aya sababara hiji warna dina basa sunda. sabenernamah loba pisan teu kaitung.
timimiti warna umum nepi ka semu atawa mirip saeutik campuran lain warna murni.
dina basa sunda minangka warna turunan gradasi tingkatan anu disarupakeun kana
bungbuahan sasatoan atawa benda
.
Beureum = merah
Beureum burahay = merah merona
Beureum ati = merah marun
Kayas = merah muda (ping)
Beureum getih = beureum
darah
Beureum hui = beureum boled
Beureum jambu = beureum saperti warna jambu
Bodas = putih
Bodas nyacas = sangat putih
Bodas kolot = putih tua
Bodas saulas =
rada bodas
Bodas koneas = putih pucat
Bodas pias = putih pudar
Bodas endog =
putih telur
Bodas tulang = putih tulang
Hideung = hitam Hideung cakeutreuk /
hideung lestreng / hideung meles = hideung poek
Hideung muda = hideung ngora
Hideung santen = warna kulit hitam manis
Hideung lagedu = hideung kotor kebul
kuleuheu
Hideung leutak = hideung lumpur belok
Hideung taneuh = hideung tanah
Kopi tutung = coklat kolot
Kopi = coklat
Bulao = Biru
Bungur = gandola, ungu
Konéng = kuning
Konéng umyang = koneng caang
Konéng sahéab = koneng ngora
konéng
tua = koneng kolot
Koneng Ngora = koneng muda
Konéng gedang = oranye
Koneng
Buruk = koneng busuk
Koneng pias = koneng pucat pasi
Koneng Saulas = rada
saperti koneng
Koneng gedang asak = koneng pepaya matang
Koneng gading = kuning
gading
Gandaria = Jingga
Cokelat = coklat
Kulawu = abu abu
Héjo = hijau
Héjo ngora/ héjo pucuk cau = hejo ngora
Héjo botol = hejo botol
Hejo endog meri = hejo saperi endog meri
Hejo melon =
hejo saperti buah melon
Héjo ngagedod = hejo pisan
Hejo meujeuhna = hejo cukup
teu loba teuing, teu kurang
Hejo saulas = hejo sajorelat saliwat
Héjo carulang =
warna hejo urat dina kulit
Héjo tai kuda = hejo army
Hejo abri = siga saragam
tentara
Pérak = silver
Hawuk = abu
Geuneuk = abu kolot
Belang = kombinasi dua
warna atau lebih
Totol-totol = polkadot
Carambang = warna bulu ayam hitam campur
putih
Renggé = warna bulu hayam hideung saperti cele
Bulu hiris = warna hejo
saperti bulit kulit buah hiris.
dina basa Sunda aya oge disebut semu.
Contona
semu hideung, semu konéng, semu héjo, jeung sajabana. Semu hartina rada . Semu
hideung = rada hitam atawa hideung saeutik.
Dina basa Sunda oge aya ngaran warna
biasa nuduhkeun kana warna benda,
contona Beureum bata = beureum siga bata warna
beureum
Beureum cabé = beureum siga warna cabe
Héjo pucuk cau = hejo saperti
warna pucuk daun cau
Héjo botol = hejo saperti warna botol, jeung sajabana
katerangan warna saperti euceuy {amat sangat}, nyacas {sangat}, meles
{legam}, saulas {agak}, ngagedod {amat sangat}...................................................................😊👍👌.....
Komentar
Posting Komentar