awak meni karasa beurat beurat teuing kunaon ieuteh


Beban hirup


+ Awak meni karasa beurat beurat teuing Kunaon ieu teh? Heran 

 Padahal uing mah begang leutik jangkung hampang.

- lain awak anu beurat tapi pikiran maneh, bangbaluh beban hirup meureun sakitu loba na teu katanagaan ripuh Matak beurat.



Bansos


Gorombolan lauk pating kocepat hareureuy gogonjakan silih simbeuh silih udag patarik tarik lumpat eh ngojay marawa KK &  KTP.

Sieun teu kaagehan cenah dina nyanghareupan pemilu rek muru Imah ketua RT anu keur ngabagikeun bansos.


Pasanggiri


Saurang biduan kontes nyanyi ngadat ngamuk Ka dewan juri. Gogorowokan geus beak dengkak ngaluarkeun Sora sakitu tarikna nepika beak cape ngadadak peuyeuh.

Sabab manehna teu mayar duit pendaftaran.

Maksa nyanyi sorangan di panggung tuluy

Ku panitia teu dibere nginum nginum acan.



Pajero


Lamun panumpang anu naek Kana mobil pajero pinuh loba pajejel. Hayang milu Kabeh ngarah kabawa.

Pajarkeun betah ngageleser tiis nyelecep hawa ac diuk tumaninah.

Moal atuh nuaya kalahka kaangseu ngahiliwir bau kesang tujuh rupa. Pajero diganti ngarana jadi padedet dijero. moal ngeunaheun Duk dek heurin hese hitut hitut acan.


Kolor Abah vs color TV


Naon bedana kolor Abah Jeung color TV?

Ari kolor Abah mah deukeut logor morosot sawarna tanpa motif dicekelan leungeun. 

Lamun color TV mah pageuh ditunda di bufet jauh loba warna gunta ganti di oper oper ku remote. 


Nasi


Salian ti nasi kuning, nasi timbel, nasi kebuli, nasi uduk, nasi naon anu pangalus alusna matih Rahayu pikeun lumangsungna barokah kasalametan hirup?

Nasi_hat kedua orang tua 


MBK


Ibu ibu anu keur ngariung ngalobrol dina golodog Imah pating burisat ngejat ngaleos. Kadenge sora budak leutik leumpang bari nyarita MBK MBK dititah meuli Ka warung ku indungna. Samaruk ceuli ibu ibu mah datang patugas bank emok rek nagih angsuran bulanan. Padahal MBK ieu mah singgetan Tina Mengatasi Bau Ketiak paranti kelek ngarah seungit.


Nitip 


Sarengse akad nikah beres kalayan sah lancar. Panon panganten awewe rambisak kagagas ngemplong anu dicita citakeuna laksana.

Bapa panganten awewe cengkat nangtung ngaharewos ngadeukeutan ditompokeun Ka ceuli panganten lalaki minantuna nyarita pokna " dititipkeun budak bapa Ka hidep omat urus talingakeun boh nafkah lahir reujeung batin. Sakalian pangmayarkeun cicilan motor geus kaliwat jatuh tempo, bapa teu boga duit koredas pisan apan beak dipake ngalaksanakeun hajat.


Pacilingan


+ "Naon sababna balita pantaran umur tilu Taun lamun kabeneran nempo bapana Keur dahar ngadadak si balita Ujug ujug Bebeja Palay EE hareupeunana?

- " lantaran meureun ceuk pikiran balita anu keur dahar teh lain bapana tapi Pacilingan tempat miceun kokotor dubur

       

Mirip


-   "Naha budak teh  ngala  Ka bapana mirip"

 -  "wajar atuh ngala Ka indung atawa bapana Mah apan sacitakan. Tapi lamun budak teh Persis beungeut tatanggana, Komo deui 

Siga pisan urut kabogohna tangtu curiga".



Yap milu


Udin kabogoh Eva, sedengkeun Erna Babaturana Eva. Malem Minggu rencana Eva diapelan ku Udin.

Teu Lila torojol Udin datang Ka Imah Eva bari gigireuna Aya Erna. 

Tuluy Eva nyarita Ka Udin " I love you"

Udin nembalan ngayakinkeun nanya Ka Eva " you love me?"

Erna Ngan saukur bisa ngabandungan Hulang huleng can boga kabogoh.

Eva karunyaeun Ka Erna pokna

 " Yap milu nam"


  Bercocok tanam

   

Barudak jaman kiwari ABG pating cikikik nyerengeh surti apal Kana istilah bercocok tanam.

Sabab baheula bercocok tanam

Milik Patani lamun rek tandur melak pare. 

Ayeunamah lain, bercocok tanam ngandung harti lemes kikituan cenah hubungan suami istri alias sapatemon sosonoan.



 Ngaran group band ku angka


Arman = sebatkeun group musik numake angka?

Komar = avenged seven fold

Edi        = dewa 19

Ujang   = trio macan, duo srigala


  Birit


Saurang guru keur nerangkeun basa Sunda Di kelas . Kecap birit Anu Kahiji Hampang Birit Hartina daekan dititah. 

Anu kadua  beurat Birit nyaeta embung Dititah kedul.

Tuluy Asep, salah saurang Muridna mere conto kieu celengkeung

Nyarita, " terbirit birit lumpat karena Bokong na burut.




Caah satia


Di kamar kasampak aki jeung Nini layeut geugeut keur silih oconan bangun embung papisah rek satia. Sedengkeun di luar hujan badag dor Dar gelap. Pret ngadadak lampu pareum poek ngalantarankeun aki cape tunduh langsung sare ngaguher balas gawe sapoe jeput. Nini sarua ngedeng milu sare nuturkeun si aki. Padahal imahna geus Ka keueum ku cai motah ngagulidag caah badag. 

  

   




Komentar