeus Ka tewak budak eta kudu milih bulan Atawa bentang. Lamun pamaen misalna milih bulan. Manehna bakal nangtung. Atawa sabalikna.
Anyang anyangan dituluykeun tepi Kabeh barudak katewak. Satuluyna ngabentuk dua kelompok mana numilu Ka bulan mana nu ka bentang. Tuluy di adu antara grup bulan Jeung bentang patarik tarik ngenyang saperti tarik tambang.
Versi sejen ku cara kaulinan oray orayan nyaeta pamaen panghareupna kudu bisa newak pamaen anu pangtukangna. Sedengkeun pamaen Liana ngahalangan hulu oray ngarah teu nyabak antel Ka pamaen Atawa budak anu pangtukangna.
3. Boi - boian
Kaulinan boi - boian biasana make bal kasti Atawa keretas nunyarupaan bola Jeung beulahan Kenteng leutik samenel. Kurang leuwih 9 - 15. Kaulinan ieu dibentuk ku dua tim.
Cara maenkeuna boi - boian nyaeta mimiti Kenteng anu laleutik teh ditumpuk disusun Ka luhur.
Hiji grup tugasna purah ngabalangkeun nimbul. Grup hiji deui tugasna ngajaga.
Saurang saurang tim A ngalungkeun bal Tina jarak anu geus sapuk ngarah keuna neunggar Kenteng.
Lamun pamaen tim A hasil ngaruntuhkeun Kenteng eta, mangka tim B nungajaga wayahna kudu ngudag ngaberik maledog Kana awak salah saurang pamaen tim A.
Anapon tugas sakabeh pamaen nu maledog nyaeta nyinglarkeun Tina udagan bal Jeung ngatur strategi pikeun balikan deui ngumpulkeun tumpukan Kenteng anu paburantak bayatak maruragan.
Saupamana Kenteng dientep susun dikaluhur luhurkeun Kana tumpukan asalna. Biasana pamaen ngagorowok booy skor 1-0 pikeun nu maledog. Tuluy dibalikan ti mimiti deui.
Kaulinan tradisional boi-biian mangpaat pikeun ngalatih kerja sama kalincahan Jeung karikatan.
4. Galah Asin
Kaulinan galah Asin biasa dimaenkeun di pakarangan Atawa buruan lega. Nyieun gurat gurat garis saperti nu aya Dina gambar. Pamaen kudu lumpat tanpa katewak Atawa kacabak ku pamaen lawan.
Cara maenkeuna kaulinan galah asin.
Pamaen dibagi Kana dua kelompok.
Sakelompok biasana tiluan tepi Ka tujuhan nangtung sajajar Saluyu Jeung garis kenca katuhu. Saurang budak meuntas Tina garis hareup nepi ka tukang.
Sedengkeun sakelompok sejena lumpat asup Kana garis bari nyingkahan pangudag lawan Jeung antel leungeun. Kaulinan ieu ngandelkeun gancang lincahna pamaen.
Lamun salah saurang pamaen keuna paanteul Tina nungajaga ngabedega.mangka kaulinan anggeusan anu satuluyna kadua kelompok piligenti.
5. Gatrik
Kaulinan ieu ngagunakeun pakakas tina dua potongan awi ukuranana kira kira 30 cm sarta awi hiji deui leuwih leutik.
Potongan potongan awi leutik ditunda Dina dua batu tuluy di takol ku awi nepi ka awi ngalayang ngoleang sajauh jauhna sarta teu bisa katewak ku tim sejen anu ngajaga.
6. Bebentengan
Diperlukeun rikat gerak cepat, lincah turta strategi Dina grup ieu.
Unggal pamaen kudu nyingkahan Tina pangudag lawan, lumpat silih komunikasi pikeun nyekel lawan, nyerang Jeung newak benteng lawan.
Dua tim nangtukeun media nu bakal dijadikeun benteng. Bisa Dina Wangun tatangkalan. Tihang Atawa bata nurutkeun kasapukan dua tim.
Tim juara ditangtukeun ku tim anu nyabak benteng panglobana lawan.
Saupamana Noel benteng lawan biasana ngajorowok benteeeeeng tuluy skor.
7. Anjang anjangan
Kaulinan Anjang anjangan nyeta kaulinan anu ditiron barudak Sunda saolah - olah geus kawin. Biasana dipigawe ku budak awewe tapi sakapeung budak lalaki Oge sok mariluan.
Aya nu jadi bapa, indung budak, anak, tatangga, tukang dagang, dokter Jeung sajabana.
Dina ieu kaulinan kudu nyumponana kalungguhana sewang - sewangan.
Kadang - kadang Aya Oge barudak anu jadi "direktur" Dina kaulinan ieu. Manehna disusun diatur skenario Sangkan sibuk.
Jaman baheula mah kaulinan ieu mangrupa karesep kameumeut budak awewe salian ti kaulinan bapa bapa.
8. Ucing Sumput
Kaulinan ucing Sumput Atawa remen disebut ucing dua lima. Sabab cara maenkeunana nyaeta dimimitian ku namprakkeun leungeun para pamilon khususna barudak, tuluy nyarebut hompimpah alaihim gambreng. Saha Saha wae dampal leungeun beda mahiwal boh nagkub Atawa nangkarak mangka eta budak wayahna jadi ucing meungpeun beungeut nyarandekeun Kana tangkal Atawa tembok.
Si budak ucing eta nataan bilangan ti nomer hiji tepi Ka dua lima. Panungtung nyebut dua lima kakara manehna kokotetengan laha Loho neangan baturna anu nyarumput.
Saupamana ku manehna manggih nempo budak kakara langsung nyebut dua lima. Kaulinan ieu bisa kacow lamun rek pisan ampir kapanggih Kabeh beunang saurang saurang di dua limakeun. Pucunghul Aya saurang pamilon bisa tarik lumpat miheulaan si ucing Sumput nga Dar keun Atawa nyabak tembok samemeh ku si ucing Sumput Noel tembok Atawa tangkal.
9. Hahayaman
Dina kaulinan hahayaman, salah saurang budak jadi Hayam , saurang deui jadi careuh.
Careuh ngudag Hayam nepi Ka katewak.
Ieu kaulinan biasana dimaenkeun sacara kelompok. Pamaen sejen sagigireun hayam Jeung careuh bakal nyieun bunderan. Fungsina minangka kurung Atawa panyumputan pikeun Hayam.
Lamun Hayam asup Ka kandang, pamaen nyieun bunderan kudu gancang nurunkeun leungeuna pikeun nutupan kandang.
Ahir kaulinan ieu lamun Hayam geus katewak Atawa careuh teu bisa hayam. Sarta dituluykeun ku ngundi ngoclok pamaen nu anyar.
10. Ucing - ucingan
Dimimitian ku cingciripit, jas Atawa hompimpah pikeun nangtukeun Saha nujadi ucing. Sedengkeun pamaen samemehna bakal leupas Tina tugasna sarta jadi ucing.
Dina versi anu sejen, upami pamaen keuna ku ucing, manehna bakal jadi Babaturan ucing Jeung mantuan ngaberik pamaen sejenna nepi ka beak. Laju kaulinanana bisa dimimitian jadian deui.
Rupa - rupa kaulinan nu aya di masyarakat Sunda nyaeta ucing tihang, ucing sarung, ucing babet, ucing kup, ucing bol Jeung ucing nagog.
11. Congklak
Biasana dimaenkeun ku awewe. Kaulinan ieu teu merlukeun lobaan pamaen , cukup duaan. Ngagunakeun parabot nu biasana dijieun tina palastik bumi Atawa papan KAI diwangun ku liang sajajar ukuran 7X2 cm liang badag dina dua sisi.
Pikeun ngeusian liang, pamaen biasana ngagunakeun siki asem Jawa, karet, batu leutik Atawa siki congklak anu disadiakeun.
12. Engklek
Kaulinan ieu ngagunakeun media karamik leutik sarta gambar Dina bentuk kwadrat tina wangun nu beda. Pamaen baris luncat ka luhur Jeung ka handap nurutkeun aturan anu lumaku.
13. Ucing beling
Ngagunakeun beling anu di peprek jadi potongan - potongan leutik.
Cara maen game cacing kaca nyaeta sakabeh pamaen nyieun beling kaca leutik tuluy nyieun garis Buleud Dina taneuh. Ukuran bunderan garis disaluyukeun Jeung pamaen.
Ku cara cingciripit, hompimpah Atawa suten /suit pamaen nangtukeun Saha nu bakal jadi ucing.
Ucing bakal ngitung angka biasana ti hiji tepi Ka sapuluh. Sedengkeun pamaen sejen nyumputkeun kaca peupeus di sabudeureunana garis Buleud tur nyamur Atawa nyamar ngarah teu katempo ku ucing nu bakal neangan deui engke.
14. Endog - endogan
Euweuh Aya anu ucing Dina kaulinan Sunda ieu kalawan lagu Jeung leungeun salaku media maen. Cara midangkeunana nyaeta leungeun ditikel - tikel siga Endog. Tuluy pamena anu sakurang - kurangna duaan nyanyi babarengan.
Endog - endogan peupeus hiji pre
Endog - endogan peupeus hiji pre
Endog - endogan peupeus hiji pre
Endog - endogan peupeus hiji pre
Sabot nepi Ka sisindiran pre leungeun anu tadina dicekel dibuka ti handap. Sanggeus Kabeh leungeuna teu dicekel, tuluy barudak
Nga-haleuang deui Jeung sisindiran
Goleang Panon sapi bolotot
Biasana barudak ngalagukeun rumpaka bari nahan Jeung ngabolototkeun Panon.
15. Ucing bendrong atau Bancakan
Aturan kaulinan ieu sarua Jeung kaulinan ucing Sumput. Ngan kaulinan ieu ngagunakeun tumpukan bata Atawa batu minangka media maenna.
Cara maenkeuna nyaeta 8 - 12 batu/bata ditumpukeun ka luhur. Tuluy pamaen ngagambar urutan maledog ku hompimpah Atawa cingciripit, sanggeusna baris ngajajar Jeung Dina jarak anu geus sapuk.
Saurang - saurang ngalungkeun batu Atawa bata Ka arah tihang. Lamun pamaen Dina ngalungkeun nu kahiji hasil ngajorag bata Atawa batu. Mangka pamaen anu giliran kadua jadi "ucing". Manehna kudu gancang numpukkeun bata anu paburantak. Bari pamaen sejena lumpat nyumputkeun.
Sanggeus batu disusun rapi, si 'ucing' kudu neangan pamaen anu nyumput. Lamun manggihan si Asep contona. Si 'ucing' bakal ngagorowok 'hong asep' tuluy lumpat Ka arah tumpukkan batu Jeung nempatkeun leungeuna Dina luhur batu.
Waktu ucing neangan panyumputan, pamaen sejen bisa nenjo ti tempat panyumputan Jeung ngadagoan ucing teu malire Jeung jauh tinatumpukkan bata, tuluy lumpat ngagulingkeun bata.
Lamun bata ragrag samemeh pamaen anu nyumput meunang Kabeh, satuluyna kaulinan dimimitian jadian deui. Ucing tetep ucing sarta sakabeh pamaen nyumputkeun deui sanajan maranehna geus kapanggih samemehna.
16. Ucang - ucang angge
Kaulinan Sunda ieu dimaenkeun ku kolot nalika ngasuh budakna. Biasana budakna diuk Dina tonggong sukuna, bari diayun ayun
Maju mundur ngawih
"Ucang - ucang angge, mulung Muncang ka papangge, diudag ku anjing gede, anjing gede nu ki lebe, Ari gog gog cungungung'
Kaulinan ieu dimaenkeun ku kolot reujeung budakna nalika budakna ceurik Atawa Ngan ukur ngahibur pikeun budakna nu dipikacinta dipiasih.
17. Perepet jengkol
Pamaen tuluy make potongan kai Atawa batu leutik pikeun ngalungkeun siki jengkol.
Tujuan utama tina kaulinan perepet jengkol nyaeta ngalungkeun potongan - potongan kai Atawa batu bata leutik ngarah siki jengkol Dina beungeut cai dialungkeun Ka Awang Awang. Satutas siki jengkol dialungkeun, pamaen kudu gancang - gancang newak siki samemeh murah deui Ka beungeut cai.
Kaulinan ieu merlukeun keahlian Dina ngalungkeun Jeung newak siki jengkol gancang sarta laju reaksi Alus.
Salian ti eta, perepet jengkol Oge minangka interaksi sosial papada pamaen anu bisa ngaronjatkeun gawe babarengan Jeung kompetisi persaingan sehat.
Sanajan teu kakoncara saperti sababaraha kaulinan tradisional sejenna. Perepet jengkol tetep jadi bagean nu metot tina warisan budaya sunda sarta nembongkeun kabeungharan budaya Jeung kapinteran kaulinan tradisional di Indonesia.
18. Paciwit - ciwit lutung
Paciwit - ciwit lutung Atawa sok disebut
'paciwit' Atawa 'ciwit lutung' mangrupa kaulinan tradisional anu populer di kalangan barudak di Indonesia, hususna di wewengkon Jawa Barat. Kaasup suku Sunda. Kaulinan ieu ngalibatkeun sakelompok barudak saingan pikeun ngudag pamaen anu jadi 'lutung' atawa monyet'
Cara maena cukup basajan. Samemeh kaulinan dimimitian. Saurang pamaen bakal ditunjuk salaku 'lutung' atawa monyet.
Pamaen anu jadi 'lutung' bakal lumpat bari nyekelan kaen panjang anu ditalian Dina cangkengna. Sagedengen eta pamaen sejen bakal nyoba ngudag 'lutung'.
Tantangana Aya Dina kalincahan 'lutung' ngabobodo pamaen sejen ku cara ngalengkah ganjang sarta ngarobah arah. Bari ngajaga kaen anu dicekelana.
Pamaen anu junun nyekel ku 'lutung' satuluyna diteruskeun babak berikutna.
19. Pelak cau
Pelak cau nyaeta kaulinan tradisional anu asalna tina budaya Sunda. Katelahna 'cau pelak' Atawa 'lakcawan'. Pelak cau nyaeta kaulinan anu ngalibatkeun kaparigelan ngalungkeun Jeung newak hiji barang anu wangunan siga bal, tapi dijieuna tina bahan anu Hampang. Kaen dianyam jadi bal leutik.
Cara maenkeuna cukup sederhana. Bal lampu dialungkeun ti salah saurang pamaen Ka nu sejen, sarta pamaen ditugaskeun nyekel bal ku maranehna. Tujuan utama kaulinan nyaeta pikeun ngajaga bal ragrag Kana taneuh, sarta ngirimkeun Ka pamaen sejen ku cara nyekel Jeung maledog deui.
Pelak cau lain Ngan saukur kaulinan hiburan, tapi merlukeun keahlian koordinasi leungeun Jeung Panon awas. Ieu kaulinan mindeng dimaenkeun ku barudak di kampung minangka hiburan Dina acara - acara adat saperti hajatan karyaan Atawa festival.
20. Ngadu kaleci
Ngadu kaleci Atawa sok disebut 'ngadu mares' nyaeta kaulinan tradisional nu kakoncara di Indonesia pangpangna dicoo ku budak tapi ketang kolot Oge Aya anu sok hayang miluan Jeung papada kolot deui.
Kaulinan ieu ngalibetkeun kaleci kelereng salaku objek sasaran anu dianggo pikeun maen.
Cara maena basajan : pamaen diuk sabudeureun bunderan Atawa wewengkon nu tangtu kalawan marmer maranehna. Satuluyna pamaen barudak tea ngalungkeun kaleci sewang - sewangan Ka tengah bunderan.
Tujuanana nyaeta pikeun meupeuskeun kaleci lawan ku cara ngalungkeunana. Sangkan kaleci lawan mumbul Atawa katepak katodel ku kaleci pamaen sejen.
Pamaen anu hasil ngarecah marmer lawan bisa meunang marmer anu ruksak.
Kaulinan ieu lain Ngan saukur nguji keahlian ngalungkeun marmer, tapi Oge butuh strategi Jeung meneran Dina ngalungkeun pikeun ngahontal ngadongkang kaleci lawan.
Ngadu kaleci nyaeta kaulinan anu pohara populer di Indonesia pangpangna barudak. Sanajan teu kakoncara saperti sababaraha dekade kaliwat. Kaulinan ieu masih dimaenkeun di sawatara wewengkon sarta mindeng diilukeun Dina kagiatan tradisional di sakola Atawa acara masyarakat pikeun ngalestarikeun kaulinan tradisional.
21. Luncat Tali
Luncat Tali nyaeta kaulinan anu geus dipikawanoh di Indonesia. Sarta Oge di Sagala rupa Nagara di sakuliah Dunya. Kalawan rupa - rupa Ngaran lokal saperti skipping rope Atawa jump rope Dina bahasa Inggris.
Ieu kaulinan anu ngalibatkeun luncat tali make tali anu dicekel ku duaan Atawa leuwih jalma Dina tungtung tali dicekelan. Sedengkeun pamaen sejena luncat ngaliwatan tali sakumaha anu dipancal manteng.
Kaulinan ieu biasana dimaenkeun ku barudak
Sarta bisa diluyukeun ku rupa rupa variasi.
Dimimitian luncat basajan saperti luncat Dina tali sakaligus dibarengan dua suku. Nepi Ka gerakan anu leuwih kompleks hese gabungan laju luncat Dina hiji suku, luncat ka tukang. Atawa luncat Dina pola anu tangtu.
Skipping rope lain Ngan saukur kaulinan anu pikaresepeun tapi Oge ngabantuan ngamekarkeun kaahlian motorik , koordinasi kaparigelan Jeung daya tahan stamina.
Lian ti eta, kaulinan ieu bisa dicoo sosoranganan Atawa babarengan kelompok.
Kukituna promosi interaksi sosial Jeung gawe babarengan diantara pamaen.
22. Jajangkungan
Jajangkungan nyaeta kaulinan tradisional anu asalna ti Jawa Barat, Indonesia.
Ieu kaulinan biasana dimaenkeun di wewengkon anu lega saperti lapang Atawa tempat terbuka sejenna.
Cara maen jajangkungan ngawengku sakelompok barudak Atawa pamaen anu nangtung Dina bunderan. Sedengkeun saurang Atawa leuwih pamaen anu Aya di tengah bunderan anu ngajagana.
Pamaen anu ngajaga di tengah - tengah bunderan bakal nyobaan ngagulingkeun Atawa nyekel pamaen sejen nu aya di luar bunderan.
Pamaen di luar bunderan nyoba ngaliwatan tengah bunderan tanpa katewak ku anu ngajagana. Maranehna ngajalankeun sarta spin sabudeureun bunderan kalawan tujuan teu meunang katewak.
Kaulinan jajangkungan ngalibatkeun gancang lincah Jeung strategi Dina ngabobodo nungajagana ngarah hasil ngaliwatan bunderan tanpa katewak. Lian ti mangrupa hiburan . Kaulinan ieu Oge mantuan mekarkeun kaahlian motorik. Pon Kitu deui promosi interaksi sosial Jeung gawe babarengan diantara pamaen.
Ieu kaulinan mindeng dimaenkeun di masyarakat Atawa malah di sakola salaku bagean tina kagiatan rekreasi sarta olahraga tradisional, ngabeungharkeun ku rupa - rupa kaulinan nu diwariskeun ti generasi Ka generasi.
23. Ngajajar tilu/jarlu
Ngajajar tilu Atawa jarlu nyaeta kaulinan tradisional anu asalna ti budaya Sunda.
Ieu kaulinan biasana dimaenkeun ku barudak lembur padesaan Atawa Dayeuh kota anu masih ngalestarikeun tradisi budaya lokal.
Dina kaulinan ngajajar tilu. Aya tilu urang Atawa leuwih anu ngawangun hiji tim.
Unggal tim boga tilu tugas nyaeta 'ngonjong' 'ngaleutik' Jeung 'gegelang'
Ngonjong nyaeta Badega anu nangtung di tengah. Anapon ngaleutik Jeung gegelang nyaeta pamaen hareup Jeung tukangeun ngonjong.
Prak prakan kaulinan dimimitian ngaleutik Jeung gegelang nyoba ngadeukeutan Atawa ngaliwat ngonjong tanpa keuna ku ngonjong.
Ngonjong nyoba nyekel salah sahijina.
Lamun salah saurang pamaen keuna Atawa diantel keunakeun ku ngonjong, mangka minangka kalungguhan maranehna bakal robah.
Kalincahan kagancangan kamampuhan strategi nyingkahan ngonjong mangrupakeun konci utama Dina kaulinan ieu
Ngajajar tilu lain Ngan ukur hiburan, tapi Oge ngajarkeun koordinasi, reaksi cingceung, Jeung ngawangun gawe babarengan antara pamaen.
24. Beklen
Beklen nyaeta kaulinan tradisional nu asalna ti Indonesia, utamana tina budaya Sunda di Jawa Barat.
Kaulinan ieu ngalibatkeun hiji objek digulung make lawon Atawa benang anu ditarik pikeun ngabentuk pola anu tangtu.
Cara maen beklen basajan pisan. Pamaen bakal maledog objek Buleud Ka luhur satuluyna newak deui nuturkeun aturan nu geus ditangtukeun. Mindeng make lawon Atawa benang anyaman Dina cara Kitu.
Pola anu dibentuk ku lawon atanapi benang bisa rupa - rupa.
Jeung Aya unak Anik gerakan anu kudu diturutan ku pamaen nalika nyekel deui objek Buleud.
Hanca.........
Komentar
Posting Komentar